Sajarah jalma, ceuk Karl Jaspers, mangrupa hiji kaayaan nu nepi ka iraha bae oge masih keneh hese ditalungtik, ti mana asal muasalna. Tapi sok sanajan kitu, sajarah kahirupan jalma bisa katenjo tina kumaha beuki udar jeung jembarna budaya jalma ti mangsa ka mangsa. Ieu mangrupa hal nu teu bisa disebut kabeneran, ujug-ujug ayana.
Memang lain pagawean nu gampang keur ngudar kumaha mimitina aya kahirupan jalma. Sanajan dina zaman rasionalisme nalika sagala rupa kudu diudar jeung dijembarkeun kalawan merenah jeung logis, nepi ka danget ieu, logika can bisa nepi kana hal nu sagemblengna ngeunaan asal muasal jalma. Nalika Darwin nulis The origin Of Spicies, geusan ngajawab asal –muasal jalma, keukeuh teori nu diagul-agul ku para epigonna , para darwinis jeung evolusionis can bisa ngudarkeun sagemblengna lamun teori nu dibralkeun ku Darwin bisa ngajawab kalawan pasti asalna ti mana jeung ti mana mimitina jalma.
Keun we, cindekna mah kieu. Kayakinan jalma, mangrupa agama anu ngebrehkeun bebeneran lain kabeneran ayana. Ayana causa prima nu ngatur alur jeung flot sajarah manusia mangrupa hiji kapastian nu teu bisa ditolak ku logika sanajan masih dijadikeun alesan ku jalma-jalma nu mupusti logika positivistic.
Teori Jaspers mere bongbolongan, lamun kahirupan jalma estu aya nu ngatur. Ti mimiti zaman awal (priode pra sejarah), nalika jalma masih gumantung kana alam, pakakas jeung cara hirup jalma masih basajan, komunikasi verbal karek nepika a-i-u, pintonan komunikasi non-verbal ku cara nyieun gambar jeung symbol mangrupa bukti lamun kahirupan jalma beda jeung monyet atawa beruk.
Geus puguh lamun nitenan kumana beuki majuna pamikiran jeung kamandang jalma dina danget ieu. Lamun ti zaman awal nepi ka asupna kahirupan jalma ka zaman sajarah ngabutuhkeun waktu nu kacida lilana, tina mimiti kahirupan jalma anu basajan nepi ka jalma bisa maca nulis ngabutuhkeun waktu 30 rebu taun. Ku zaman ayeuna mah, dina sagala widang kahirupan anu ngaranna kamotekaran bisa robah sakedret netra.
Tapi tong poho, kahirupan jalma zaman ayeuna teu bisa leupas tina pangaruh kahirupan samemehna. Mimiti bralna kabudayaan Mesir Kuno jeung kabudayaan di wewengkon Mesopotamia, teruskeun ku majuna kabudayaan jalma di wewengkon sejen, sok sanajan antara Ramses II, Alexander, Plato, Omri, jeung Numa teu pada wawuh, kaciri pisan kumaha hayang majuna kahirupan jalma mangaruhan kana hasil budaya masarakat harita. Saripatina mah, pamikiran-pamikiran jalma zaman baheula, zaman jalma awal kalawan teu sadar memang diadopsi ku jalma-jalma nu hirup di zaman ayeuna.
Antara hiji budaya , antara kamonesan jalma ti zaman ka zaman, ti hiji wewengkon jeung wewengkon anu sejenna, mertelakeun keur muru hiji mangsa nu disebut globalisasi. Fakta nu tetela ieu dijadikeun hiji hal mutlak. Sakapeung urang sok nyebut lamun kaayaan ieu mangrupa konspirasi Yahudi atawa Zionist dina ngadegkeun hiji nagara universal, Novus Ordo Sclorum. Hiji nagara dunia nu dikandali ku hiji kakawasaan jalma nu leupas tina tetekon kayakinan kana ayana kakawasaan pangeran.
Padahal , rek urang sadar atawa henteu oge, ayeuna keur muru ka hiji zaman nu diistilakeun ku Jaspers mah: zaman nalika jalma aya dina hiji kurva sampurna. Boh dina politik, sosial, budaya, oge ekonomi. Hubunganna? Jalma nu aya dina lengkob kurva sampurna bakal diparebutkeun ku hiji kakawasaan, kakawasaan nu hayang ngadominasi kana kahirupan jalma, kakawasaan nu hayang meuli kamandang jalma. Anu antukna urang sok ngaheulakeun goreng sangka jeung prejudice, lamun kakawasaan eta teh diakibatkeun konspirasi Yahudi jeung kanca-kancana bari urang asup tur ulubiung kana kahirupan nu diciptakeun ku Yahudi jeung kanca-kancana.
Tong jauh-jauh, dina widang politik, lamun numutkeun kana teori Jaspers, kaayaan politik zaman ayeuna geus bener-bener saperti cai nu dibudalkeun terus ngumpul dina lengkob kurva sampurna. Lamun digambarkeun mah saperti kieu:
Lamun nitenan kana gambar di luhur, tetela rahayat bakal diparebutkeun ku sing saha bae nu hayang ngadominasi jalma ku kakawasaan. Ukuran keur ngadominasi di zaman ayeuna, kusabab ceuk Jaspers mah, zaman nalika rasionalitas geus leuwih gede pangaruhna tinimbang ageman hirup nu transenden nyaeta ngolo jalma ku mangrupa hal nu katenjo ku panon lahir. Lamun dina widang politik, naon bae dilakonan anu penting citra jeung image partai alus di masarakat. Cara ektremna, meuli masarakat ku hal nu dipikaresep ku masarakat nyaeta duit. Atuh pantes lamun hiji jalma kudu miboga modal milyaran rupiah keur ngahontal naon anu dipihayang ku manehna, nyekel kalungguhan jeung kakawasaan.
Ku kaayaan kitu mah, rahayat salaku syarat mutlak hiji nagara kusabab nu nyekel Kedaulatan Tertinggiteu dipandang salaku subjek hirup, tapi mangrupa angka-angka nu aya dina data pemilih, jumlah-jamleh nu kudu dibeuli. Tapi, dina waktu anu sarua, rahayat oge geus beuki pinter, teu bisa dibobodo. Hokum pasar jadi ciri utama dina iklim politik samodel kieu. Supply and Demand ngabukti nyata, lamun jalma nu hayang kumawasa bari meunang dukungan anu loba bari parebutan jeung nu lainna maka nilei tawar jeung jual rahayat bakal leuwih mahal. Keur rahayat nu geus pinter mah, teu bisa disaruakeun kaayaan kieu jeung hiji pasar nu kapangaruhan gede ku transaksi-transaksi.
Nu dipika hanjakal ku kuring, nepi ka danget ieu, rahayat bener-bener keur tikelebek dina lengkob kurva sampurna, diparebutkeun ku sing saha bae nu hayang jadi pangawasa, teu dijadikeun salaku subjek, malah dijieun objek saperti barang-barang anu aya di pasar. Balukarna, kahirupan manusia sakumaha ceuk Jaspers- utamana keur jalma-jalma anu aya di Nagara Indonesia- bakal ngumpul dina hiji lengkob kurva sampurna tapi di satukangeun eta maranehna oge aya dina sagara kahirupan nu teu puguh kusabab lieur aya dina galura anu muter, mawa jalma-jalma teuing ka beulah mana tungtungna. Dina kaayaan saperti kieu mah, agama jeung ageman hirup oge kaci dijadikeun alat keur meuli simpati jalma, nu penting kakawasaan kacekel ku hiji leugueun.
KANG WARSA
KANG WARSA
Posting Komentar untuk "Jaman Lengkob Kurva Sampurna"