Ilustrasi: Ruang Belajar |
Mémang karasa ari jadi jalma bodo mah. Sering katipu jeung dibobodo ku batur. Ngajual sawah sapuluh are anu sakuduna pihargaeunna téh Rp. 250.000.000-eun, ngan dibayar Rp. 1.000.000 sa-arena ku anu meuli. Lamun pareng keur usum panén bonténg, cacim, kol, cabé, jeung hasil tatanén anu séjén, teu burung ditipuan ku tangkulak anu meuli, da puguh teu nyaho jeung apal-apal acan kana angka jeung nomer dina kiloan. Anu sakuduna beurat bonténg dina kiloan téh 20 kg, deur ku tangkulak mah disebutna téh 12 kilo. Bisnis jeung usaha kana nanaon ogé tara untung, anu puguh mah ninggang dirugi jeung rugi baé. Kitu anu kapikiran ku Cép Lukman.
Rék ngalamar gawé ka kantoran? Jigana moal aya perusahaan atawa kantor anu daékeun narima ka jalma anu buta aksara mah. Apan syaratna digawé dikantoran mah lolobana kudu geus sarjana. Paling banter jadi kuli atawa buruh kasar anu buruhannana teu sarimbag jeung késang boh tanaga anu dikaluarkeun. Rugi jadi manusa bodo mah.
Rék ngalamar gawé ka kantoran? Jigana moal aya perusahaan atawa kantor anu daékeun narima ka jalma anu buta aksara mah. Apan syaratna digawé dikantoran mah lolobana kudu geus sarjana. Paling banter jadi kuli atawa buruh kasar anu buruhannana teu sarimbag jeung késang boh tanaga anu dikaluarkeun. Rugi jadi manusa bodo mah.
Meureun dina enyana ogé lamun ngalamar ka hiji perusahaan ngan saukur jadi pangéjékan batur. Ijazah ogé teu SD SD acan apanan Cép Lukman téh. Ngan ari kana hurup Arab mah rada meueusan da baheula nalika keur leutik kungsi ngaji ka Haji Huro pangasuh Pondok Pasantren Al-Magribun téa.
Kabita manéhna mah ku Jang Oban anak Mang Ohi. Najan masih kénéh sok ngenyotan Susu Coklat dina endot tapi teu burung katarima gawé di PT. Ceukay Gajleng, hiji perusahaan gedé milik salah saurang pangusaha sukses di Kota Jakarta nyaéta Raden Soma Miharjawisesa. Meureun ari gawé di perusahaan gedé samodel kitu mah moal hese-hese teuing dahar. Éta wé, Jang Oban kakarak sabulan digawé geus kabeuli Motor Badag anu mérékna Ninja. Moal jadi panghinaan anu lain ongkoh lamun geus gawé mah. Da geuning jalma zaman kiwari mah nénjo ka jalma téh lain saukur kana eusi huluna, tagog, jeung rupa, ogé kana eusi dompétna.
Geus aya kana sataunna di Kampung Cihérang hiji sakola PKBM Pakét A, B, jeung C ngadeg. Anu jadi pimpinan di éta lembaga pendidikan téh nyaéta Kang Kardi, S.Pdi. Euyeub pisan para kaum ibu jeung barudak anu teu mampu nuluykeun sakola ka SMP jeung SMA sarakola di éta PKBM. Malah sababaraha bulan ka tukang, éta sakola geus meunang bantuan Komputer jeung internet ti pamaréntah. Cép Lukman meni hayang ngarasaan nyekel jeung ngoprék komputer siga batur. Sakapeung sok keuheul kana panghina ti Si Kemed anu nyebutkeun, “ Hahay… hari gini ga bisa maca, kelaut aja kale!” Panghina éta pisan anu méré sumanget ka Cép Lukman , manéhna boga patékadan najan umur geus 45 taun ogé, euweuh alesan keur manéhna kudu teu daék sakola. Embung disebut jalma bodo, embung ditipuan baé ku batur.
Wanci haneut moyan, nalika para patani geus indit ka sawahna séwang-séwangan. Cép Lukman geus dangdan, rapi, buuk luis dibetel, kacamata minus 5 dipaké, stelan baju hideung jeung calana coklat. Anu jadi pamajikanna nyaéta Ceu Ebah ngan bisa kerung, teu tara ti sasari atuh, da biasana mah wanci haneut moyan téh pagawéan anu jadi salakina nyaéta ngadon ngajentul di pipir imah bari maraban hayam jeung meuri. Anakna nyaéta Ujang Kirman ogé eelengehan waktu nénjo anu jadi bapana maké stelan kitu téh. Bangun rék dines pisan.
“ Apa téh arék sidang istiméwa di mana?” Tanya Ceu Ebah bari ngakeul sangu dina dulang.
“ Heuh ieu mah, salaki téh rék sakola deui ka Pakét A. sidang Istiméwa nanahaon, déwék mah nalika rapat RT ogé tara kabagéan ondangan!” Pokna bari memener baju.
“ Duh baruuukkk???” Pok Ceu Ebah. “ Alus atuh ari kitu mah, ngan kacipta wé lamun apana maké séragam SD deui.. terus di dasi jeung maké kopéah, ihhh lucu jigana nya, jang!” Tambahna deui bari ngalérét ka Ujang Lukman.
“ Meunggeus ah gandéng. Teu si Kemed teu batur anu ngahina téh. Cacakan pamajikan sorangan ogé geuning ngan ngalédék baé bisana ka déwék téh!” Ceuk Cép Lukman. “ Ujang, mana buku manéh, apa nginjeum heula isukan digantian. Indungna, jual baé endog meuri keur barang beuli mah. Tuh di kandang geus aya kana sapuluhna endog meuri . jual ka warung Ceu Konah. Kadé ulah djual ka warung Mang Ujang, sok sakadaék nawarna si éta mah. Kamari ogé, nawar endog sakodi meni teu kira-kira, maenya ngan nawar 5000 eun! “
“ Enya…!” jawab ceu Ebah tandes. “ Ujang , bikeun kadinya buku manéh…!”
Solongkrong buku tulis diasongkeun ka Cép Lukman.
“ Bilih bade sareng Buku Bacaanna, pa!”
“ Teu kudu…!”
Cép Lukman ngagidig ka jalan rék ngajugjug PKBM Pakét A anu diluluguan ku Kang Kardi, S.Pdi. sabari ngahéot sagala.
Teuing aya naon, dina isuk harita mah di jalan mani pinuh ku jalma. Teu kolot teu budak ngaramékeun sapaparat jalan Cihérang. Cép Lukman asa éra paradah rék ngaliwatna ogé, ongkoh katenjo deui si Kemed, Hansip Ika, Hansip Adut, jeung anu liana keur uplek ngarobrol.
“ Duh aya-aya baé ieu dodoja ari rék milampah kaalusan mah..!” Genrentes hatena. “ Kagok borontok kapalang belang, anjing ngagogok aing lumpat. Diladenan ku déwék mah panghina jeung ieu dodoja. “ Manéhna geus buleud tekad, keukeuh rék ngajugjug ka Sakolaan.
“ Eh.. geuning aya Mister Lukman!” Ceuk si Kemed siga anu ngabagyakeun. “ Euleuh mani parantos rapih, duh éta acuk sareng lancingan meni mecing pisan, acuk hideung sareng lancingan coklat. Bade sidang paripurana kamana atuh pangersa téh?”
Cép Lukman ngajius leumpang teu malire-malire acan ka si Kemed.
“ Kemed tong kitu-kitu teuing atuh ka batur téh.” Hansip Ika nyorongot. “ Lukman… kadieu heula sakeudeung…!” Gorowok Hansip Ika.
Nyaho anu ngageroan lain si Kemed, Cép Lukman ngalieuk.
“ Kadieuuu….!”
“ aya naonnn hansippppppp!” Cép Lukman nyampeurékeun.
“ Kieu… arék naon atuh manéh téh meni maké baju rapih-rapih teuing kitu?” Tanya Hansip Ika. Ari si Kemed anteng ééléngéhan sorangan bari neges-neges Cép Lukman.
“ Kuring téh rék sakola deui!!!”
“ Hehehe…. Teu salah dédéngéan déwék téh, Ika?” Si Kemed pura-pura. “ si Lukman rék Sakola deui?”
“ Heueuh… na salah kitu lamun urang sakola deui!?”
“ Salah atuh. Da sakuduna saumuran manéhna mah lain sakola, tapi kudu geus jadi dosen atawa elit politik ! Ongkohna deui dimana aya sakolaan anu nampa siswa di akhir taun pangajaran. Dasar manéh mah mémang teu ngadahar bangku inpres-inpres acan, ayeuna téh geus ngamimitan ujian Nasional setéh Lukman. Rék sakola ka mana?”
“ Ah kanu deukeut wé, ka PKBM anu dikelola ku Kang Kardi, S.Pdi…”
“ Tuh geura…. Ngacapruk silaing mah. Na teu apal kitu, dina poé ieu pisan si Kardi, S.Pdi téh arék ditéwak ku pulisi alatan nyalah gunakeun duit sakola. Matak ieu ramé ogé apan pulisi keur ngepung sakolaan si Kardi, S.Pdi.”
“ Euh barukk?”
“ Tuh nya ari gaulna jeung éntog baé téh kitu. Apan si Kardi, S.Pdi téh meunang bantuan ti pamarentah duit 70 juta. Lain dijieun rohangan kelas apan ieu mah. Der kalah ngadon ulin ka Dunia Fantasi jeung murid-muridna. Atuh anu jadi muridna téh da lolobana para ibu nya puguh baé atoh diajak jalan-jalan ka Jakarta ku si Kardi, S.Pdi téh. Jung baé ka sakolaan bisi rék mantuan pulisi newak si Kardi , S.Pdi mah.”
Sababaraha urang pulisi geus ngepung sakolaan.
“ Bapak Kardi, S.Pdi silahkan serahkan diri Anda sekarang juga sebelum kami menyerbu, dan menyerang masuk ke dalam lingkungan sekolahan!”
Anu keur diajar maca nulis ngitung, lolobana para ibu ngahodhod di jero kelas. Guru-guru séjén silih lérét. Minangka Kapala Sakola, Kang Kardi, S.Pdi ogé asa reuwas teu puguh.
“ Pa Kardi, S.Pdi…. kumaha atuh ieu téh?” Tanya salah saurang guru anu ngaranna Pa Komar, S.Si.
“ Nya duka atuh… duka anya naon ieu téh?” Kang Kardi, S.Pdi masih kerung, teu ngarti teuing aya naon.
“ Cepat menyerah lah Bapak Kardi, S.Pdi!!!” Ceuk pulisi deui maké megaphone.
“ Cobi, ema Anuh… ema anu kaluar heula. Tegeskeun aya naon ieu téh!” ceuk Kang Kardi, S.Pdi ka hiji siswa.
Keteyep bari rarampéolan Ma Anuh kaluar ti sakola. Manéhna najan nini-nini leumpang muru pulisi anu keur gogorowokan maké mega phone.
“ Euleuh… aya naon nya, dén?” Tanya Ma Anuh.
“ Ema… bapak Kardi, S.Pdi aya di lebet kelas?” Tanya éta pulisi.
“ Aya, dén…!”
“ Wartoskeun… tepangan kitu abdi..”
Ma Anuh ka kelas deui.
“ Pa Kardi, S.Pdi dipiwarang nepangan adén Pulisi…!”
“ Pulisi?”
“ Muhun, pa!”
Kang Kardi , S.Pdi kaluar ti jero kelas. Kakarak ogé kaluar, manéhna geus diburu ku hiji pulisi.
“ Angkat tangan!! Jangan coba-coba bergerak apalagi memberontak!”
Kang Kardi, S.Pdi ngarénjag sataker kebek.
“ Aya naon ieu téh , pak?”
“ Jangan bertanya kepada saya. Nanti saja jelaskannya di kantor!”
Kang Kardi, S.Pdi ditéwak ku pulisi. Regeyeng ditaékkeun kana mobil patroli. Jalma anu aya di dinya éak-éakan gumbira bari ngomong. “ Bener, téwak tah koruptor mah… tuman diantep baé. Nyieun sakola téh lain ngan ukur keur ngamajukeun masyarakat geuning, tapi dijieun ekol keur ngala duit..”
“ Duh gusti, lepat naon atuh abdi téh… naha jadi kieu…da asa teu korupsi sim kuring téh, malah ampun paralun teu gaduh niat ngala artos ku jalan ngadamel sakola…!” Gerentes hate Kang Kardi, S.Pdi bari reumbay ku cimata.
“ Tuh geuning anu sakolana luhur téh kitu. Boga gelar sarjana ngan saukur dipaké usaha nipu ka pamarentah!” Ceuk hansip Adut bari ngalérét ka Cép Lukman. “ Kumaha rék dituluykeun ka sakola téh?”
“ Kuring mah geus buleud tekad. Rék sakola deui. Jeung kuring teu yakin lamun Kardi, S.Pdi korupsi.
###
“ Benarkah Pak Kardi, S.Pdi telah menyalah gunakan uang sekolah?”
“ Tidak. Saya tidak merasa ah..” Jawab Kang Kardi, S.Pdi di kantor pulisi.
“ Ini ada laporan dari masyarakat, katanya bapak Kardi, S.Pdi telah membawa siswa-siswi ke Dunia Fantasi dengan menggunakan uang sekolah yang seharusnya digunakan untuk membangun kelas?”
“ Tidak… saya ke dunia fantasi menggunakan uang saya pribadi… “
“ Mana buktinya?”
“ Bapak bisa membuktikan, jika uang bantuan dari pemerintah itu masih utuh dan ada di dalam rekening Bank… periksa saja ke sekolah.”
“ Oke, Pak Kardi, S.Pdi ikut dengan saya ke sekolah kembali. Jika benar apa yang bapak ucapkan, maka kami akan melepaskan kembali Anda. Tapi jika bohong, tidak segan-segan anda akan dijerat dengan KUHP penipuan!”
Pulisi mawa deui Kang Kardi, S.Pdi ka sakolaan.
Kabeh disaliksik, dipariksa hiji-hiji, mémang euweuh anu disumput salindungkeun. Duit bantuan masih aya dina rekening Bank, malah can cocéng sapérak-sapérak acan.
“ Oke, bapak Kardi, S.Pdi anda memang benar!” Ceuk Éta pulisi mani tiis, siga euweuh kajadianna nanaon. Padahal kang Kardi, S.Pdi asa ragrag martabat nalika ditaékkeun kana mobil patroli bari dilalajoan ku urang lembur.
###
“ Saha mangklukna anu kumawani lupar-lapor bari mitnah nya?” Ceuk si Kemed di warung Mang Ujang, tilu poé tisaprak kajadian ditéwakna Kang Kardi, S.Pdi ku pulisi. “ Urang geus boga dosa gedé, percaya kana fitnah jeung berita bohong!” camuil-camuil manéhna ngadahar géhu.
Katenjo Cép Lukman ngaliwat, geus maké séragam SD ayeuna mah. Baju bodas, calana panjang beureum, di dasi jeung dikopéah beureum. Dina tonggong ngagandong tas.
“ Adik ayo sini dulu, kita belajar ngejah.. I-N-I- G-E-H-U!” ceuk si Kemed teu kireum-kireum ngalédék téh.
Anu diledek teu ngalieuk-ngalieuk acan.
“ Déwék panasaran…. Saha jalmana anu kumawani mitnah si Kardi, S.Pdi.” Pokna deui teuing ka saha. “ Déwék rék maluruh… kudu kapanggih tah tukang fitnah téh.”
“ Makana tong percaya teuing kana berita… lolobana mah wadul jeung diréka-réka. Media massa zaman kiwari téa kos anu hareueuh pabener-bener nayangkeun berita. Halahh… apal déwék mah, ti sagigireun ngaberitakeun téh apan néangan rating ongkoh. Da lamun bener mah, focus wé atuh ngaberitakeun kana kasus-kasus gedé samodel century jeung mandiri. Deur ieu mah ngaberitakeun hal-hal anu lain…” ceuk mang Ujang bari ngasup-ngasup géhu kana wadahna.
Peutingna, wanci sareureuh budak, si Kemed keketrok ka imah Cép Lukman. Kadénge Cép Lukman keur dipapatahan maca ku anu jadi budakna.
“ I-N-I I-B-U B-U-D-I!” kadénge kitu.
Trok…trok…trok… Si kemed ngetrokan deui.
“ Aya naon setéh Kemed. Peuting-peuting ngadon kadieu. Teu katénjo déwék keur diajar!”
“ Sttt… gandéng, ke wé tunda heula diajarna. Baturan déwék ka imah si Kardi, S.Pdi..”
“ Hhh… aing mah. Teu dijalan teu di mamana silaing mah kana ngaganggu téh!”
Cép Lukman daékeun ogé nganter si Kemed ka imah Kang Kardi, S.Pdi. kasampak kang Kardi, S.Pdi keur mariksa hasil ulangan barudak Pakét A.
“ Aeh, kang Kemed… geuning sareng Kang Lukman… mangga kalebet. Aya pikersaeun naon?”
Gék maranehna diuk.
“ Kieu, Kardi, S.Pdi…” ceuk si Kemed bari melenyun ngudud. “ Akang panasaran, rék nanya… kumaha asal muasalna nepika manéh difitnah ku hiji jalma. Da kuring mah curiga, lain sasaha anu mitnah téh, geus tangtu jalma anu aya patula-patalina jeung dunia pendidikan!” ceuk si Kemed, “ Tukang éntog pasti sirikna téh ka tukang éntog deui, kitu nya, Lukman!”
“ Ah siah ngacapruk kamana karep ari geus ngomong téh..” Cép Lukman baketut.
“ Sok ngomong jeung wakca balaka baé ka kuring, Kardi, S.Pdi!”
Kang Kardi, S.Pdi ngahuleung sajongjonan.
“ Ari kanggo Kardi, S.Pdi mah da tos teu aya kaawonan deui, Kang. Atos wé ah anu atos mah. Kardi, S.Pdi mah tos ngabébaskeun da..”
“ eh teu bisa kitu atuh. Sagalana ogé kudu jéntré..”
Kang Kardi, S.Pdi tungtungna ngéléhan ogé.
“ Tah ieu, cobi aos ku kang Kemed. Kardi, S.Pdi téh nampi sérat ieu nalika nampi bantosan.”
Si Kemed maca éta surat.
“ Lukman, ku déwék moal diejah nya. Hahaha.” Si Kemed maca kalayan tartib.
Eusi éta surat téh kira-kira kieu.
“ Bantuan telah diterima oleh PKBM yang saudara kelola. Kita sudah tahu sama tahu, bahwa keluarnya bantuan tersebut tidak terlepas dari usaha kami yang mengupayakan jika bantuan itu datang ke sekolah yang Anda kelola. Sesuai kesepakatan, kami hanya meminta 40% saja dari seluruh uang yang anda terima. Ini untuk operasional kami”
“ Beuhhhhhhh…..!” ceuk si Kemed bari nepak sirah. “ Iraha majuna atuh pendidikan di urang téh, cacakan anu méré bantuan maranéhna, anu nyikat ogé maranehna… “ ceuk si Kemed bari ngasongkeun deui éta surat. “ Alus manéh Kardi, S.Pdi.. bisa nolak. Alus… jarang pisan jalma modél manéh, Kardi, S.Pdi!”
“ Nuhun kang.. Ngan Kardi, S.Pdi mah masih kénéh ringrang ieu téh… jigana taun payun mah sakola téh moal kéngéng bantosan deui..” Pokna bari ngalérét ka Cép Lukman.
“ Ah teu kudu goréng sangka kitu, Kardi, S.Pdi. positif thingking sajah!” ceuk si Kemed. “ Yu ah lukman urang balik. “
Nepika imah, si Kemed muka hp androidna, sajongjonan ngahuleng. Dekul manéhna nulis status dina facebook. “ Kapan ya pendidikan di kita bisa majuuuuuuu….Pretttt ah!”
“ Jigana aing kudu jadi betmen deui ieu mah!” Gerentes si Kemed bari ngagolédag kana ranjang. HP Androidna dikeukeupan. Hawa peuting usum halodo karasa pisan tirisna, nyeleCép kana bangbalung. Dina peuting éta si Kemed ngimpi manéhna diwisuda di Oxford University, maké Toga, malah meunang Yudisium Summa Cum Laud!
KANG WARSA
Posting Komentar untuk "CARPON: PAKET A UNDER-COVER"