Waktu, geus diunggeul dina kitab-kitab suci, mangrupa hiji rohangan, tempat manusia jeung alam séjénna hirup dumuk. Imam Ali dina kitab Nahjul Balaghah-na méré hiji peupeujeuh, nu aya dina waktu téh nyaéta antara amal jeung ajal manusa silih berik, nalika amal manusa goréng, ajal bakal leuwih gancang ngudag manusa, anu akhirna teu kudu nunggu deui waktu, ajal bakal miheulaan urang. Penting pisan, amal hadé dilakonan, lain keur nanaon tapi keur nyaimbangkeun sangkan ajal nu ngungudag urang sahenteuna bakal leuwih jauh tina diri urang. Geus puguh nu ngaranna pati mah kabéh jalma ogé pada mika embung datang dadak sakala.
Bener pisan, waktu teu bisa nungguan ogé teu bisa ditungguan. Sagala hal karandapan karasana téh ujug-ujug. Kamari pisan urang masih diuk di sakola SD, élég jeung papada babaturan saentragan, sakapeung sok sabari noong Ibu Guru, kalawan pura-pura nyokot patlot di kolong méja, ayeuna ujug-ujug karasa sirah geus dipinuhan ku huis. Asa kamari pisan urang ngalalana dina mangsa rumaja, nu beuki mabok mah meureun karesepna nginum AO, diuk dina dipan Warung Mang Ja'i bari ngagenjréng ngahitar, lamun wanci geus sareureuh kolot ngaliwet di sisi jalan. Lalawuhna mah munder baé di kebon bonténg Mad Tu'ah. Laukna kari ngabédahkeun di kulah kang Jaji. Teu karasa, ayeuna urang ujug-ujug geus aya di hiji jaman anu disebut éra téknomania ku Alvin Toffler mah. Hiji jaman nu lungkawing , lir hiji jalma keur cicing dina mumunggang gunung, antara dua lengkob.
Atuh pantes, lamun di dunia ieu Pangéran teu nyiptakeun nu ngaranna kalanggengan keur sakabéh mahluk. Jalma pernah ngalaman bagja, tapi teu salalawasna gumbira, dibatesan ku kasedih nalika nyorang hiji hal nu kacida pisan dipikasieun, umpamana ditinggalkeun ku jalma-jalma anu mikanyaah jeung dipikanyaah ku urang. Jalma pernah ngalaman sedih, tapi teu salalawasna ngabangingik ceurik, kasedih diwatesan ku kabungah, nalika datang hiji jalan kaluar keur mawa diri urang tina karerepet hirup kana kajembaran haté.
Kusabab Pangéran teu nyiptakeun kalanggengan, aya hiji hal nu bakal tumiba ka diri jalma, nyaéta rasa bosen. Apanan ku sawaréhna budak ayeuna mah sok disebut BT (Borring Total). Kabosen ieu datangna ujug-ujug, nalika jalma geus hirup dipinuhan ku sagala hal, pangalaman, luang jeung sagala masagi, geus neureuy kahirupan. Lebah dinya pisan rasa bosen bakal nyaliara minuhan diri. Aya jalma nu hayang panjang umur nepi ka 1000 taun. Siga tokoh Aki dina carita nu diserat ku Idrus.
Ngan saukur kahayang, sanajan carita Aki anu arék hos pisan maot kari-kari teu jadi maotna, panyakit TB-na dadak sakala cageur, manéhna teu jadi didatangan ku Ijroil. Tapi keukeuh baé, rasa bosen bakal nyaliara kana diri, nu matak carita Aki karangan Idrus teu ditamatkeun tug nepi ka Aki ngarandapan umur 1000 taun. Éta carita saukur méré gambaran pentingna nyanghareupan hirup kalawan optimis.
Nu langgeng di alam dunya ieu ngan saukur henteu langgeungna kahirupan. Kabéh silih ganti, hideung ku bodas, konéng ku beureum, kitu saterusna. Siga hiji wadah nu kosong terus dipinuhan ku cai antukna éta cai bakal kaluar sorangan tina biwir wadah, mudal mancawura maseuhan taplak méja, saterusna ngabayabah ka handap. Silih gantina kahirupan di tiap mangsa jeung tempat minuhan wadah sajarah ti mimiti Adam gubrag ka alam dunya, ti jaman Plato nepi ka mangsa Paolo Preire. Dunya pernah manggihan hiji kaayaan nu tumaninah, hiliwirna kahadéan minuhan kahirupan nalika ajaran Pangéran dilarapkeun kana kahirupan kalawan bener. Tapi dunya pernah ngalaman nu ngaranna dehumanisasi, genosida, silih cekék, silih dedetkeun, karupekan hirup, ceuk basa deungeun mah Dark Ages, nalika wahyu Pangéran dilarapeun kalawan salah. Umaku lamun ajaran ngan pantes keur golonganna wungkul, rumasa lamun sawarga geus ditiket khusus keur golonganna. Ieu pisan nu bakal mawa diri jalma kana rasa bosen, nalika naon nu karampa ku leungeun, naon anu katénjo ku paningali kitu-kitu deui.
Aya hiji kisah. Hiji jalma , teu daék kawin. Malahan boga tékad moal kawin. Da anggapanna, anu kawin jeung anu henteu kawin ogé dina waktuna mah bakal ngarandapan mangsa kolot. Siga bener éta tékad, padahal dina mangsa kolot aya bédana antara anu kawin jeung anu henteu kawin. Dina hiji mangsa, urang bakal jadi aki atawa ninni, aki jeung nini-nini nu ngalawan kawin sahenteuna dina waktu pakokolot hirupna dipinuhan ku rasa haneuteun, diriung ku anak incu nu lalumpatan nalika urang diuk bari ninun lawon. Bandingkeun jeung aki-aki atawa nini-nini nu teu rumah tangga. Maranéhna bakal hirup, kolot sarua, ngan bédana hirup maranéhna aya dina rasa tiis, dipinuhan ku rasa bosen kusabab nu maturan ngan saukur mangsa-mangsa anu geus kaalaman.
Atuh pantes, Pangéran méré wates kana umur jalma. Dina umur 90 taun ogé, geus katénjo kumaha bosenna jalma ngarandapan hirup. Dina kongkolak panon anu katénjo ku aki-aki atawa nini-nini nu geus rarempo ngan dua hal; mangsa-mangsa nu geus ka sorang, nu dipinuhan ku kabagyaan, nalika élég jeung sasama, kabéh daratang deui dina sawangan, wujudna nyaéta panineungan. Ngan lamun nenjo ka kujur, geus eweuh naon nu disawang. Babaturan kabéh geus marulang ka asal minuhan taneuh-taneuh astana nu pinuh ku tutunggul kubur. Jaman maranéhna hirup geus béda jeung nalika ngora kénéh. Sawah geus ganti jadi Mall-mall, lapang-lapang golf, terminal, jeung bandara. Rasa bosen nyaliara.
Aya nu méré kamandang lamun hirup téh kacida pisan absurdna. Dipinuhan ku hal-hal anu henteu ajeug, teu jelas. Pamikiran ieu mangrupa paham-paham post modern, paham nu kaluar kusabab kahirupan mémang geus mancawura ku rupaning hal. Bener jeung salah teu boga cekelan. Minuhan rak jeung tékas-tékas buku. Derrida ngebrehkeun kahenteu ajegan hirup dina sastra, Jean Paul Sartre majangkeun kahenteu ajeugan hirup dina filsafat, pamikiran-pamikiranna dimimitian ku silih parebutkeunna jalma kana kabeneran hirup. Ceuk ieu itu, ceuk itu ieu. Ngan, hirup teu dipinuhan ku hal-hal anu absurd, ceuk Paolo Coelho, hirup lain dipinuhan ku hal-hal anu absurd tapi kudu dipinuhan ku hiji légénda, sakabéh jalma kudu miboga légénda hirupna séwang-séwangan, geus aya jalan anu kudu disorang. Koncina, nalika néangan légénda hirup, jalma kudu minuhan dirina ku optimisme. Ieu pisan pentingna Pangéran nyiptakeun alam, alam diciptakeun keur ngaladénan jalma ngahontal sagala maksud jeung cita-citana.
Cindekna, rasa bosen mémang bakal datang. Tapi, rasa bosen bisa dilawan ku sikep optimis urang. Jalma teu bisa dipisahakeun jeung mangsa anu geus karandapan. Tapi jalma hirup dina mangsa kontémporér, mangsa anu kondisina béda jeung jaman saméméhna. Di dieu pisan, pentingna mindahkeun niléi mangsa ka tukang ka jaman ayeuna. Antara konsérvatisme jeung modérnisme kudu nyampur. Kolot jeung budak. Nginjeum ucapan Walter Lippman, niléi anu aya dina waktu nu geus kaalaman moal bisa diwariskeun kalawan génétika, tapi bisa ditranformasikeun kucara ngeusi kahirupan. Intina, ayana kiwari teu bisa leupas jeung ayana baheula. Waktu mémang teu bisa nungguan... dina waktu nu geus ditangtukeun, urang bakal ninggalkeun naon anu ku urang geus diwangun, ditata, dipikanyaah. Al-Waqtu Kasy-Syaiif, waktu lir pedang. [ ]
KANG WARSA
Sent from BlackberryMail

Posting Komentar untuk "Waktu"