Sawah di Balandongan dina taun 2009.
Sapoé tas lebaran, kuring nganjang ka Balandongan, niat silaturahmi ka anu jadi kolot pituin jeung dulur-dulur. Teu poho, ti imah ogé geus diniatan arék ngawangkong salila-lila jeung babaturan saentragan, sugan araya di lembur jeung marudik ka lembur éta ogé.
Sabenerna, teu dihaja ogé da dina saminggu sakali mah, kuring sok nyadiakeun waktu ulin ka Balandongan. Nya, ari keur rada sibuk pagawéan mah, nepungan kolot téh nepungan baé, teu bisa kaluar ti imah, komo ngahaja-haja haying panggih jeung barudak mah. Kari-kari barudak Balandongan anu umur saentragan mah geus pada ngumbara, aya anu pindah lembur jeung anak pamajikanna, ogé loba anu keur kasab di panyabaan.
Wanci sareureuh budak, réngsé silaturahmi jeung dulur-dulur, kuring ngahaja ngulampreng ulin ka jalan. Tiiseun, biasana barudak dina mangsa kuring keur ngora jeung meujeuhna dedegler kénéh mah sok ngarumpul di hareupeun warung Mang Ja’i. Ah, da ayeuna mah geus euweuh ongkoh warung Mang Ja’i-na ogé.
Nya antukna mah, ngaSMS heula ka Mang Jajat, sugan keur aya di Balandongan. Teu kungsi lila aya SMS balesan, geus balik deui cenah ka lembur pamajikanna di Bojongloa. Antukna kuring leumpang ka Beulah kalér. Ngaliwatan imah Kang Ganda, Kang Didin, jeung Pa Didi. Aéh, angger baé jempling, kamarana jelema téh.?
Sajeroning ngahuleung, kuring boga pikiran, asa béda sapoé bérés lebaran jaman ayeuna jeung baheula. Sanajan peuting saméméhna geus takbiran nepi ka subuh, sapoé bérés lebaran téh tara tiiseun kieu. Barudak nonoman sok ngadon ngariung ngaramékeun sisi jalan. Lebah péngkolan warung Mang Ja’i ogé haneuteun pisan.
Ditungguan nepi ka janari ogé jigana moal aya barudak anu kaluar, kitu ceuk pikir. Nya, kapaksa baé kuring balik deui ka imah kolot.
Méméh balik, sabenerna panggih jeung budak Balandongan, sasatna mah baheula kungsi diwurukan ku kuring. Sasalaman bari nyium leungeun. Da kieu-kieu ogé meureun kuring téh bisa disebut juragan guru lamun di jaman Walanda mah.
Nya kitu, cenah manéhna karék bérés pisan diwisuda. Titélna geus sarjana meureun, ngan bingung cenah, kudu gawé kana naon.
“ Nuju sih ieu ogé abdi ngawulang, Pa!” Pokna.
Nya ceuk kuring mah, ngajar ulah dileupaskeun, tapi keur nyumponan pangabutuh hirup anu sakieu geus ngaberegedegna dibéré kamandang; mending gawé ka Jakarta, atawa lamun arék mah wirausaha di lembur. Sabari ngaharéwos, “ pajukeun lembur sorangan… ulah siga kuring jeung babaturan, ninggalkeun lembur matuh!”
Éta budak, teuing ngartieun teuing henteu maksud ti kuring kitu.
Ngobrol ka mana-mendi nepi ka jam 11.30 peuting.
###
Bérés nedunan sholat subuh, kuring leuleumpangan, ka wétankeun ayeuna mah. Rék ngadon ngopi di warung Mang Ujang.
“ Tah, bisi arék meuli taneuh mah nu éta, hargana 60 juta saareu, Sa!” Mang Ujang ngomong.
Beuu, tétéla, kuring téh katinggaleun informasi, kieu ari ulukuteuk teuing jeung pemilu téh. Geuning harga taneuh di lembur sorangan ayeuna geus sakitu pohara mahalna. Saareu nepi ka 60 juta.
Lain béja atuh da, taneuh anu sakitu mahalna ayeuna geus dibareulian ku para pendatang. Sawah Kang Mamad (alm) ogé geus dikavling-kavling, sababaraha widang taneuh geus diadegan imah. Baheula mah sawah éta téh sanajan ayana sisi jalan tapi pinuh ku belut lamun diurekan.
Anu Beulah kidul mah geus pinuh ku imah. Malah geus aya lapang voli sagala. Anu matak keur barudak Balandongan anu keur dipanyabaan, nalika balik ka lembur terus ngulampreng ka pasisian lembur geus pasti bakal ngadon colohok, nénjo lembur anu geus mimiti pepek ku wangunan nepi ka sisi-sisina. Loba jalma anyar anu teu dipikawawuh.
Arék dikumaha deui, da mémang kieu faktana, sawah-sawah geus mimiti disaeur, digaringkeun, terus diadegkeun imah di luhurna. Kanyataan hirup anu teu béda jauh jung manusa purbakala sabenerna, hirup nomadén, bédana, ari baheula mah ngaratakeun leuweung jadi huma atawa tempat mukim. Ayeuna mah ngaratakeun jeung nyaeur sawah keur ngadegkeun imah.
Malah kuring meunang béja, sawah anu ayeuna dipiboga bakal kaliwatan ku jalan anyar cenah. Ah, susugana baé aya milik, da anu enggeus-eunggeus ogé, warga anu aya di wewengkon Balandongan kalér jeung wétan loba anu ngadadak beunghar bati ngajual taneuh di Jalur Lingkar Selatan.
Ngan boa iraha ka Pangkalan bakal aya jalan anyar, henteu ngimpi-ngimpi acan.
Ngan lamun nénjo kana nguliatna pangwangunan anu rongkah, naon anu mustahil kaalaman téh ari kieu carana mah bisa kaalaman. Sapuluh taun ka tukang baé, sugan boga pikiran lamun susukan gedé anu kacida hieum jeung dipikasieun lamun liwat ka dinya peuting. Ayeuna mah lain bohong, ramé, imah anyar jeung gedong sigrong geus jlug-jleug.
Ngan édas wé, kucara kitu, henteu saeutik warga pituin lembur anu kaséréd ku deungeun. Arék status social atawa status kahirupanna. Rék dibohongan kumaha kuring, ayeuna mah anu pang gedé haokna téh gening lain warga pituin, tapi deungeun anu karék opat nepi ka lima taun pindah ka Balandongan.
Matak kuring sok ngaharéwos ka barudak Balandongan, utamana anu dirina dibralkeun jeung nganggap lamun Balandongan minangka lemah cai, “ Pajukeun lembur sorangan, ulah nepi ka dirampas jeung dipepejet ku deungeun..”
Cag ah!
KANG WARSA
Posting Komentar untuk "Harga Taneuh di Balandongan, 60 Juta Sa-are"