MANG RUKI TUKANG GONGSIR



Dina abad ka 16, saméméh Éropah ngalaman hiji jaman nu disebut renaisance, kasoléhan hiji jalma saolah bisa diukur ku hiji hal anu disebut logoséntrisme. Kasoléhan diukur ku jubah-jubah anu dipaké, ku seringna hiji jalma anu katénjo méré totondén hiji simbol anu digerak-gerikkeun ku leungeun kana sirah, dada katuhu, jeung dada kénca. Dina kahirupan modél kitu, anu katénjo lain hal anu sakuduna ngawujud dina kahirupan, tapi nu ébréh téh justru geus nyiptakeun lamun di beulah kéncaeun wadah anu disebut suci aya hiji baskom anu dipinuhan ku kokotor.

Teu héran, khotbah-khotbah kaagamaan anu sakuduna bisa nyiptakeun kaayaan tumaninah jadi sabalikna. Kanunafekan nu jadi panglima, dina podium-podium jeung mimbar-mimbar para tokoh agama ngabéwarakeun kahadéan, jalan anu bener, jalan anu geus dicontokeun ku Isa Almasih jeung épigon-épigonna. Tapi nalika maranéhna turun tina mimbar-mimbar, kagoréngan jadi panglima kahirupan. Teu anéh lamun jaman modél kieu disebut Dark Ages.

Proyéksi kahirupan samodél kitu sigana ngolébat nepi ka jaman iraha baé. Dina lolongkrang jaman ayeuna pisan urang geus biasa nénjo para pangagung nagara ngaguar kahadéan-kahadéan keur masarakat, tapi dina prakna mah nagara anu sakuduna teu dipikiran ku rahayat leutik katénjo asa beuki pagujud. Rahayat leutik anu sakuduna teu kudu disibukkeun ku urusan-urusan gedé atawa makro ayeuna kabedol  kabawa palid dina caahna wawacan. Rahayat anu sakuduna mokuskeun diri kana hal-hal mikro jadi pipilueun mikiran arék dibawa ka mana ieu nagri téh?

Di beulah ditu ogé ngabrul jalma-jalma maraké jubah. Nénjokeun naon anu sabenerna kudu dipilampah ku pangeusi ieu nagri. Bari muter-muter tasbéh jeung ngagorowok nyebutkeun ngaran Pangéran. Hanjakal, sikep samodél kitu ogé dina tungtungna mah lain jalan kaluar, da urang ayeuna keur hirup di jaman Neo Aristotelianisme, sagala rupa lain saukur diwangun ku ide-ide makro, tapi kudu bener-bener nerus ka jero taneuh. Geus tangtu nu ngaranna idealisme platonik kudu digabungkeun jeung réalisme Aristotélianik.

Sabenerna, masarakat awam, sakumaha anu diucapkeun ku Ibnu Rusyd ka Hujjatul Islam Imam Al-Ghazali, “ hiji komponén anu sakuduna teu kudu dibéré nyaho masalah-masalah anu ngabutuhkeun pamikiran ti kaum filsuf.” Ibnu Rusyd lain arék méré hahalang sangkan masarakat jadi hiji masarakat fatalis anu narima kana kadar. Tapi arék méré pager jeung rarancang supaya masarakat leuwih mokuskeun kana masalah-masalah mikro.

Karuhun urang geus méré conto naon anu sakuduna ku urang salaku masarakat dipilampah. Dina taun 1980-an, di Lembur Pangkalan, aya hiji kolot anu ngaranna Mang Ruki. Teu kudu ditanya deui, naha suwargi apaleun téori Hélioséntris jeung Géoséntris? Da keur ukuran kolot –kolot mangsa harita mah, hirup lain saukur téori anu ngalieurkeun sirah jeung minuhan eusina, anu saukur ngahasilkeun pacéngkadan jeung silih salahkeun. Hirup kolot-kolot urang dina waktu harita ngan hiji, ngalarapkeun naon anu aya dina kitab kana kahirpan mikro.

Kitu ogé naon anu geus dilakukeun ku Mang Ruki. Sumanget hirup, sumanget ikhtiar jeung kasab geus dicontokeun ku manéhna ka generasi saeunggeusna. Manéhna boga tekad, lamun hirup teu dipinuhan ku ikhtiar engké pasosoré geus jadi hiji kapastian hawu moal hurung, aseupan ogé geus tangtu moal ngebul, kadituna arék khusu kumaha urang dina ngadeuheus ka Pangéran lamun beuteung kosong, pikiran baluweng, komo ditambah kudu mikiran ruksakna nagara.

Jam 6 isuk, Mang Ruki geus nanggung tanggungan gongsir (Jagong jeung Gula Pasir). Sanajan awak geus rarémpo, buuk dipinuhan ku huis, tapi lamun rék diasupkeun kana pyramida kahirupan, manéhna masih pantes ditempatkeun dina golongan umur produktif. Dina taun 1986, matuhna dagang gongsir téh di handapeun pisan tangkal nangka sirsak Mang Ganda, kalereun warung Mang Ja’i (alm) di Balandongan. Bari diuk dina jojodog leutik, manéhna ngaladénan sing saha baé anu meuli gongsir. Wadah gongsir téh daun cau ditékrokkeun ari anu jadi séndokna dijieun dina daun kalapa kolot. Ngeunaan harga tong ditanya deui, ngan Rp. 25,-. Harga anu geus teu kudu dicaturkeun deui lamun arék dibandingkeun jeung harga permén di jaman ayeuna.

Gongsir, jagong anu dikulub terus digula pasiran anu dijualan ku Mang Ruki, dina pikir kuring mah jauh leuwih alus tibatas siki-siki tasbéh anu diputer-puter ku hiji jalma di jero masigit bari teu ngalakonan nanaon dina kahirupan anu sakuduna diporo ku jalan ikhtiar. Teu salah lamun Umar Bin Khaththab (Al-faruuq) nyarékan ka hiji pamuda anu anteng dzikir di jero masigit ti wanci subuh nepi ka wanci manceran, “ Ikhtiar manéh, pamohalan  hujan emas bakal turun di langit!” Kitu panyarék Umar ka éta pamuda. Keur Mang Ruki, teu kudu diguar ku Kyai buku Hayatush-Shahabah ogé geus dipilampah cipati éta kisah.

Dagang gongsir nepi ka wanci pecad sawed. Mang Ruki geus bisa mawa mulang duit, pésak calana merekis ku duit récéh. Teu némbongkeun béar  gumedé lamun dina poé éta daganganna geus laku, ludes kabéh. Naon sababna? Ikhtiar keur manéhna geus jadi hiji kawajiban, teu kudu diomong-omong jeung diagul-agul ka batur, sarua jeung urang anu ngalakonan Sholat, salaku kawajiban teu kudu dibéwarakeun dina status facebook atawa dina twitter lamun urang geus sholat! Da éta mah kawajiban. Sarua jeung urang anu kudu ngabiayaan budak sakola, teu kudu diomong-omong ka batur lamun urang geus nyakolakeun budak ka hiji sakola anu kudu méakkeun waragad nepi ka mangyuta-yuta. Tahadduts Bin-ni’maat anu dilakukeun ku Mang Ruki cukup ku mikeun duit ladang dagang gongsir ka pamajikanna.

Ilaharna jalma hirup, geus pasti dina diri Mang Ruki ogé aya kahayang, hayang boga gedong sigrong, TV hideung bodas, jeung Radio Transistor. Tapi kahirupan di jaman harita teu mahabu ku barang-barang kabutuhan samodél ayeuna. Aya alesan dina diri urang séwang-séwangan, kolot jaman harita bisa nahan kana naon anu dipikahayang da puguh barang-barang jeung pangabutuhna ogé teu leuwih rongkah kawas kiwari. Ceuk kuring éta hiji kamandang anu kurang loyog. Da substansi kahirupan mah teu bisa dibandingkeun ti hiji milieu ka milieu anu séjénna, sabab anu ngaranna substansi kahirupan mah geus pasti sarua. Jalma ngabutuhkeun barang-barang keur nyukupkeun pangabutuhna, ti jaman Nabi Adam nepi ka kiamat ogé pasti sarua, pada butuh. Anu utama, nalika pangabutuh gedé sedengkeun barang keur nyumponan pangabutuh urang ogé beuki rongkah beulah dinya pisan anu ngaranna nahan diri diperelukeun.

Hirup Mang Ruki basajan, bisa disebut deukeut ka kurang ku ieu jeung itu. Tapi dina dirina geus mintonkeun hiji kabeungharan hirup anu hésé dipiboga ku jalma-jalma di jaman ayeuna. Kabasajanan hirup dina diri Mang Ruki teu bisa dijadikeun alesan lamun dunya ngan dipimilik ku jalma-jalma jahat wungkul, jalma-jalma bener mah kudu ngungsi ka masigit-masigit, henteu kitu. Da hirup dina diri Mang Ruki lain saukur proposal anu diselap-selip dina cangkéng tuluy dibikeun ka hiji perusahaan atawa pamaréntah sangkan urang dipikarunya. Hirup mah hiji proposal anu kudu dipasrahkeun ka Alloh, Ka anu Maha Tunggal. Dina hal ieu pisan, Mang Ruki geus hasil. [  ]

KANG WARSA | SUKABUMI DISCOVERY


Posting Komentar untuk "MANG RUKI TUKANG GONGSIR"