GEUNJLEUNG EKONOMI



Dina taun 1937, John Maynard Keynes méré kamandang, “ Balahi anu diakibatkeun ku ngabeledugna Bom henteu leuwih gedé tibatan anu diakibatkeun ku défisitna anggaran nagara.” Ceuk Keynes, salah sahiji hal anu bisa ngabalukarkeun bijilna hiji déprési ékonomi di nagara-nagara nyaéta lamun kawijakan anu dihasilkeun ku éta nagara leuwih condong kana konsumsi pamaréntah tinimbang kudu mentingkeun biaya atawa anggaran keur konsumsi publik dina bentuk pangwangunan idéalisme hiji nagara. Hartina, nalika pamaréntah leuwih mokuskeun anggaran nagara keur kapentingan pangwangunan citra dirina sorangan, tong jauh-jauh babandinganna 60%-40%, anggaran anu katarima ku publik dina bentuk pangwangunan leuwih leutik, hartina anggaran bakal leuwih loba dikonsumsi ku pamaréntah bari teu ngahasilkeun hiji hal anu éféktif.

Mangsa Orde Lama

Keur ukuran Indonésia, lamun nempo kana sajarah bangsa. Moch. Hatta pernah ngabetuskeun lamun anu jadi tulang tonggong kahirupan ékonomi Indonésia téh nyaéta kakulawargaan. Indonésia utamana maju jeung mundurna Indonésia aya dina tanggung jawab rahayatna. Teu salah, lamun dina mangsa pasca kamerdékaan, Nagara leuwih mokuskeun kana pangwangunan ékonomi anu mihak ka rahayat. Antara taun 1945-1958, laun tapi pasti, Indonésia mimiti diténjo ku para invéstor asing. Kahirupan ékonomi mimiti stabil, malah maju ti taun ka taun.

Cilakana, kaayaan anu geus stabil ieu diganggu ku hiji papaséaan politis dina taun 1958. Sataun sanggeus Walanda ngaku kana kadaulatan Indonésia, kaluar hiji konfrontasi politik antara dua Pamaréntah. Konfrontasi politik ieu ngagésér kana anggaran nagara anu asalna mihak ka publik, jadi leuwih mihak kana konsumsi pamaréntah. Pamaréntahan Orde Lama leuwih ngabutuhkeun slogan-slogan jeung jargon-jargon politik anu dibiayaan ku anggaran nagara tinimbang kudu mikiran rahayat. Anu dijadikeun alesan utama nyaéta kajayaan jeung kaajegan bangsa. Aya akibat positif dina kawijakan ieu, nyaéta manggungna harkat jeung martabat nagara, nagara sacara politis dipikasérab ku nagara-nagara séjén. Tapi, kusabab pasar modal beuki tiiseun, balukarna keur kahirupan ékonomi Indonésia- utamana rahayat- jadi hiji balahi gedé. Inflasi gedé-gedéan kaalaman ku ieu nagara. Kahirupan rahayat diudag-udag ku kalangkang kabingung. Biaya jeung anggaran nagara teu saimbang lamun dibandingkeun jeung anggaran anu katarima ku publik dina bentuk nyageurkeun kahirupan ékonomi harita.

Di palataran intérnkonfrontasi politik anu mémang geus jadi kabiasaan di Indonésia ti zaman kolonialisasi kénéh dilakukeun ku Partéi-Partéi politik harita. Nasionalis-Agamis-Komunis, tilutrendsetter idéologi anu mangaruhan kana panggung politik harita. Kabéh aya dina ranah idéalisme séwang-séwangan sabenerna, bari teu apal kumaha sabenerna réalisasi anu nyata keur ngamajukeun rahayat Indonésia harita. Séwang-séwangan partéi politik nunjukkeun jargon jeung slogan-slogan politisna ka rahayat nalika rahayat leuwih ngabutuhkeun pangwangunan ékonomi keur kasugihan hirup rahayat. Tapi, pangaruh jargon politik ieu, mémang geus didésain ku aktor-aktor politik harita, rahayat teu nyadar, malah pipilueun kana caahna politis harita. Ngandelkeun kana partéi politik sangkan bisa mawa nagara kana kaluginaan hirup nalika partéi politik sorangan teu méré konsép anu jelas kumaha carana nyageurkeun kaayaan ékonomi Indonésia harita.

Soekarno ngaluarkeun ide, nagara bakal kuat lamun diwangun ku tilu tihang idéologi: NASAKOM. Keukeuh baé masih kénéh bau politis, da dina konsép NASAKOM ieu teu méré hiji jalan kaluar kumaha carana nyageurkeun kahirupan ékonomi rahayat. Dikaluarkeunna konsép NASAKOM ieu malah beuki nambah kana konfrontasi politik ti partéi-partéi politik anu miboga béda idéologi. Rahayat ogé pipilueun milu konfrontasi jeung rahayat anu séjénna. Mémang, diaku ku sajarah, taun 1955 mangrupa kahirupan démokrasi pang égaliterna di Indonésia. Ngan, ka béh dieunakeun, nalika Soekarno ngabetuskeun Démokrasi Terpimpin, kahirupan ngésér kana Idéologi Démokrasi-Komunisme. Hiji formula anyar anu rek ngagabungkeun antara Démokrasi Amerika jeung Komunisme Soviet.

Partai Komunis Indnesia (PKI) saolah dibéré angin seger. Naon sabab, aya hal anu dihapus kalawan samar dina ide Démokrasi Terpimpin ieu, nyaéta Idéologi Agama. Soekarno seja ngaleungitkeun idéologi agama kalawan samar ku dibetuskeunna Démokrasi Terpimpin ieu, méré kalaluasaan ka partéi-partéi anu ngagem idéologi liberalis, nasionalis, jeung komunis. Ku PKI ieu dianggap mangrupa ladang keur ngawujudkeun idéologina jadi hiji bukti nyata. Rahayat anu keur aya dina kaayaan engap-engapan tibatan dibéré menu anu mundel ku gizi ékonomi, kalah hantem-hamteman dicekokan ku jargon-jargon kaluginaan hirup. Anu dijadikeun jargon mémang kamakmuran rahayat, tapi ngan nepi kana jargon jeung hallo-hallo politis wungkul. Da dina prak-prakanna mah kahirupan rahayat beuki seuseut.

Konfrontasi politik ieu anu jadi lantaran rongkahna anggaran nagara anu leuwih condong kana konsumsi pamaréntah tinimbang digunakeun keur ngawangun rahayat.

Mangsa Orde Baru

Ti taun 1966-1980an, pamaréntah anyar, Orde Baru, nyoba méré formula keur nyageurkeun kaayaan jeung kahirupan ékonomi Indonésia. Pasar modal mimiti nanjeur deui, invéstor asing ogé ngaburudul.Pélita jeung Repélita dijadikeun kurikulum pangwangunan. Mémang, ieu mangrupa hiji hal anu kudu jeung pantes dibanggakeun ku pamaréntahan Orde Baru. Soeharto nepi ka disebut Bapa Pangwangunan. Suhu politik teu panas teuing. Konsumsi anu katarima ku publik leuwih gedé tinimbang keur konsumsi pamaréntah. Teu salah lamun loba rahayat anu ngomong: Ngeunah kénéh hirup di zaman Soeharto, sagala murah. Hartina, subsidi anu dibikeun ka rahayat harita kacida pisan logisna, sabab rahayat miskin di Indonésia mangrupa potrét anu teu bisa disumput salindungkeun.

Ti taun 1977 pamaréntah mimiti ngabijilkeun hiji sikep anu kontrovérsial keur kalangan politik harita, partai anu bisa milu Pemilu ngan saukur tilu. Jadi partéi-partéi kudu ngahiji, geus tangtu dipangaruhan ku idéologina séwang-séwangan. Anggaran nagara anu diserep ku partai-partai politik geus bisa  diminimalisir deui. Ku para politisi mah ieu téh dianggap hiji usaha ti Orde Baru keur ngabiri kabébasan, keur ngabiri kahirupan démokrasi. Ruang gerak keur partéi-partéi anu miboga idéologi Islam atawa Partéi anu rada condong ka “Kenca” diheureutkeun. Ti taun 1980-1998, kahirupan ékonomi Indonésia anu beuki stabil, maju, gedé mawa pangaruh kana kahirupan élit-élit politikna. Politik mimiti mangruhan deui panggung kahirupan Indonésia. Dibetuskeun Mayoritas Tunggal, anu sabenerna konsépna sarua jeung Démokrasi Terpimpin, sok baé bandingkeun naon bédana antara Démokrasi = Mayoritas, Terpimpin = Tunggal, éta- éta kénéh. Mayoritas Tunggal hartina, kahirupan démokrasi mémang dijadikeun rarancang kahirupan di Indonésia, tapi nagara boga power anu kuat keur ngandali kahirupan rahayatna. Kaayaan ieu tangtuna dimanfaatkeun ku kliént-kliént anu aya di sabudeureun kakawasaan.

Hubungan anu harmonis antara patron jeung klien ieu anu jadi sabab rongkahna KKN di zaman Orde Baru. Jalma bisa jadi naon baé, asal deukeut jeung patron. Kahirupan ékonomi mémang stabil tapi, lalaunan konsumsi anu sakuduna dicondongkeun ka publik mimiti dipindahkeun deui jadi leuwih condong kana konsumsi pamaréntah.

Mangsa Réformasi

Geunjleungna kahirupan nagara kaalaman ku Indonésia dina taun1998, transisi politik mawa pangaruh kana krisis ékonomi pang hébatna sapanjang sajarah Indonésia. Lamun dina taun 1958-1966 krisis ékonomi teu mawa balukar anu rongkah kana hal-hal anu séjén, dina taun 1998 mah mawa balukar kana hal anu séjén, ceuk para koméntator mah ieu mangrupa krisis multi diménsi. Krisis sagala widang kahirupan. Partéi-partéi anu teu dibéré kalaluasaan di zaman Soeharto kalaluar deui siga supa dina usum ngijih, breng ti ditu ti dieu, kabéh umaku salaku aktor reformis. Rahayat ogé pipilueun euphoria, hura-hura politik jeung kabébasan anu teu diwengku ku rarancang. Adab, étika, sopan-santun dina kahirupan geus teu dipaliré da ieu mah kabébasan. Ti taun 1998-ayeuna, ku alesan béda faham, nyawa bisa leungit.

Pamaréntahan orde réformasi ( Gusdur-Megawati-SBY) leuwih resep ulin dina ningkatkeun pamor jeung citra diri. Konsumsi pamaréntah digedékeun deui, malah aya sababaraha assét nagara anu sahamna kapaksa dijual ka nagara séjén keur ngamodalan konsumsi pamaréntah kusabab beuki rongkahna jumlah partéi politik. Pagawé nagara kurang éféktif dina digawéna. Hapus KKN anu jadi jargon réformasi teu bisa dibuktikeun ku pamaréntahan réformasi. Kalah beuki parna. Conto leutik lamun anggaran keur konsumsi nagara leuwih gedé tinimbang keur konsumsi publik nyaéta, lamun gaji Pagawé Nagara ditaékeun geus pasti mawa pangaruh kana naék jeung nérékélna harga-harga barang di pasar. Tapi sabalikna, lamun hiji barang di pasar teu mangaruhan kana gaji pagawé, éta hartina kahirupan ékonomi hiji nagara leuwih gedé dipangaruhan ku pamaréntah jeung anggaran anu digunakeun ku pamaréntah leuwih condong keur konsumsina sorangan tinimbang keur ngawangun rahayatna. Balukarna, sakumaha ceuk Keynes, bakal leuwih rongkah tibatan anu diakibatkeun ku ngabeledugna bom. Wallaahu ‘alaam

Kang Warsa

Posting Komentar untuk "GEUNJLEUNG EKONOMI"