Pasoalan Hirup

Kamandang filsafat lolobana dimimitian ku sababaraha pananya ngeunaan kahirupan. Leunyepaneun. Siga dina literatur filsafat aya hiji pananya, Qui Sais Je? Keur naon urang aya?. Dina hal éta, paguneman antara Socrates jeung para muridna mah ku Plato nepi ka dibukukeun sagala dina buku anu judulna Dialog. Literatur-literatur klasik ogé lolobana ngébréhkeun pasoalan-pasoalan hirup anu meunang ngaguar tina sababaraha pananya. Siga dina buku Phaedo-na Plato, sababaraha pananya diguar dina éta buku, utamana masalah kahirupan.

Kaluarna kalimah-kalimah pananya dina kahirupan tangtu geus disiapkeun jawabanna ku tingkah polah urang. Qui Sais Je? Keur naon urang aya?. Jawabanna lain saukur ku kecap-kecap anu ngandung rétorika, tapi ku sikep jalma dina sajeroning nyanghareupan kahirupan. Da pananyana ogé basajan, biasa, tapi miboga hal anu kudu diteuleuman ku sakabéh jalma. Kecap-kecap samodél kitu lain saukur mangaruhan wewengkon filsafat, dina basa-basa profétik ogé sering diunggel kecap samodél kitu saperti. Fa Ayna Tadzhabuun? Arék kamana anjeun ngaléngkah? Afalaa tatafakkaruuna, Naha maranéh heunteu mikir?

Hartina, ti mimiti sajarah kahirupan jalma nepi ka mangsa panungtungan alam dunya, bakal dipinuhan ku pasoalan-pasoalan kahirupan anu kudu dijawab di diri jalma. Geus puguh da anu ngaranna kahirupan mah mangrupa hiji sakola, para pamilon atikanna ngalap pangawéuh di éta sakola anu dina mangsana bakal loba pasoalan kahirupan anu ngabutuhkeun jeung kudu dijawab.
Dina saujratna, pangabutuh kahirupan jalma sabenerna geus disiapkeun jeung dijieun ku Pangéran. Jawaban-jawabanna ogé éstuning ngaguluyur sorangan, jalma butuh séhat, ku Pangéran dijieun anu ngaranna waruga. Waruga diciptakeun sangkan jalma ngarasakeun kumaha pentingna séhat keur urang. Dina hiji waktu urang ngarasaan anu ngaranna gering, lebah dinya pisan urang kacida butuh kana anu ngaranna séhat.

Tapi dina sakali mangsa, urang sok kaaincikan ku sikep salempang, kasieun, jeung rasa paur. Alatan hiji hal, urang geus henteu bisa ngabédakeun deui mana anu ngaranna pangabutuh jeung mana anu asup kahayang. Kapaur ieu lumangsung lain béh dieu-béh dieu, nalika Adam di sawarga ogé geus diharewoskeun rasa kasieun, anu matak Iblis méré pananya ka Siti Hawa: Manéh hayang langgeng teu di sawarga? Lamun hayang langgeng prak ala éta buah larangan! Kasieun Siti Hawa henteu langgeng di sawarga ieu sumarambah ka diri Adam, pedah dina diri Adam geus sumebar katrésna ka anu jadi pasangan hirupna. Antukna kasieun henteu langgeng cicing di sawarga ngabalukarkeun Adam jeung Hawa ngadeukeutan tanggal anu sok disebut Tangkal Khuldi.

Padahal, Pangéran geus nyiapkeun sagala rupa naon anu dipikabutuh ku Adam jeung Hawa di sawarga. Dina katerangan mah disebutkeun: Waqulaa Ya, Adamuskun anta wa zaujukal jannata, waa kulaa minhaa raghadan haitsu syi-tumaa wa laa taqrabaa haadzihi Asy-syajarata fatakuunaa mina dz-dzaalimin. Jeung Kami geus ngomong ka Adam, cicing manéh jeung pamajikan manéh di sawarga, prak dahar sarupaning kadaharan anu loba jeung anu dipikaresep ku maranéh duaan. Ngan omat ulah ngadeukeutan hiji tangkal anu bakal ngabalukarkeun maranéh kaasup kana golongan jalma-jalma anu dzalim.

Dante Alighieri, dina buku The Divine Comedy (Komedi ilahi), ngaheuheureuy sikep Adam jeung Hawa ieu salaku dosa turunan anu diwariskeun ka anak incuna. Nepi ka manéhna nyieun kalimat pananya. Keur naon atuh skénario Pangéran anu disebut sampurna maké nyieun jalma anu kudu migawé dosa jeung kagoréngan?

Dina mangsa abad ka 17, saintis-saintis di wewengkon kulon kusabab kapangarungan jeung teu bisa leupas tina pamikiran filsafat-filsafat Yunani Kuno ngaguar masalah kahirupan ku hiji kacamata anu ngaranna Positivisme. Hiji hal disebut aya lamun bisa diitung, diukur kalawan matématis. Pamikiran kitu sumarambah kana tiap celah-celah kahirupan, jeung sela-sela widang pangawéruh teu leupas tina masalah ieu. Aya hikmahna, geuning kahirupan jalma, leupas tina kayakinan ayana Pangéran jeung Atheis téh tétéla diperhatikeun pisan ku jalma sorangan.

Saintis di wewengkon Éropa pernah nyaturkeun: Kahirupan jalma ti mimiti aya teu bisa leupas tina dialéktika kahirupan. Marx jeung Engel nyebutkeun, pertentangan kelas. Dialéktika nu dipinuhan ku hiji kaayaan anu patukang tonggong, yin jeung yang, poék jeung caang. Keur ngarojong kamandangna, Darwin nyieun ajaran évolusi, kahirupan manusa jeung mahluk séjénna di alam ieu teu bisa leupas dina hiji proses Évolusi. Dibahasakeun kalawan gampang The Strugle of Life, Survival of the Fittest. Nya saluyu jeung dialéktikana Marx, ngan mahluk-mahluk anu bajoang anu bakal unggul jeung bisa ngalumangsungkeun hirupna.

Téori-téori éta sok sanajan saukur usik malikna tina widang kaélmueun, sumarambah jeung sumebar nepi ka wewengkon ka mana mendi. Diajarkeun arék dina sakola kahirupan ogé di sakola-sakola anu diwatesan ku tembok-tembok anu luhur. Nya, ngaranna ogé kamandang jeung téori jalma geus tangtu miboga kakurangan. Téori Évolusi teu bisa ngajawab anu ngaranna Missing Link, rantéy kahirupan anu leungit. Lamun enya téori évolusi ngajelaskeun ayana mahluk hirup téh ku jalan évolusi anu merelukeun waktu lila, ti iraha éta ayana? Di mana di mimitiaannana? Naha téori évolusi ngan nyaluyukeun diri jeung faham rasisme wungkul? Teu nyebut wewengkon-wewengkon séjén.

Antukna, kusabab téori Darwin jeung Marx digugu sagemblengna, teu lila dina dibetuskeunna éta faham, kaluar ajaran-ajaran anyar anu méré kamandang, ayana manusa super, ras pang hébatna, jeung kelas sosial anu sampurna. Di Jérman, dilumangsungkeun Eugénika, jalma diukur ku ukuran eusi sirahna. Jalma anu ukuran eusi sirahna leutik, disebut masih aya dina tatapan évolusi can sampurna. Perang beuki mahabu. Kahayang jalma ngageudean tinimbang pangabutuh. Kabéh kudu kacumponan teu bisa diengkékeun. Sikep altruis ngajauhan individu dan jalma leuwih mentingkeun kumaha cara keur nyumponan kahayang sorangan.

Dunya téh katénjona asa beuki cakueum jeung pikasieuneun. Ceuk istilah urang lembur mah: rujit! Kaluarna pacogregan jeung pacengkadan dina kahirupan téh saolah disababkeun alatan mahabuna kahayang jalma arék salaku mahluk individu atawa sosial keur ngapimilik naon anu geus dicukupkeun ku Pangéran, jatah kahirupan keur batur direbut. Sawah sakotak anu geus disiapkeun ku Pangéran keur hiji kulawarga direbut hasilna keur diri sorangan. Ka dieunakeun, urang sieun teu bisa hirup, sieun kalindih ku batur, kagiles ku jaman. Antukna sagala cara dilakonan, maok ogé teu nanaon keur kapentingan diri jeung kulawarga mah. Anu dipikiran kumaha cara numpuk harta, ngalobakeun mobil , imah, jeung gadgét canggih. Urang jarang malahan henteu mikiran: Kumaha carana nyiptakeun generasi ka hareup anu bakal nyorang kahirupan sanggeus urang tilar dunya.

Anu lumangsung sabalikna. Di jaman ieu urang karah ngajarkeun ka anak incu, kumaha carana silih pacok, silih dedetkeun, silih dengkék, jeung silih paténi. Anu dilalajoan ku anak-anak urang acara-acara kumaha carana jadi jalma pinunjul, kasohor, jeung diagul-agul ku batur. Kahirupan teu bisa ngaléngkah dina jalanna séwang-séwangan, tapi dikandali ku hiji sistem anu urang dipapaksa kudu aya di luhur éta jambatan kahirupan.

Tapi, di sagigireun éta, teu saeutik jalma anu ngalap cukup ku naon anu geus kapimilik. Saeutik mahi loba nyésa. Anu diudag nyaéta kaberkahan hirup, najan harta kakurangan, tapi keur maranéhna mah pangabutuh geus kacumponan. Siga ceuk Chekhov dina salah sahiji carpon anu judulna Pertaruhan: ngagugulung kahayang, ngungudag dunya moal matak ningtrimkeun ati. Jembarna haté téh kucara urang bisa neuleuman kahirupan. [ ]

KANG WARSA
Sent from my AXIS Worry Free BlackBerry® smartphone












Posting Komentar untuk "Pasoalan Hirup"