Aya istilah keur barudak anu ngaji di kobong bari henteu mondok, sok disebut santri kalong. Disebut santri kalong lain pédah liar peuting terus ngampih wanci carangcang tihang. Ngan, aya benerna santri samodél kitu disebut santri kalong. Nyaéta indit ti imah wanci tunggang gunung, terus milu ngaji di masjid sabaa'da ngalakonan sholat Maghrib.
Ngaranna ogé santri kalong, ngalap pangaweruh agama sapacok-pacokna. Éh, tapi teu saeutik santri kalong anu leuwih pinter dina bagbagan agama dibanding santri anu mondok di kobong. Da nu ngaranna ngalap élmu mah teu ditangtukeun ku mondokna urang di kobong. Élmu pangaweruh anu dialap sapacok-pacokna justru nu bisa nerap ka barudak.
Nerapna élmu, ceuk élmu nu aya dina buku/kitab Ta'lim muta'alim mah sareujeung jeung étika atawa sopan santun urang dina ngala éta élmu. Aya adab jeung sopan santun nu kudu dipimilik ku para santri nalika ngalap pangaweruh. Geus pada ngaho kabéh ogé, naon baé adab jeung sopan-santun nalika ngalap élmu.
Étika jeung adab dina nyiar pangarti ieu nu ngajadikeun bédana antara urang jeung para ulama salaf. Dina hal produktivitas ngahasilkeun kitab, karangan, jeung karya tulis baé asa pajauh huma antara urang jeung para ulama salaf. Hiji hal anu penting, para ulama salafdina sajeroning nulis kitab éstu miboga niat anu lempeng, ngarang kitab bébéja hela kanu Maha Aliim, teu nulis kitab kusabab hayang kasohor, komo nepi ka ngajual ayat-ayat Pangéran mah. Buku-buku nu diserat dina kertas éstu diajarkeun ti hiji generasi ka generasi séjénna, lain dipromosikeun saperti urang ayeuna nyitak hiji buku.
Imam Al-Ghazali jeung Ibnu Rusyd bisa nulis nepi ka 60 kaca dina sapoé. Ceuk sakaol lamun mah kabéh seratan éta dua ulama dibukukeun, bakal minuhan hiji perpustakaan. Encan kitab-kitab karya Ibnu Hajar, Ibnul Qoyyim Az-Zaujiyyah, jrrd.
Ku para santri di pondok pasantrén, kabéh ogé éta élmu pangaweruh diulik. Malah diapal cangkemkeun sagala. Teu aneh, lamun dina mangsa méméh kamerdékaan, gerakan Kaum Santri jeung Ulama mangrupa hiji gerakan anu dipikasieun ku Walanda kusabab stérilna pondok pasantrén dina pangaruh-pangaruh politis zaman harita.
Ayeuna geus aya anu ngaranna pondok pasantrén modérn, diadegkeun keur nyurup ka waktu, “ miindung ka waktu mibapa ka zaman.” Aya alusna, ieu dipangaruhan ku Iklim RéstorasiMeiji, ngahijikeun antara hal-hal anu fundaméntal jeung hal-hal anu sifatna témporér kamajuan. Hal-hal konsérvatif dikawinkeun jeung hal-hal kontémporér. Hate ngiblat ka Mekah tapi uteuk ngiblat ka Jerman. Ieu pisan nu dipiharep ku Ziaudin Sardar dina ngaislamisasikeun élmu-élmu pangaweruh. Lain hartina naon anu aya dina buku-buku umum kudu didalilan atawa dicocok-cocokkeun jeung dalil Naqli, tapi kudu méré warna jeung ngalakukeun rékonstruksi pangaweruh-pangaweruh sekular ku hal-hal anu sakral. Ngareujeungkeun émpirik-logik jeung émpirik-métafisik.
Euweuh anu ngaranna dikotomi élmu pangaweruh. Sékulerisme leuwih notogkeun akal dina sagala widang. Élmu kudu bébas tina nilai-nilai ilahi. Ieu seja nempatkeun élmu salaku Pangéran anyar. Nu matak dina jaman Rénaisance, sakumaha nu disebutkeun ku Karen Armstrong: Jalma-jalma ngalihkeun Pangéran anu cicing dina lembaga Gareja kana buku-buku nu dihasilkeun di jero laboratorium-laboratorium. Akal dijadikeun Pangéran anyar.
Sabalikna, puritanisme nganggap lamun élmu nu bodas/putih téh ngan saukur élmu-élmu agama saperti Tauhid, Fiqh, jeung Akhlaq. Pikiran samodél kieu ogé arék nempatkeun Pangéran dina penjara pikiran, saolah Pangéran ngan ukur aya dina mimbar-mimbar suci. Saolah élmu-élmu nu dihasilkeun ku prosés pamikiran jeung émpiris-logis dianggap berhala nu matak ngajak manusa kana kamusyrikan. Padahal teu kitu.
Pikiran-pikiran anu menjarakeun jalma ti abad ka 3-17 M nyaéta, pikiran heureut ngeunaan alam dunya. Jalma teu dibéré kamerdékaan ngagunakeun akal séhatna. Doktrin-doktrin nerap nancleb kana eusi sirah jalma. Bumi nu dianggap salaku puseur tata surya teu bisa diganggu gugat, Teori Géoséntris Ptelomeous nu dicekel pageuh ku lembaga Garéja teu bisa diusik. Malah, dina masalah kayakinan, téori pembébasan jalma-jalma kafir ngan saukur bisa dibébaskeun ku cara ngaleungitkeun pikiran-pikiran logis.
Sedengkeun ti abad ka 17 nepi ka ayeuna, jalma geus dipenjara deui ku pangaweruh-pangaweruh anu dirasionalkeun. Aufklarung di éra rénaisancegeus nyingkirkeun kabiadaban pamikiran Lembaga Garéja, Teori Géoséntris Ptelomeous diruntuhkeun ku Hélioséntris Copernicus. Lamun abad-abad saméméhna élmu leuwih deukeut jeung Pangéran, abad-abad saterusna mah élmu leuwih deukeut jeung Akal ogé obsési manusa. Liberalisasi pangaweruh nu teu diwengku ku hiji rarancang ngabalukarkeun kaluarna pamikiran-pamikiran anu nyerang kana éksisténsi ayana Pangéran. Malahan, kayakinan ogé dianggap sarua jeung évolusi kahirupan. Aya mangsana kayakinan jalma percaya kana hal nu transéndéntalkahapus ku kayakinan logikal.
Anu matak teu héran, kusabab ayana dikotomi élmu, élmu dipisah-pisahkeun, pangaweruh jalma jeung barudak anu diajar di sakola téh lolobana hambar, satengah-satengah, teu miboga pikiran anu jero dina mandang hiji perkara. Pikiran samodél kitu ogé geus merkosa kolot-kolot urang, saolah anu ngaranna pinter teh lamun budak bisa méréskeun jeung ngeusian soal-soal matématika. Di sakola , antukna budak diajarkeun pangajaran-pangajaran anu patukang tonggong antara hiji élmu jeung élmu séjénna. Téori Evolusi diajarkeun sagemblengna, sedengkeun dina waktu anu sarua Guru Agama ngabahas jeung medar lamun manusa téh asalna ti Alloh nu nyiptakeun Adam salaku karuhun jalma.
Di sagigireun éta, kaum puritan ogé ngajarkeun lamun élmu-élmu nu diwajibkeun jeung dimeunangkeun dialap téh ngan saukur élmu agama. Puritanisme ieu mangaruhan kana pikiran para santrina, nepi ka boga anggapan lamun dunia aya dina dua tempat: 1. Daarul Islam, 2. Daarul Harb. Fundamentalisme anu sakuduna diajarkeun dina hal kayakinan, dilegakeun sangkan mangaruhan kana hal-hal sosial. Alesanna, sagala rupa kudu loyog jeung saluyu jeung kitab Alloh, tapi maranéhna sorangan nu nyiptakeun lamun dunia téh dipangaruhan ku sétan-sétan jeung iblis-iblis anu kudu diperangan.
Nu matak, perang arék dina wilayah pamikiran atawa fisik nepi ka iraha baé ogé moal bisa dileungitkeun salila manusa beuki jeung resep kénéh milah-milahkeun jalma, misah-misahkeun pangaweruh. Siga teu kudu disebutna santri kalong keur para santri anu ngaji di pondok pasantrén kusabab teu mondok di kobong. Santri mah santri wé teu kudu dibédakeun kusabab mondok atawa henteuna di kobong. [ ]

KANG WARSA
Posting Komentar untuk "SANTRI KALONG JEUNG DIKOTOMI PANGAWERUH"