Salah saurang guru anu kawilang galak meueusan di SMPN 3 Kota Sukabumi nyaéta Pa Éman Sulaéman. Disebut galak kusabab tara kapalang jeung kagok nyarékan pamilon atikan anu badeur. Tara ari nepi ka neunggeul mah, ngan kekecapan Pa Éman nalika nyarékan sok leuwih peureus alabatan diceprét ku panggaris/jidar.
Pa Éman ngatik Basa Sunda jeung Basa Indonésia. Kitu geuning guru mangsa harita mah ditungtut kudu parigel, hartina aya sababaraha guru anu kudu mampuh ngajar sababaraha bidang studi. Sok sanajan aya guru anu khusus ngatik mapel anu tangtu, biasana guru senior mah kudu bisa ogé ngatik mapel séjén ka para murid.
Umpamana, Bu Anik Sutanti mah mémang khusus ngajar Matématika. Tapi Pa Éman bisa ngatik Basa Sunda di Kelas 1, ngajar Basa Indonesia di kelas 2 jeung 3. Bisa disebut polymath ogé. Guru séjénna saperti Pa Abad Sasmita mah komo, bisa kana IPS, Matematika, Fisika, jrrd.
Pa Éman pituin urang Bandung, ngan sanggeus diangkat PNS jeung ditempatkeun ngajar di SMP N 3, antukna ngumbara ka Sukabumi jeung kulawargana. Geus ilahar geuning dina taun 80-90an mah, PNS téh bisa dipindahtugaskeun ka kota séjén, atawa mémang ditunjuk tugasna di kota séjén. Kitu meureun, ngaranna ogé ngabdi ka nagara, kudu siap ditempatkeun ku nagara sok sanajan jauh jeung lembur pituin.
Pa Éman dikaca mata anu rada kandel. Nalika ngajar teu weléh sabari ngudud. Haseup mulek kaluar tina bahamna nalika nerangkeun jejer Basa Sunda. Béda jeung mangsa kiwari, aturan atawa régulasi ngalarang warga sakola, kaasup guru, ngajar sabari ngudud.
Ngan anéhna, baheula mah euweuh aturan jeung régulasi samodél kitu. Guru bisa ngudud di kelas padahal keur ngajar, tapi anu jadi pamilon atikan atawa murid tsra kumawani pating kelepus di jalan.
Murid anu kawilang bandel oge nalika ngudud téh biasana sok sabari susulumputan. Kanyahoan ku guru anu sok ngudud ogé geus pasti meunang persénan, biasana dicabok atawa ngabersihan jamban.
Bandingkeun jeung kiwari, guru samodél Pa Eman anu biasa ngajar sabari ngudud geus moal aya. Tapi barudak satepak, malahan para pamilon atikan SD geus katarénjo pating kelepus ngudud sabari nembrak, geus teu sieun deui ku jadi guru jeung kolotna. Sok komo geus nincak umur SMP, barudak mangsa kiwari ngarasa geus bener-bener sawawa.
Aya kalimah, pindah cai pindah tampian. Paribasa ieu sabenerna nuduhkeun sangkan masyarakat Sunda adaptif, bisa nyaluyukeun diri jeung kaayaan. Lain hartinya barudak kudu adaptif, kusabab jamanna geus kawas kieu tuluy kudu pipilueun.
Buktina dina taun 90-an, sok sanajan Pa Éman ngudud tapi anu jadi pamilon atikan teu nyonto ngudud tuluy nyieun alesan: Ah, da Pa Éman ogé ngudud.
Dina cara meunteun, Pa Eman bisa disebut guru anu obyéktif. Méré peunteun dumasar kana dua hal, kamampuh akademik jeung karakter pamilon atikan. Nya, teu jauh jeung mangsa kiwari.
Ngan keukeuh baé cara nganiléy atau meunteun mangsa harita mah leuwih seurieus, langka aya peunteun anu dikatrol. Risiko keur siswa anu peunteunna leutik sok komo dibarengan kedual sakola, nya teu naék kelas.
Atikan mangsa harita, jugana ku para pengamat modérn mah disebut kuno, anu matak maranéhna nyieun aturan samodél kiwari. Peunteun para pamilon atikan ditérékél-térékél, minimal sarua jeung KKM.
Sakola anu sakuduna némbongkeun obyéktivitas jeung sikep jujur, antukna kapaksa ngalakonan hal anu patojainyah jeung niléy édukasi sumanona nyurup jeung tujuan pangajaran mah.
Galak jeung meditna Pa Éman dina méré peunteun mangrupa pecut, sok sanajan peureus tapi ngandung atikan sangkan barudak bener-bener merih. Da memang sakudunan kitu, keuna ku paribasa moal ngarih lamun teu ngarah.
Tiap hal miboga konsékwénsi jeung tanggung jawabna séwang-séwangan. Lamun hayang nuluykeun sakola ka SMA nagri nu dipikahayang, nya kudu soson-soson dina diajar sangkan peunteun alus, tuluy NEM gedé bisa jadi modal daftar ka sakola nagri.
Posting Komentar untuk "Guru: Pa Éman Sulaéman"