Ranté

Rupa-rupa tabéat jalma, anu anu resep kana nostalgia ogé aya anu resep neuteup ka hareup. Henteu goréng asal bisa nempatkeunna. Loba teuing nénjo ka tukang, urang bakal paéh ngadadak dina jeroning nyanghareupan kahirupan, kusabab sikep optimis bakal paéh dina diri urang. Sabalikna, neuteup teuing ka hareup, kusabab dipinuhan ku sikep optimis anu ékstrem bakal maténi diri urang, kusabab hal anu aya ditukang teu dianggap hiji pangajaran keur kahirupan sanggeusna.

Lamun niténan mah, kahirupan mangrupa mata ranté anu silih sambung, mangrupa siklus nu muter, ngawujud ngajadi hiji kahirupan nalika hal éta pageuh nali antara hiji mata kana mata sanggeusna. Waktu anu geus ka sorang, anu keur lumangsung, jeung anu bakal datang mangrupa hiji tatali nu teu bisa dipegatkeun lamun kahirupan hayang disebut sampurna.

Kabéh jalma boga ranté kahirupanna séwang-séwangan, lamun disebut salaku mahluk individu. Tapi salaku mahluk sosial anu henteu bisa leupas tina pangaruh-pangaruh sosial, aya jalma séjén di sabudeureun urang, geus tangtu ranté kahirupan téh kabeungkeus ku perkara-perkara kamasyarakatan. Kaum sosialis méré kamadang lamun konsép kahirupan nu sajati téh nalika jalma ngarasa naon anu dirasakeun ku jalma anu lian dina waktu anu sarua. Ieu teu goréng, ngan mangrupa hiji rarancang anu matak pikasieuneun di mangsa ka hareup.

Jaman jeung waktu teu bisa dieureunkeun. Terus maju, ceuk téori Buys Ballot mah sarua jeung hiliwirna angin ti tempat anu tekananna Maksimun ka tempat anu tekananna minimun. Nembrak naon anu kaliwatan, kitu deui waktu, terus nérékél naék, ngaliwatan hambalan-hambalan jeung tarajé-tarajé anu kaliwatan ku éta waktu.

Kuring, pernah méré kamandang, substansi jeung eusi kahirupan di mana bae ayana, di jaman jeung mileui mana bae estuning sarua. Lain arék molarisasikeun  jeung nempatkeun kahirupan aya di dua kutub anu patukang tonggong, antara Individualisme jeung sosialisme, atawa kapitalisme jeung komunisme. Substansi kahirupan mangrupa niléy anu diaku ku awam antara bener jeung salah.

Nagara urang kungsi ngalaman sababara fase jeung hambalan kahirupan. Jaman nalika, nu dibejakeun dina buku-buku sajarah mah, kajayaan jeung mangsa kaemasan karajaan di Nusantara tug nepi ka rezim demokrasi ngumawasa di jaman ieu. Silih sambung, substansi anu aya dina hiji fase ka fase séjénna nyalurkeun eusi kahirupan.

Jaman nalika karajaan di Nusantara ngalaman mangsa kaluginaan keur pangeusi karajaan, ngan méré hal anu kurang alus keur nyiptakeun kakompakan nalika ékspansi anu datangna ti nagara deungeun, jadi mamala ogé keur karajaan-karajaan anu aya. Walanda pernah nerapkeun stratégi Devide et Impera keur muepeuskeun beungkeut 'rempug jukung sauyunan' karajaan-karajaan anu aya di Nusantara, hasilna? Karajaan-karajaan di Nusantara dina waktu anu ngaguluyur bisa ditalukkeun ku Walanda.

Kajadina samodél kitu, substansina mah tetep ngaguluyur mapay. Lain  urang salaku hiji bangsa teu bisa nyokot hikmah tina naon anu geus dibaca dina sajarah, tapi mémang anu ngaranna substansi kahirupan sarua jeung kromosom anu diwariskeun ti hiji generasi ka generasi anu séjénna kalawan génétika. Jaman ayeuna, urang hirup di hiji nagara anu ngaranna NKRI, substansina sarua antara NKRI jeung Nusantara, hiji hal anu umum. Di sagigireun éta, urang ogé resep nyieun karajaan-karajaan kalawan diganti kedok jeung cangkangna, aya anu ngaranna Partai Politik, LSM, Ormas, jeung OKP. Kabéh miboga visi jeung misi, boga raja jeung pamingpin, boga rahayat jeung kader, nya teu béda jauh jeung jaman nalika karajaan-karajaan di Nusantara ieu mahabu ogé ngalaman mangsa kajayaan. Diistilahkeun ku élmu sosiologi mah ieu disebut Pranata Sosial.

Dina dékade ka dua kamerdékaan, kajahatan-kajahatan politik anu dilakukeun ku gorombolan ogé ku sababaraha sempalan Partéi Komunis Indonésia ngabalukarkeun kana runtuh jeung geunjeleungna widang ékonomi di nagara urang. Inflasi ngaruntuhkeun ékonomi mikro, rédénominasi niléy duit lain saukur ngaleungitkeun angka anu aya dina éta duit kartal, tapi ngaleutikeun niléy jeung kakuatan ampegna duit. Keur meuli béas jeung minyak taneuh rahayat anu geus merdéka téh kudu ngantri ngabaris.

Kanyataan éta teu pernah kapikir ku jalma-jalma saméméhna. Ku urang ogé teu kapikiran, lamun hal saperti kitu bakal lumangsung deui di jaman anu disebut réformasi. Meuli béngsin kudu ngantri, meuli solar ogé kudu pagelek-gelek, malah di jaman téknomania mah anu pagelek-gelekna lain saukur jalma, tapi jeung mobil-mobilna. Henteu jauh béda jeung pangalaman tilu atawa opat puluh taun ka tukang.

Dina jaman walanda, sakola-sakola ngahaja diayakeun keur nyitak calon-calon ambteenar, pagawé pamaréntah anu bakal ngarojong maju jeung mundurna pamarehtahan Walanda di wewengkon Hindia Belanda. Pola pikir masarakat diciptakeun, lamun stratifikasi jeung kelas sosial hayang naek, rahayat kudu jadi pagawé kantor. Teu jauh béda jeung kaayaan urang ayeuna. Ceuk Syed Naquib Al-Attas, geus bral dina dunya pendidikan di nagara-nagara dunia ka-tilu hiji panyakit anu ngaranna diploma diseases, panyakit dilpoma, barudak sakola dicitak keur jadi pagawé. Jalma-jalma anu maké seragam bakal dipihormat di masarakat urang.

Lain saukur hal anu goréng nu bakal kaalaman ku generasi ayeuna. Hal-hal anu alus ogé lain hiji hal anu teu mungkin bisa kaalaman deui. Nagara urang kungsi dipikasérab ku bangsa deungeun, kungsi ngalaman hiji kadigjayaan, dipihormat ku nagara-nagara séjén, ieu baris kaalaman deui sok sanajan mangrupa hiji romantisme dina kahirupan ayeuna.

Bangsa urang pernah ngalaman swa-sembada pangan, masarakatna hirup rukun sauyunan, sili ajénan, sili tulung, ngaheulakeun sikep altruis tibatan individualis, lain hiji hal anu mustahil ieu bakal ngawujud deui dina kahirupan. Anu ngalamanna? Bisa urang ogé bisa anak incu urang. Anu ulah téh, urang henteu ngawariskeun kaalusan ka generasi nu bakal datang. Kudu sieun, lamun urang ngan ukur ngawariskeun kagoréngan, hutang, jeung masalah-masalah séjénna ka generasi sanggeus urang.

Dina mangsana, ranté kahirupan ieu kudu dipegatkeun lamun kagoréngan anu ngamalir dina mata-mata ranténa. Tapi kudu disambungkeun lamun dina éta mata ranté kungsi nyaliara niléy kaalusan, anu kapegatkeun ku hiji mata ranté kagoréngan. Jaman urang? Teuing mata ranté anu mana. [ ]

KANG WARSA
Dikirim dari Windows E-mail

Posting Komentar untuk "Ranté"