Usum Panen

Pasawahan di Kampung Bojongloa, Kecamatan Lembursitu


Naon anu ngabalukarkeun kurang mucekilna hasil panén paré ti mangsa ka mangsa? Kitu meureun anu aya dina jero pikir sawaréhna patani di sababaraha wewengkon di Kota Sukabumi. Geus kana tilu mingguna, wewengkon beulah kiduleun Kota Sukabumi keur nyanghareupan usum panén paré. Di mimitian ku wewengkon beulah kulon ; Pasar Saptu, Bojongloa, jeung Jeruknyelap. Ayeuna geus nepi ka wewengkon beulah wétan saperti Cikundul, Téspong, Baros, jeung Cibeureum.

Hasil panén kurang mucekil? Teu bisa disebut kitu. Sabab, teu saeutik dina usum panén taun ieu, aya sababaraha patani anu kawilang untung dina tatanénna, sok sanajan maranéhna saukur jadi panyawah da makaya sawah batur. Tapi, keur lolobana patani, usum panén taun ieu bisa disebut rada kurang nyugemakeun. “ Biasana, dina sapuluh aresawah téh, bisa lima nepi ka kuintal paré.” Ceuk salah saurang patani. “ Taun ieu mah, ngan bisa nepi ka tilu kuintal.”

Geus kaimpleng pirugieunna. Nyebut rugi  lain hartina teu boga rasa syukur ka Pangéran para patani téh. Da lamun ngitung untung jeung rugi terus dibandingkeun antara jumlah binih paré anu dipelak jeung jumlah paré anu dipanén/dibuat geus tangtu moal disebut rugi. Rugi, kusabab, prosésanu salila ieu dilakonan ku para patani dina sajeroning nyawah jeung tatanén teu saimbang antara naon anu kudu dikaluarkeun jeung naon anu dihasilkeun.

“ ngulikeun macul, ngabaladah, tandur, jeung ngarambét baé geus moal katutup lamun saukur  ku ngajual paré.” Ceuk salah saurang panyawah di Cikundul. “ Komo harga bérak. Wah, bener-bener geus katénjo kumaha rugina patani dina usum panén taun ieu.” Manéhna nambahan.

Asa ku teu kabeneran deui, panén taun ieu waktuna téh bareng jeung usum ngijih. Geus pada nyaho kabéh ogé, dina usum ngijih mah harga paré sok turun, turunna téh nurugtug. Anu biasana 250.000 – 350.000 sakuintal, dina usum ngijih mah ngan ukur nepi ka harga Rp. 175.000,- sakuintalna. Harga paré dina usum ngijih pajauh pisan lamun  dibandingkeun jeung harga jual paré dina usum katiga.  Nya, anu diuntungkeun mah biasana rék usum ngijih atawa halodo ogé ari dina usum panén mah geus tangtu para tangkulak. Maranéhna anu teu apal kumaha panasna awak katojo ku cahaya srangéngé, bobolokot ku leutak, capéna ngabaladah, sakumaha anu kaalaman ku para patani, kari-kari kusabab loba jeung boga duit para tangkulak bisa sangeunahna ngulinkeun harga paré, komo dina usum ngijih kawas kiwari.

Ngan teu saeutik  para patani anu boga tékad alus. Maranéhna moal waka ngajarual paré ka tangkulak, tapi nunggu heula nepi ka usum ngijih  diganti ku usum halodo. Paré hasil panén dipoékeun heula nepi ka garing, geus garing dikarungan terus ditendeun di dapurna séwang-séwangan. Itung-itung tabungan atawa céngcéléngan meureun.

NAON ANU NGALANTARANKEUN HASIL PANÉN PARÉ KURANG ALUS?

Ngeunaan ieu hal,  sabenerna geus pasti pernah ditalungtik ku para Sarjana Pertanian. Dina wangun kaélmuan , dianalisa kalawan metode-metode ilmiah jigana geus kapanggih naon anu jadi cukang lantaran hasil tatanén utamana paré kurang alus.

Salah sahijina, dina sabaraha dékade ka tukang, nalika jaman “Orde Baru”, geus dijéntrékeun, nalika alam beuki kolot geus tangtu taneuh anu dicicingan ku jalma jeung sawah anu ditempatan ku paré miwah pepelakan ogé bakal milu kolot. Umur bumi anu kolot ieu geus pasti mangaruhan kana produktifitaséta taneuh, sakumaha ilaharna hirup jalma anu digambarkeun ku pyramida kahirupan antara angkatan produktif jeung non-produktif.

Jalan kaluarna, pamaréntah kalawan jargon pangwangunan méré pancén ka para panalungtik jeung insinyur-insinyur pertanian supaya manggihan binih anu bisa ngadaptasikeun diri jeung kaayaan alam, sok diistilahkeun bibit unggul. Bener, dina taun 1970-1980,pamaréntah geus bisa ngabéwarakeun, lamun dina  dékade ka dua pamaréntahan “Orde Baru” téh mangrupa mangsa “ swa-sembada pangan “. Rahayat geus henteu kudu ringrang deui mikiran harga béas bakal mahal, teu kudu salempang deui ku mikiran isuk dahar jeung naon. Pangaruhna, kusabab aya dina mangsa “ swa-sembada pangan “  harga béas ogé bener teu mahal kawas ayeuna.

Naha cukup ngan ku kitu? Lain éta anu jadi cukang lantaran jaman harita bisa disebut mangsa “ swa-sembada pangan “. Alesan anu utama, sikep-sikep anu diwariskeun ku karuhun urang ngaliwatan para patani masih dijadikeun obor kahirupan. Di antarana, para patani sok sanajan lain kaluaran sakola luhur , tapi maranéhna geus bisa ngalarapkeun hubungan antara jagat alit jeung jagat badag, antara mikro-kosmos jeung makro-kosmos.

Para patani ngahormat taneuh jeung sawah, malah ngamulyakeun taneuh sakumaha maranéhna sumujud ka indung jeung bapa. Ti sagigireun éta, dina nyawah ogé teu sagawayah, maranéhna merhatikeun kana adab jeung sopan-santun dina nyawah, teu asal cleb melak paré, sabab filosofi mipit kudu amit ngala kudu ménta éstu nerap kana rengkak paripolah.

Lamun dititénan ku kaca mata budaya, teu saeutik malah bisa disebut mayoritas patani jaman harita anu sok nyiapkeun sasajén, meuleum menyan dina galengan nalika usum tandur. Ieu sabenerna mangrupa proyéksi dina kahirupan mikro-kosmos; dina kahirupan jalma saréngséna ngalumangsungkeun kawin/nikah, diteruskeun ku hubungan sah antara salaki jeung pamajikan aya adab jeung étika anu teu meunang dirempak, nyaéta ngayakeun akad nikah, méré béja ka sakumna masyarakat supaya teu nimbulkeun fitnah. Tah, cara-cara dina kahirupan mikro-kosmos ieu dilarapkeun ku para patani harita kana dina sajeroning tatanén.

Paré anu karék dipelak dimumulé, dijaga, sakumaha dina kahirupan lamun hiji wanoja anu keur ngandung 40 poé. Unggal isuk diriksa, beurang dijaga, peuting ogé sok ditungguan. Teu anéh lamun sababaraha sawah di wewengkon beulah kiduleun Kota Sukabumi miboga saung dina taun 70-80an mah.

Tug nepi ka usum beuneur, tangkal paré geus reuneuh, dua minggu méméh panén, para patani beuki soson-soson dina ngajaga paré. Ulah nepi ka diganggu jeung dipanén ku manuk, sumawona dipaokan jeung diruksak ku beurit mah. Teu sirikna paré anu meujeuhna beuneur téh dienéng-enéng, diménak-ménak.

Panén bisa nepi ka genep bulan sakali. Manen paré gedé mah sok ngagunakeun étém, papakas tatanén keur ngala paré gedé. Kuli panén harita mah disebutna gacong. Ku para patani, tukang gacong ieu diibaratkeun paraji anu ngabantuan bralna jabang bayi ka alam dunya. Dina ngulian tukang gacong ogé sok disaruakeun cara masyarakat méré buruhan ka paraji. Dibayar lain ku duit, tapi ku paré sababaraha pocong atawa sababaraha takeran paré.

Sanggeus usum panén, sawah tara langsung dipaculan. Tapi diantep kana sabulanna, jarami diratakeun di sawah terus dikeueum ku cai. Dina usum panén ieu, di pilemburan mah biasana heuleut jeung usum langlayangan. Sawah-sawah anu masih garing jeung karék dipanén téh dipinuhan ku masyarakat teu kolot teu budak ngapungkeun langlayangan. Bebenyit ogé teu katinggaleun sok hayang incikibung, lain ngapungkeun langlayangan tapi ngadon garupak di sawah.

Direureuhkeunna sawah saréngsé dipanén, ieu atikan anu aya dina diri urang, geus puguh dina Ageman hirup mah aya anu ngaranna mangsa nifas. Nu jadi salaki teu meunang ngalakukeun hubungan jeung pamajikan anu karék ngajuru 40 poé lilana.

Ieu pisan anu ngalantarankeun mucekilna panén para patani mangsa harita lamun dibandingkeun jeung kaayaan panén jaman kiwari. Nalika ditanya, ngeunaan masalah ieu, aya salah saurang patani di wewengkon Baros anu méré kamandang, “ Bener da kuduna kitu. Ngan lamun kompak jeung sauyunan kabéh patani,  jigana urang téh bakal bisa hasil anu mucekil deui dina usum panén  mangsa anu baris datang mah.” Nu jadi masalah, jaman mémang geus kacida pragmatis, budaya geus dibiaskeun, anu sakuduna dipilampah sok disebut bid’ah ari anu sakuduna ditolak sok disebut “ da jamanna geus kieu, da budayana mémang geus kieu.” Padahal ceuk Paolo Coelho, lamun urang atawa hiji masyarakat miboga niat hadé, tong cangcaya deui.  Alam , cai, taneuh, tangkal  bakal rempug jukung sauyunan di tukangeun urang keur ngarojong éta maksud. [ ]

KANG WARSA | SUKABUMI DISCOVERY

Posting Komentar untuk "Usum Panen"