GIRIMIS BUBAR

Geus jadi ciri utama, di pilemburan, dina taun 1980an, lamun aya hajat atawa samen sok nanggap film. Aya nu nyebut layar tancleb, ogé sakapeung mah sok disebut misbar, girimis langsung bubar. Tong jauh-jauh, ti mimiti samen kelas I nepi ka kelas VI Madrasah, ti taun 1986 nepi ka 1992, tiap samen geus pasti hiburan panungtungna direuah-reuah ku acara layar tancleb. Henteu rumasa dosa, rék guru agama, tokoh masarakat, ogé masarakatna sorangan, samen sakola agama ku ngayakeun layar tancleb, padahal teu saeutik film-film anu dipintonkeun téh film nu dibintang fileman ku Kelompok Warkop. Ah, kabéh ogé pada apal meureun, kumaha cara kelompok Warkop ngaékspolitasi artis-artis ku cara nembongkeun pingping? Dosa teu karasa anu dipikaresep, kabéh boh lalaki, awéwé, malahan budak ogé ngalalajoan éta film.

Lain masalah film modél kitu anu rék diguar, tapi hiji transformasi budaya nu diakibatkeun ku can mahabuna média hiburan dina mangsa harita. Dina saparo mangsa taun 80-an, diaku ku sing saha baé ogé, média hiburan saperti TV can asup ka pilemburan kalawan rata. Di Balandongan ogé bisa kaitung ku ramo leungeun, saha-sahana anu miboga TV. Minimna média hiburan ieu nu jadi salah sahiji sabab, bioskop asup ka lembur.

Naha disebut transformasi budaya? Bener, kecap ieu katénjo provokatif pisan, asa hiperbolik teuing lamun kondisi nalika film layar lebar asup ka lembur disebut transformasi budaya. Tapi aya benerna, ku diayakeunna film layar tancleb di lembur-lembur dina tiap kariaan mangrupa hiji tranformasi budaya, jalma-jalma harita mikahayang hiji parobahan sosial dina kahirupanna. Robah dina hal naon? Hiji hal penting nu dilalaworakeun ku sistem pamaréntahan modél orde Baru, nyaéta kacida rigidna pamaréntah dina ngawatesan tiap-tiap média hiburan rahayat. Dina dasa warsa ka 3 pamaréntahan Orde Baru, kawijakan-kawijakan pamaréntah katénjo ngaheureutkeun budayawan jeung seniman keur mintonkeun kréasi seni-na dina pintonan-pintonan saperti drama rahayat samodél ketoprak lamun di Jawa, atawa sandéwara lamun di tatar Sunda.

Sedengkeun, jalma ngabutuhkeun hiji alat atawa média nu bisa muaskeun dirina, salah sahijina nyaéta hiburan. Dina mangsa harita, pamaréntah masih ngameunangkeun gendang penca, jaipongan, jeung kasenian-kasenian Sunda atawa Daérah. Geus puguh ari tiap ngawinkeun mah, masarakat pasti ngadéngé kumaha nang ning nong-na saron degungan. Hanjakal, média-média hiburan samodél degungan jeung kasenian-kasenian Sunda séjénna kurang diperhatikeun ku pamaréntah harita.

Pangwanguna budaya ngan nyabak ranah étika, silih pikahormat, tapi kurang pisan nyabak kana ranah kumaha cara ngahormat hasil kréasi karuhun. Rigidna kawijakan samodél kitu, kalawan henteu langsung mawa pola pikir jalma sangkan nyiptakeun hiburan alternatif, nu moal dicerek ku pamaréntah, salah sahijina ngayakeun layar tancleb.

Hal penting séjénna, bioskop asup ka lembur mangrupa totondén, kahirupan modérn beuki ngabayabah jeung ngahurup pilemburan. Keur ukuran urang lembur harita, lalajo film di bioskop téh mangrupa hiji hal anu kacida pisan mahal jeung mahiwal. Teu kabéh urang lembur pernah lalajo film di bioskop. Antukna, nalika dina kariaan nanggap film layar tancleb téh geus bisa dipastikeun, generasi-generasi 40-50an mah ngabati colohok semu atoh. Teu kudu ka bioskop ogé bisa lalajo film.

Asupna hiburan alternatif samodél kitu, méré tanda utama, ngeunaan hiburan, masarakat di urang mah mémang jagona. Lalajo layar tancleb ti jam 9 peuting nepi ka wanci janari gedé. Bélaan ngampar ngariung sakulawarga di tengah jalan. Sabenerna, aya akibat positif nu katénjo, ku diayakeunna hiburan samodél kitu, geus ngabuka ruang publik anyar, lamun pamaréntah harita bisa ngamanfaatkeunna, kaayaan modél harita bisa dijieun média sosialisasi keur ngabahasakeun naon-naon anu aya patula patalina jeung kawijakan arah pangwangunan Nagara. Tapi, pamaréntah teu merelukeun éta, sabab masarakat haritta masih bisa digiring ku pamaréntah, teu kawas kiwari.

Tapi dina waktu-waktu anu geus tangtu mah, pamaréntah ogé embung éléh, ngamangfaatkeun karesep masarakat harita, iklan jeung sosialisasi Keluarga Berencana dilakonan ku pamaréntah ku cara ngayakeun nonton bareng. Lain layar tancleb tapi film anu diputer ku Video Player. Keukeuh wé, ku masarakat mah hiburan samodél kieu ogé dipikaresep. Malahan teu saeutik tukang obat anu ngajual obat ku cara ngajak masarakat nonton bareng film nu diputer ku Video Player.

Bisa disebut, taun 80-an, salila hiji dekade, mangrupa dekade kajayaanna layar tancleb. Salah sahiji hiburan alternatif nu dipikaresep ku masarakat. Nya kitu, kabéh ogé miboga mangsana séwang-séwangan, dina taun 90an, sakola-sakola jeung jalma-jalma anu hajat geus teu maliré deui kana hiburan layar tancleb. Gantina? Anu ngaran sakola agama asa kurang pantes cenah ngayakeun hiburan layar tancleb atawa dangdutan, nurub cupu pisan lamun samen barudak téh dieusi ku pangajian atawa tablég. Masarakat harita ngawaro, kumaha tokoh agama baé. Nya ti taun 93 tug nepi ka kiwari, tiap samen pasti dieusi ku acara pangajian. Ustadz nu diundang ogé teu kapalang, kyai-kyai ti luar Kota.

Naha hal ieu ngarobah kana budaya masarakat urang nu resep hiburan? Geus puguh da ari nu ngaranna pangajian mah teu bisa ogé teu pantes disebut hiburan. Dina taun éta, 1990-an, kamajuan teknologi keur saharitaeun bisa nyumponan kapereluan hiburan masarakat, TV Berwarna geus mimiti euyeub, disusul ku Video Player, Laser Disc, jeung VCD Player. Anu asalna hiburan saperti film dilalajoan ku balaréa, ngariung salembur, ayeuna mah geus bisa ditongton di kamar séwang-séwangan, asup ka ruang-ruang tamu, teu kudu ngadagoan samen sataun sakali, teu kudu ngadagoan tatangga ngawinkeun budakna, malahan teu kudu mayar karcis ka bioskop.

Dina dekade éta pisan, runtuhna moralitas perfilman di nagara ieu. Sinéas-sinéas ngan bisa ngahasilkeun film-film nu ngumbar syahwat, adegan-adegan ranjang. Maksudna mah meureun keur ngimbangan serangan média TV ku cara ngolo masarakat sangkan daraékeun deui lalajo ka bioskop. Tapi, ku cara mroduksi film-film samodél kitu, film nu can kungsi dijieun ku Sutradara Hollywood méré bukti, sinéas-sinéas di urang mémang keur kaleungitan hal penting dina seni jeung dunia perfiman: Kréatifitas Niléy jeung Kréatifitas Pesen nu rék ditepikeun. Teu kungsi lila ti harita, kabéh bioskop bangkrut di Sukabumi. [ ]

KANG WARSA

Sent from BlackberryMail










Posting Komentar untuk "GIRIMIS BUBAR"