DINA HIJI MANGSA


Dina awal taun 60-an, para panyawah teu siga kawas jaman kiwari. Panén paré gede ogé genep bulan sakali. Pamaréntah teu pati konsérn ngurus kana hal-hal anu aya patula-patalina jeung tatanén. Dina mangsa harita , pamaréntah keur meujeuhna mokuskeun pangwangunan politik. Malah dumasar kana buku-buku sajarah, decade ka dua saba’da Proklamasi téh masih disebut fase révolusi sosial, sok sanajan lain fisik.

Kurang perhatianna pamaréntah orde Lama kana widang tatanén, dimangfaatkeun ku Partai Komunis Indonesia; mokuskeun program-programna kana ieu widang. Diadegkeun organisasi-organisasi nu ngajak para patani jeung panyawah sangkan ulubiung kana masalah-masalah politik. Program utamana nyaéta keur ningkatkeun panghasilan kaum tani di nagara Indonesia.

Sabenerna, tumuwuhna  Partai Komunis Indonesia lain saukur dikasang-tukangan ku miskinna rahayat harita. Ieu dibalukarkeun ku kurangna pamaréntah dina méré “peran” ka sababaraha lapisan masarakat, salah sahijina kaum tani. Konsérn teuingna pamaréntah ngawangun masalah-masalah politik di jero nagara nutup diri keur ngawangun hiji hal anu penting, nyaéta méré “peran”, kalaluasaan ka rahayat dina ngébréhkeun kabisa, potensi diri, jeung pangaweruh rahayat.

Teu aneh, nalika PKI méré jeung mukakeun wacana lamun rahayat bisaa ogé bisa ulubiung jeung rancage keur ngamajukeun nagara ogé ngamajukeun diri jeung paguyubanna ditarima kalawan antusias. Provokasi kaluginaan hirup, kasajahtraan rahayat jadi issueséntral  PKI, hiji kawijakan anu dianggap populis nalika pamaréntah anteng ulin dina kawijakan élitis.

Émang  kudu diaku, harita nagara urang karék nepi asup jeung leumpang di luhureun tatapakan kamerdikaan. Tur dipangaruhan ogé ku populasi penduduk anu can mahabu kawas ayeuna. Supply and Demand pangabutuh masarakat masih can saperti ayeuna. Ditambah, alam masih nyadiakeun sagala rupa anu dipika butuh ku rahayat. Ékonomi  mikro lain saukur wawacan tanpa eusi, tapi éstu diprakkeun ku rahayat harita.

Sok sanajan panén paré genep bulan sakali ogé. Kusabab ékonomi makro kawijakan ti pamaréntah can ngabeungkeut rahayat-  kaum tani jeung panyawah-  paré minuhan leuit, béas minuhan padaringan. Cukup keur nyumponan pangabutuh kulawarga nepi ka panén usum hareup. Babakuna mah paré jeung béas usum kamari ogé masih aya sesaan.

Bener, pamaréntah orde lama leuwih mentingkeun peran rahayat dina ngawangun masalah-masalah politik. Tapi rahayat harita kurang kapincut ku masalah-masalah makro nu teu kahontal ku wawacan-wawacan cacah. Sikep mikro di wewengkon-wewengkon nu jauh jeung Ibu Kota nagara leuwih loba dipilampah ku rahayat harita. Kalawan langsung, rahayat ngeusi kahirupan ku peranna séwang-séwangan. Matak nagara urang disebut nagara agraris ogé, kusabab nu ngaranna patani jeung panyawah téh apan bener-bener merankeun dirina jadi patani atawa panyawah.

Ceuk basa basajan mah, lamun urang jadi patani, nya kudu fokus kana masalah-masalah tatanén, kumaha cara melak paré, ngebon, jeung nyingkahkeun hama dina pepelakan. Teu penting nguruskeun masalah-masalah kompléks anu teu kahontal ku pikiran. Mercayakeun sagemblengna ka pamaréntah. 

Anu ngaranna Kyai di lembur fokus ngatik barudak jeung urang lembur ku ajaran-ajaran agama, keur urusan kompléks ka nagaraan geus méré mandat  - sok sanajan kalawan teu légal formal- ka Kyai-kyai anu incikibung bari geus  masagi ku pangaweruh saperti Agus Salim, Hamka, Ahmad Sanusi, jsbt.

DINA HIJI MANGSA

Dina hiji mangsa, kuring pernah ngalaman jadi budak. Harita taun 1986. Kaayaan pilemburan harita masih pajauh jeung kahirupan ayeuna. Can aya anu ngaranna Jalur Lingkar Selatan, jalan anu ayeuna meulah kampung Balandongan jeung Lio téh masih kebon eurih jeung aya hiji lapang.

Usum panén di taun éta bisaana bareng jeung usum ngadu langlayangan. Tempat anu sok dipake ku urang Balandongan jeung Pangkalan ngapugkeun langlayangan téh hiji jalan anu brasna ka Kampung Padangenyang. Teu kolot budak, brul muru jalan taneuh anu dipinuhan ku rupaning jujukutan.

Di dinya katénjo pisan, kabeh boga peran séwang-séwangan. Nu karolot ngapungkeun langlayanga, barudak ngagolongan kenur/nilon. Sawaréhna barudak maregat langlayangan anu éléh diadu.

Nalika peran jalma sifatna katégoris saperti kitu, dina usum langlayangan katénjo kumaha rempug jukungna jalma-jalma. Ngadu langlayangan téh bisa ngawujud kana hiji pintonan ngaleuwihan sandéwara “Sri Asih”. Dilalajoan ku kolot budak, awéwé lalaki, bari éak-éakan méakeun sora. Babakuna dibarengan ku silih sebutan jeung anu ngapungkeun langlayangan di lembur séjén. Aya ogé barudak anu belaan muka calana terus nonggéngan sing saha baé anu éléh ngadu langlayangan. Kitu deui barudak anu aya di Beulah ditu, nalika anu ngadu  langlayangan Beulah dieu éléh sok éak-éakan bari nonggéngan. Teu matak jadi paraséa!

PERAN RAHAYAT NU SAGEMBLENGNA

Hiji nagara bakal disebut maju lamun méré kalaluasan jeung arah nu jelas ka rahayatna dina ngawangun peranna séwang-séwangan, peran anu saluyu jeung pangaweruh, profésionalismedina gawé anu rancagé. Ieu mangrupa hiji mesin raksasa lamun direcah jadi baud, mur, kikiping, najan boga peran séwang-séwangan tapi baris ngahasilkeun hiji kahirupan anu tartib. Sakumaha anu diserat ku Mac Iver, hiji masarakat disebut masarakat lamun miboga kagiatan massivebari ngahasilkeun hiji struktur anu pasti, boga tata jeung titi. Anu dihasilkeunna nyaéta hiji katartiban dina hirup.

Sabalikna, lamun nagara kalawan kawijakan-kawijakan pamaréntah teu bisa méré peran anu sifatna maksa, méré aturan anu jelas ka masarakat/rahayat, geus teu bisa dipungkir bakal ngalahirkeun hiji nagara camplang. Hubungan peran hiji jalma nu ngawangun masarakat kudu dikandali ku aturan-aturan tegas ti pamaréntah. Geus puguh lamun pamaréntah teu méré aturan anu jelas dina ngarahkeun wargana, hiji kondisi anu disebut : Clash of Society bakal ngabukti. Hirup masarakat moal aya dina katenangan, nu jadi ukuran kakuatan nyaéta tanaga jeung otot ditambahan ku haok ogé polotot.

Di lebah dieu pisan, nagara boga peran penting keur ngajukeun sababaraha prosedur kaalusan anu kudu diterapkeun di masarakat. Tah, trias poklitica anu dipimaksud ku Montesquieu ogé sabenerna keur ngarahkeun nagara dina nyiptakeun tilu lembaga anu baris ngaronjatkeun katartiban. Tilu wangunan  lembaga Negara ieu lamun patukang-tonggong bakal ngahasilkeun hiji nagara anéh, nagara anu silih siku , pangeusina dipinuhan ku jalma-jalma anu teu alakur jeung papada.

Kalawan teu jelas, sabenerna saméméh ayana lembaga nagara, lembaga-lembaga sosial geus tumuwuh dina kahirupan masarakat. Lembaga sosial saperti Kulawarga jeung  agama, geus tumuwuh di masarakat. Agama ngabeungkeut kalawan paheut kahirupan masarakat, sakumaha nu disebutkeun ku Emile Durkheim, hiji kapercayaan anu ngabeungkeut masarakat kalawan interpersonal, miboga tujuan anu sakral jeung suci,ngahubungkeun  hiji individu jeung individu séjénna, ngawangun hiji komunitas nu disebut ummat.

ARÉK DIBANDINGKEUN JEUNG JAMAN KIWARI?

Sabenerna, kajayaan hiji jaman jeung nambruna hiji jaman teu bisa dibundang-banding. Substansi kahirupan di tiap jaman jeung mangsa sarua baé. Antara bener jeung salah. Lamun jaman geus dipinuhan ku poténsi-poténsi kajahatan, ieu dilantarakeun ku sababaraha hal; Jalma-jalma anu ngajalankeun sistemna benerkeuneun kénéh, Jalma-jalmana keuwih reuseup ngurus hal-hal anu teu dianggap penting, nguruskeun widang lain kusabab kamampuan jeung kasang tukang éta jalma. Kucara pikiran linéar, bakal ngawangun hiji nagara anu disebut ku Aquinas mah Nagara Demon/Sétan.

Kabeh ogé, kaalusan jeung kagoréngan gumantung ka diri urang séwang-séwangan. Geus diunggel dina Quran ogé: Kaalusan atawa kagoréngan sagedé siki sasawi ogé bakal dibalitungkeun. Pangéran méré kamerdekaan ka jalma dina milih dua peran anu bakal dilakonan dina kahirupan; Protagonis atawa Antagonis. Fa hadainaahu An-nnajdaini, Maka Kami geus nuduhkeun ka manusa dua jalan.

Bener pisan, hirup mah mémang pilihan!

Posting Komentar untuk "DINA HIJI MANGSA"