Balandongan Jeung Pangwangunan



Pangwangunan sarua jeung hiji pakakas - sok sanajan teu bisa disebut pakakas-, miboga dua hal. Teu saeutik ogé nimbulkeun ambivalénsi, hiji sisi nguntungkeun jeung dibutuhkeun ku jalma, dina waktu anu sarua bisa jadi ranté nu nalikung ka diri jalma. 

Siga kieu, dina mangsa awal pindahna karuhun urang ka wewengkon Balandongan jeung lembur-lembur nu aya di sabudeureunna, waktu alam masih mertélakeun kitu ayana, can disulap ku anu ngaranna pangwangunan, karuhun urang tangtuna teu kudu hésé hirup alatan hésé barangdahar kusabab alesan beuki heureutna tempat keur pepelakan. 

Waktu harita, karuhun urang tinggal ngahuma, malahan teu saeutik anu ngalap sayur jeung bungbuahan anu mémang geus disadiakeun ku alam.

Kabiasaan karuhun lain nepi ka maranéhna ngajarkeun kumaha carana méakkeun sagala rupa nu disiapkeun jeung geus disadiakeun ku alam. Ogé méré pangajaran ka generasi sanggeusna, kumaha carana ngarawat alam, ngajaga alam sangkan saluyu jeung ngébréhkeun kondisi jeung kaayaan anu sarua jeung nalika maranéhna ngabukbak leuweung jadi hiji kampung atawa lembur pamatuhan. 

Geus teu anéh lamun di buruan imah, tukang imah, jeung sakuriling imah: aki, nini, atawa uyut urang sok rajeun pulak-pelak, arék tangkal leutik atawa gedé, sayuran atawa bungbuahan, ieu mertélakeun hiji tanggungjawab gedé ti karuhun urang keur méré béja ka urang jeung ka generasi ayeuna lamun nu ngaranna ulu-ala kudu dibalés ku sikep urang dina ngajaga ieu alam. Wani nuar kudu wani melak deui.

Dumasar kana panalungtikan ku cara ngobrol jeung sababaraha kolot di wewengkon Balandongan, kurang leuwih ti taun 1990, ngaran Balandongan sorangan asal muasalna disababkeun ku diwangunna hiji imah mangrupa Balandongan di beulah kiduleun pilemburan. 

Ceuk béja ti salah sahiji sumber, imah anu ukuranna weweg tur panggung téh diwangun ku pupuhu lembur anu ngaranna Ama Erpol. Sawaktu-waktu éta Balandongan sok dijadikeun balé rembug masyarakat harita, dijadikeun tempat keur ngarumuskeun jeung ngamusyawarahkeun hal-hal anu aya patula-patalina jeung kamaslahatan masarakat.

Asal-usul ngaran kampung ieu (toponomi), geus méré bukti lamun Balandongan jeung lembur-lembur séjénna teu bisa dipisahkeun jeung anu ngaranna pangwangunan. Saeutik pisan sumber sajarah nu ngaguar, kamana ayeuna anu ngaranna imah badag tur weweg ieu. 

Sawaréh sumber ngabéjér-béaskeun lamun imah nu disebut Balandongan téh dihuru dina mangsa mahabuna gorombolan ngangsreg ka pilemburan dina tahun 50-an. Anu jelas, asal ngaran lembur disebut Balandongan téh kusabab pernah ayana hiji wangunan anu sok dijadikeun tempat rembug ku masarakat harita.

Dina méméh mangsa kamerdékaan, jlug-jleg sababaraha imah jeung wangunan, geus tangtu masih nyirikeun wangunan nu ngadominasi di mangsa éta, panggung. Dina taun 1980-an mah, masih kasakséni ayana sababaraha wangunan nu mintonkeun bentuk wangunan Balandongan awal. Di beulah wétan, deukeut pisan ka masigit leutik Ath-Thahiriyyah ngadeg imah panggung Ma Aum. 

Wangunan ieu méré alesan ka urang, lamun jalma-jalma harita nyieun imah atawa wangunan-wangunan anu séjénna teu bisa leupas tina pangaruh bentuk wangunan utama, tepas imah dijieun lowong, siga dihaja keur tempat ngumpul ngariungna jalma-jalma. Da lain béja, ieu mah éstu kaalaman pisan ku diri kuring, saba'da ngalakonan sholat di masigit téh, sok langsung ngumpul-ngariung jeung babaturan saentragan di tepas imah Ma Aum.

Teu jauh ti imah Ma Aum, tukangeunna pisan, ngadeg imah Ma Uju, dina tahun 1980-an bagéan hareupna mémang geus diréhab, tapi bagéan tukang jeung dapur éta imah masih mintonkeun cicirén imah Balandongan awal. 

Teu jauh ti imah kuring ogé, anu jadi uyut sorangan miboga imah panggung, ceuk carita ti nini suwargi mah, imah téh asalna ku talupuh, ngan dina taun 1975 diréhab, diganti handapna ku bilik hinis. Di Balandongan tengah aya imah Ma Isah (alm), masih kaciri aya sababaraha tatapakan anu nahan éta imah jadi bukti lamun dina mangsa awal saméméh diréhab éta imah masih mintonkeun bentuk wangunan Balandongan awal.

Robahna bentuk bangunan nu dipraktekkeun ku masarakat dimimitian sanggeus mangsa merdéka. Dina taun 1960an, sanggeus rasa kasieun leungit kusabab mahabuna gorombolan, sababaraha imah mimiti diwangun, mintonkeun bentuk wangunan semi Éropa. Disebut semi Éropah sabab mangrupa campuran antara wangunan Balandongan jeung Wangunan Éropa, ayana asilimilasi wangunan. 

Tapi, teu loba jalma anu bisa ngawangun imah anu weweg tur tohaga saperti kitu. Imah anu mintonkeun campuran wangunan Balandongan jeung Éropah masih kawilang langka, di Balandongan beulah kidul ogé ngan aya tilu imah anu bisa disebut wangunan gedong; ciri-cirina sarua, lanté ku téhel, masih ngagunakeun bilik anu dipulas ku kapur, ngan sababaraha tihang geus ngagunakeun témbok, suhunan luhur nyonto kana arsitektur Éropa éra Renaisance. Cirina, salian suhunan luhur, dina wuwung suhunan imah dirarangkénan ku patung hayam jago.

Tahun 1970-1980an, révolusi gedé dina pangwangunan beuki kaciri, sababaraha imah panggung – dumasar kana carita ti anu jadi nini jeung salah saurang kolot- diréhab, diganti ku imah témbok. Lanté diaci ku semen, aya ogé sababaraha imah anu ditéhel; saperti imahna Mang Ja'i (alm) jeung Pa Didi (alm). Aya hal nu kacida matak reueus, sok sanajan imah geus ditémbok, tapi generasi harita teu kumawani ngagunasika komo nuar tangkal anu geus dipelak ku generasi saméméhna. 

Buruan imah masih dipinuhan ku tangkal-tangkal gedé, ngajalur ti mimiti Balandongan tengah nepi ka kidul rupaning tangkal saperti; Sirsak, Nangka, Balingbing, Cengkéh, Jambu aér, Jambu kulutuk/batu, jeung kadongdong. Pager awi ogé dibarengan ku tangkal-tangkal leutik saperti; Hanjuang, Kadongdong, Pepedaan, Paria, Mamangkokan, jeung Ki Beling.

Taun 1980-1985, Jalan Balandongan ti mimiti beulah kaler nepi ka wates lembur Pangkalan can dibalay ku batu. Pangwangunan zaman Orde Baru can rata, can nepi ka lembur-lembur pasisian. Usum ngijih geus pasti jalan anu masih kénéh taneuh téh pasti becrék jeung laleueur. 

Usum halodo sabalikna, ngebul jeung bareulah, untung harita mah masih jarang kasorang ku mobil atawa wahon. Dina tungtung taun 1985 kakara jalan Balandongan diaspal, ku Kades harita dibéjakeun, ieu téh pangwangunan nu dilantarankeun ku GOLKAR, da puguh harita mah Pamaréntah téh sok disebut GOLKAR. 

Kalawan teu langsung, mangaruhan sacara politis ka masarakat harita, lamun jalan hayang dioméan, diaspal, jeung diwangun ku Pamaréntah, masarakat kudu milih GOLKAR.

Ti saprak dibalay ku batu, kurang leuwih 13 taun lilana, jalan Balandongan masih angger mangrupa batu. Ampir 3 kali Pemilu nu ngaranna jalan Balandongan diantep teu dikukumaha ku Pamaréntah Kabupatén Sukabumi (harita mah masih kénéh Kabupatén). 

Alesan utamana, partéy pamaréntah teu nyirenkeun hasil anu signifikan di wewengkon ieu. Diaspal-aspal téh dina taun 1998, nalika dipingpin ku Kades Ukat Sukatma (alm). Masih inget, méméh Pemilu taun 1997, Udin Koswara (Walikota Sukabumi harita) datang ka Balandongan, méré béja, lamun GOLKAR meunang mutlak jeung telak di daérah ieu, Jalan Balandongan geus tangtu diaspal.

Ngan, masarakat Balandongan ogé teu éléh gerak, ku sababaraha warga diusulkeun, " Lamun GOLKAR hayang meunang –masarakat harita ngajangjikeun 80% GOLKAR bisa unggul-, jalan kudu diaspal heula!" . Ditangtang kitu mah pamaréntah Daérah Kota Sukabumi ngabati ngajeten, da tétéla, diaspalna jalan Balandongan lain méméh Pemilu taun 1997 tapi pasca pemilu harita.

Jalan beuki alus jeung leucir, geus pasti mangaruhan kana sababaraha aspék kahirupan. Alat transportasi beuki mahabu, sanajan taun 1998-2004 masih jarang warga Balandongan anu miboga mobil pribadi ari lain angkot keur usaha mah, nu ngaranna motor mah geus mimiti ramé. 

Pangaruhna kana kahirupan ogé teu leutik, ku ayana aksés jalan, masarakat ditungtut sangkan pagiri-giri calik pagirang-girang tampian, paheula-heula néangan nafkah. Tong jauh-jauh, mobil angkutan kota dina taun 1980-an mah lamun ngetém ngadagoan panumpang téh bisa nepi ka sa-jamna, ayeuna mah antara sopir jeung tukang ojég saolah papaheula néangan panumpang.

Cara kudu gancang, mangaruhan ogé kana pola hirup. Keun taneuh dijual ka batur, anu penting kabeuli motor jeung barang éléktronik. Sababaraha taneuh dikorbankeun, di luhurna di wangun imah, sababaraha buruan dituar tangkalna kusabab geus kolot umurna bari teu digantian ku tangkal séjén anu leuwih ngora. 

Rénovasi geus ngawujud jadi révolusi, pangaruhna lain saukur kana kumaha ngarénovasi imah, malahan nepi ka kumaha carana ngarénovasi masjid, sakola, jeung langgar. Masjid Jami Al-Istiqomah dirénovasi, saheuleut reujeung jeung dirénovasina sakola agama. Ka dieunakeun mah Balédesa ogé diréhab. Teu salah, da éta mémang kabutuhan masarakat, jumlah masarakat baranahan beuki loba, meureun masigit ogé kudu dilegaan, lamun perlu ditingkatkeun saperti di Mekah.

Bener, pangwangunan bisa jadi ngawujud hiji raksasa anu ngagalaksak naon baé nu aya di hareupeunna. Teu paduli tangkal dituar, teu paduli taneuh dijual ka batur, teu paduli buruan imah di-floor ku témbok, nu penting aing seubeuh jeung ngeunah. 

Nalika geus aya balahi saperti runtah nu beuki numpuk alatan kabawa cai ti beulah tonggoh, atawa banjir nu minuhan sawah karék di dinya urang mikir, malah sono kana kaayaan baheula sakumaha anu geus ka alaman ku kolot-kolot urang. 

Di dieu pisan urang nganggap lamun pangwangunan téh sajatina bakal ngawujud jadi malaikat jeung bidadari lamun merhatikeun sakumaha anu geus dicontokeun ku anu jadi karuhun, mipit kudu amit ngala kudu ménta, lamun urang tas nuar tangkal, minimal kudu daék melakkeun hiji siki, sabab teu salilana alam bakal nyadiakeun naon baé anu diperlukeun ku urang kalawan instan jeung sagala siap saji.

Posting Komentar untuk "Balandongan Jeung Pangwangunan"