Lebah pisan tempat anu ayeuna dicicingan ku Pa Idim téh baheula mah sawah, galenganna dipelakan tangkal Kibeling. Lamun keur usum gedé paré, meujeuhna resep ngala manuk arék ku cara diporog atawa dibandring, barudak sok nyieun bandring tina gagang tangkal jambu batu. Keur ngalemeskeun gagang bandring biasana sok dihampelas ku daun Kibeling, pédah daunna téh kasar, méh sarua jeung hampelas.
Loba nu ngomongkeun, dina dapuran Kibeling sok kawénéhan kunti. Tong percaya , da saumur nyunyuhun hulu ti bubudak tug nepi ka sawawa, unggal peuting ngaliwat ka beulah dinya asa can pernah manggihan naon anu disebut kunti. Dina taun 1990 mah, tempat anu ayeuna ngadeg di luhurna imah Kang Iiw téh sawah milik Ceu Atikah, aya tangkal palaning harita mah.
Ceu Atikah ngadegkeun warung, ngajual baso jeung rupaning kadaharan. Hareupeun warung nepi ka wétan brasna ka susukan hareupeun imah Kang Abun aya kamalir, kakalén leutik. Barudak sok ngahaja meuli baso bari dariuk dina bangku kai anu disadiakeun ku anu boga éta warung. Harita mah, ngadahar baso téh mangrupa hiji kanikmatan, malah teu saeutik anu meuli baso terus disanguan.
Jalan ogé harita mah can diaspal. Kuring masih sakola SD.
Ari ngaji, baheula mah jabrugan, ka saha baé anu loba santrina. Ngaji ka Pa Odang jeung papada batur urang Balandongan Kidul. Balik ngaji teu burung dijurung ku kasieun, da paroék harita mah teu kawas jaman ayeuna lebah dinya téh. Ongkoh jalan can diaspal, kudu ngaliwat ka tempat anu harieum dipinuhan ku tangkal Kibeling. Ngan sanggeus aya warung Ceu Atikah mah, rada ngemplong meueusan haté téh, teu dipinuhan teuing ku rasa sieun, barudak saentragan teu kudu ngaberetek lumpat ari balik ngaji téh, teu kudu ditéang deui ku anu jadi kolot atawa aki.
Paling resep lamun geus bérés usum dibuat. Waktuna sawah dipacul atawa waktuna numpang galeng. Dina handapeun galengan anu dipinuhan ku tangkal Kibeling mah belutna téh baradag nakeran. Sanajan langka beubeunangan, harita mah nguarék téh jadi siga hiji kawajiban keur barudak lamun geus asup usum ngabaladah. Ngan lain béja lain carita, da bener, di sawah Ceu Atikah kungsi aya anu meunang belut sagedé pigeulang leungeun.
Ka dieunakeun, nalika warung Ceu Atikah geus nutup, lamun teu salah harita taun 1994, tempat beulah kuloneun warung ngahaja diratakeun, henteu ku kolot atawa budak dina usum dibuat sok dipaké tempat ngapungkeun langlayangan. Beuki ramé caritana lamun usum langlayangan téh pas pisan mangsana jeung bulan puasa. Ari ngadu langlayanganna lain jeung sasaha, tapi jeung urang Balandongan kénéeh, komplotan ti Bruney harita mah nu sok jadi musuhna téh. Keur Bah Ipong (alm) mah usum langlayangan dina bulan puasa jeung usum dibuat téh mangrupa hiji kaberkahan, bisa ngajual langlayangan nepi ka béak kana sakodina, ditambah ku ngajual gelasan. Lain dikelos harita mah gelasan téh, tapi diudar, dipulut ti handapeun warung Mang Ja’i nepi ka gonggo Apih Abad (alm).
Leungit jeung béakna tangkal Kibeling téh lain nanaon. Dina taun 1990-an katompérnakeun, sawah ceu Atikah téh dibeuli ku Kang Dayat, terus dijieun kulah gedé, sok dipaké nguseup ku anu bareuki nguseup. Aya alusna, jalan beuki lénglang, anu marulang ngaji ti pangajian Pa Jenal teu kudu sing beretek deui lalumpatan, bisa leumpang kalawan rinéh, teu sieun deui ku Kunti anu nyicingan tangkal Palaning jeung dapuran tangkal Kibeling. Aya ogé rugina, alam beuki lénglang geus pasti bakal sabanding jeung bakal laleungitna sawah-sawah nu aya di éta wewengkon.
Teu jauh ti harita, kana dua taunan. Pamaréntahan Orde Baru mémang masih mahabu dipikasérab jeung dipikasieun ku rahayat. Balandongan asup kana daérah Perluasan Pamaréntahan Kota Madya Sukabumi. Di gigireun imah Mang Ina (alm) diadegkeun Pos Ronda, pas pisan luhureun susukan. Barudak pamuda mah asa diulang taunkeun, da dibéré tempat keur nongkrong unggal peuting di éta Pos Ronda. Robahna alam mawa pangaruh kana kahirupan jalma mémang can ditalungtik kalayan daria ku para sarjana, tapi aya benerna, alam anu robah mawa pangaruh gedé kana kahirupan masyarakat. Asupna wewengkon Balandongan ka wilayah Pamaréntahan Kota Madya Sukabumi téh gedé pangaruhna ngudarkeun tali gammeinschaft kaganti ku budaya gesselschaft. Barudak pamuda geus mimiti wawuh kana pél BK jeung sabangsaning inuman. Tiap saptu peuting barudak pamuda marabok. Anu jadi para inohong lembur tangtu ngarasa ringrang ku kalakuan para pamuda modél kitu.
Tah, dina taun 1997, diayakeun gempungan, nyawalakeun kumaha carana ngatik jeung ngabina barudak, ngabina para pamuda sangkan henteu labuh kana jurang jeung léngkob kagoréngan. Diadegkeun deui Remaja Mesjid, pangajian khusus keur para nonoman. Hasilna? Kagiatan éta mémang mangaruhan kana kahirupan para nonoman, tapi lain jawaban anu hadé kana pasoalan anu aya harita. Anu kudu dijawab ku masyarakat Balandongan mangsa harita sabenerna, akar bijilna kagoréngan téh kumaha kasang tukangna?
Sabulan lilana, hal ieu ku kuring ditalungtik, beuki runtuhna tali paguyuban téh kajaba dipangaruhan ku robahna alam ogé ku asupna jalma-jalma ti luar Balandongan anu henteu apal kumaha kultur jeung budaya Balandongan. Loba tetekon anu dirempak, loba aturan anu katulis dina kahirupan diropéa sakahayang. Mihormat kana ajaran karuhun geus teu dilakonan. Sabab, maranéhna teu apal kasang tukang jeung lalakon sajarah Balandongan. Maranéhna- jalma anu hayang ngaropéa- lembur Balandongan ku cara séwang-séwangan moal apaleun lamun di éta lembur pernah aya wangunan anu suhunanna dipasangan hahayaman tina taneuh beureum. Jalma lian moal apal lamun baheula di kuloneun warung Mang Ja’i pernah aya dapuran awi gombong anu handapeunna dipaké maraén bal ku barudak. Balandongan bakal manggih deui kadigjayaan saperti baheula lamun dikokolakeun ku sing saha baé anu apal naon anu dipikahayang ku karuhun.
Ulah nepi ka, lembur Balandongan dina hiji waktu kaséréd , katingker, nepi ka kababad terus leungit siga tangkal Kibeling anu ayeuna geus leungit jeung akar-akarna.
Cag ah, ieu mah ngan saukur panineungan!
Kang Warsa
Posting Komentar untuk "Tangkal Kibeling Jeung Panineungan"