Lamun niténan salah sahiji Surat dina Qur'an aya nu ngaranna Surat Al-Baqoroh. Ceuk Ustadz Markun, asbaabunnuzulna téh kusabab aya kisah (israiliyyat): hiji jalma dipaténi, terus warga hayang nyaho saha nu maténi éta jalma téh.
Nya , lamun hayang nyaho saha nu ngarogahala jeung ngadangkeun raja pati ka éta jalma, meureun si mayit kudu dihudangkeun deui kalawan dibabuk ku buntut sapi. Lamun Bani Isréel teu bawél jeung loba tatanya mah anu ngaranna SAPI téh moal nepi ka nurugtug kaluar sababaraha syarat: Sapi awéwéna, warna konéng emas, teu kolot teuing teu ngora teuing.
Dina kisah Israiliyyat ieu, mangaruhan ka generasi Bani Israél saterusna, nepi ka dina hiji mangsa boga kayakinan lamun SAPI téh mangrupa pangéran, antukna Samiri dibantuan ku kanca-kancana nyieun patung sapi tina emas, tuluy disesembah ku sawaréhna Bani Israél.
Sabenerna, kayakinan lamun SAPI mangrupa pangéran téh diadopsi ku Samiri tina kayakinan Mesir Kuno. Dina salah sahiji piramida aya hiji patung nu miboga hulu, hulu SAPI. Ceuk sakaol mah ngaranna téh MNEWER,kade lain ngeuwer! Sok dilandih oge Mnevis. Disembah ku bangsa-bangsa nu aya di wilayah Heliopolis/ Kota Matahari. Kusabab Déwa anu pang diagung-agungna téh Dewa Ra (Dewa Panon poé).
Nepi ka diutusna Nabi Isa A.S, sababaraha kota di wewengkon Heliopolis nepi ka wewengkon Filistin masih ngagung-ngagungkeun déwa Sapi nu ngaranna Mnevis. Kayakinan ieu sumebar kamana mendi (teuing ka mana tungtungna), malahah di wewengkon Hindustan mah aya kayakinan lamun Sapi téh mangrupa sato karamat nu darajatna teé leuwih mulia alabatan manusa. Cai kiihna ogé apan sok dipaké sipeunteu ku sababaraha warga masyarakat di éta wewengkon.
Sapi geus jadi populermalah dibancang-pakéwuhkeun ku sababaraha jalma keur méla kayakinanna. Saperti kieu, aya hiji Pendéta, nu nuduh lamun kisah Samiri jeung Musa téh mangrupa hiji anakronisme, nempatkeun waktu nu béda kana hiji kajadian ngeunaan SAPI emas téa. Manéhna nuduh lamun Rasulullah teu apal kana sajarah, manéhna nganggap lamun Samiri nu aya dina Kitab Quran téh SAMARIA (hiji kota nu diwangun Raja Omri, salah sahiji raja ti Bani Israél).
Ieu sabenerna tuduhan nu teu logis. Lamun nénjo kana kontéks Quran, euweuh hubunganna antara Samaria ngaran kota jeung Samiri. Malah lamun urang niténan kalawan jangkep mah, dina Injil kitab Kaluaran aya hiji hal nu kacida patukang-tonggongna jeung kayakinan urang. Ceuk éta Kitab Keluaran cenah mah nu nyieun patung anak sapi teh lain Samiri tapi Aaroon (Nabi Harun). Katénjo di dieu aya hiji konspirasi ti Yahudi keur ngadu dombakeun Nabi Musa jeung Nabi Harun. Apanan, nabi Harun dina Surat Thohaa mah nepi ka dijenggut janggotna ku Musa alatan difitnah lamun nu nyieun patung anak sapi téh nabi Harun.
SAPI dina widang politik ogé geus medalkeun hiji kageunjleungan. Luthfi Hasan Ishaq dicerek ku KPK kusabab kanyahoan kasus suap sapi impor. Keun baé antep bener jeung henteuna mah, fitnah atawa konspirasina mah, nu penting sapi ngan saukur sato nu teu tuah teu dosa. Tapi kusabab kalakuan manusa sorangan éta sapi jadi hal nu nimbulkeun papaséaan. Sok sanajan dina tungtungna mah moal aya adu sapi atawa men-sapi hitamkan.
Kuring yakin, Sapi teu nyaho nanaon,teu apal nanaon, teu paduli arék manéhna disembah, dipeuncit, dikorbankeun, atawa dijieun proyék ku salah sahiji partai politik anu konsern kana PENGGEMUKAN SAPI PADAHAL REK DIPEUNCIT. Sagala rupa ogé bakal jadi matak kusabab leungeun manusa-manusa kénéh. [ ]

Posting Komentar untuk "Sapi"