Isuk kénéh, panon ogé masih cepel, kuring geus ngobrol jeung anu jadi lanceuk, nu keur ngumbara di Sydney. Dina obrolan, lanceuk ngomong, “ Akang arék ka dental, ieu keur tumpak kareta api, Sa!” Cenah.
Teu sabaraha lila, ki lanceuk ngirim photo jero karéta api di Sydney. Sababaraha menit kuring ngabati kerung, mikir, duh.. arék naon geura isuk-isuk maké kudu mikiran jero karéta api di nagara batur. Bari can mandi-mandi acan ongkoh.
Mikir téh bakat ku hélok wé, nénjo jero karéta api asa ku raresik, lening, lain saukur lening tina runtah jeung tulisan-tulisan jail, ogé saeutik ku panumpang. Ras inget kana alat patali marga di urang, heueuh lamun can pinuh ku panumpang mah hantem baé didedet-dedet ku kenékna. Kungsi ngalaman, ti Bandung nepi ka Sukabumi kudu nangtung sapanjang jalan dina beus. Da puguh beus padedet heurin usik ku panumpang.

Geus komo lamun ngabandingkeun waruga alat patali margana mah, karéta api wé nu keur ditumpakan ku anu jadi lanceuk. Di nagara batur mah éstu diperhatikeun kabersihanna. Ki lanceuk ngomong, ucapanna karah ngondang rasa panasaran, “ Ngeunah di dieu mah. Sagala haratis fasilitas publik ogé. Ka dental ogé ieu teu kudu mayar. Pangangguran ogé digajih ku nagara, Sa!”
Asa béda atuh da jeung di urang. Tadi pisan, isuk kénéh aya babaturan anu nulis status dina facebook, majar sagala kudu maké duit di nagara urang mah. Édas, bener pisan lagu Kang Doel Soembang, cenah.. sagala kudu ku duit jeung duit pedut. Nepi ka miceun jeung kahampangan ogé teu sirikna kudu dibayar.
Nya, geus sakuduna atuh ari anu ngaranna kabeuratan jeung kahampangan mah rahayat téh disayogikeun jamban anu teu kudu dibayar. Ras kana harti rasa kamanusaan, dimana rasa kamanusaan bangsa urang lamun kiih jeung modol baé kudu mayar?
Lain ngajejeléh bangsa sorangan, dina hiji mangsa kacaturkeun aya hiji jalma, tunyu-tanya ka jalma-jalma anu aya di dayeuh, “ Dupi Sakola anu paling caket ti dieu palih mana?” Kitu nanyana téh, nya kabéh jalma pada nuduhkeun, ka STM AMS, harita taun 90-an, di Ramayana.
Kuring panasaran, hayang nyaho, naon maksud éta jalma tunyu-tanya sakola pangdeukeutna ti Ramayana. Rasa panasaran béak, nalika éta jalma ngomong semu éra, “ Akang téh hoyong kabeuratan..!”
Jéntré pisan, arék ngadon miceun di jamban sakola meureun. Sadar kuring ogé, lamun miceun di tempat biasa anu aya seratan WC Umum, geus pasti kudu mayar. Jigana, boga duitna ngan keur saongkoseun.
Éta pisan rasa kamanusaan nu dimaksud ku kuring. Jalma nepi ka kudu abur-aburan bari nahan kaéra jeung nahan eusi beuteung arék dibijilkeun. Ceuk kasarna mah, ngabijilkeun eusi beuteung ogé kudu ditatahan jeung kudu nahan sagala rupa, kumaha néangan eusi beuteungna?
Aya babaturan anu ngoméntaran kana photo kaayaan karéta api di Sydney, ceunah di urang mah masih jauh kénéh tug nepi ka manggihan modél kitu. Kuring moal nyalahkeun ka sasaha, keur diri kuring sorangan ogé anu ngaranna hirup beresih téh masih ngan nepi ka slogan wungkul. Komo lamun hal kitu téh tumibana ka hiji masyarakat atawa sakuliah warga nagara. Jigana bener, hirup di urang hayang siga di Sydney téh boa iraha.
Hiji hal anu ku kuring diinget, pangna di Sydney kaayaanna bisa kitu kusabab dipangaruhan ku sababaraha hal; nu paling penting nyaéta kasadaran rahayat jeung pamaréntah. Hal anu séjénna dipangaruhan ku sikep jeung cara kamandang anu katégoris. Ieu penting pisan, sabab ciri bangsa maju mah dina ngalakukeun hiji hal tara dicampur adukkeun antara ieu jeung itu ari teu boga gantar kakaitan mah.
Bandingkeun jeung di urang, tong jauh-jauh, kamari baé waktu Pileg jeung Pilpres, kusabab cara pandang henteu katégoris, loba rahayat jeung para inohong anu katingker ku pamikiranna sorangan. Asa geunjleung salelembur, da teu dimana baé anu diguar jeung dicaritakeun téh pasoalan pileg wé jeung pilpres. Ruang-ruang publik nepi ka ruang média sosial pajejet ku pasoalan-pasoalan politik. Nepi ka budak SD jeung SMP anu can waktuna mikirkeun pasoalan politik praktis geus pipilueun mikir jeung ngomong ka kuring, “ Wah, upami ieu anu janten Presiden mah bahaya, Kang!” Pokna.
Tukang sayur, patani, anu boga warung, tukang dagang pulsa, nepi ka manteri tukang nyuntik éar ngaromongkeun politik. Malah, nepi ka kiwari dina média sosial mah masih kénéh marebutkeun anu disangkana téh marebutkeun bebeneran. Padahal ceuk kuring jalma leutik, anu ngaranna marebutkeun bebeneran mah lain dina media sosial, tapi di pengadilan. Keur perkara pilpres aya tempatna, Mahkamah Konstitusi.
Kuring ménta ka Ki lanceuk, pangmotoankeun kaayaan di Sydney isuk ieu. Nya dikirim deui hiji photo, eusina ngébréhkeun ruang publik anu raresik, bangku panjang keur didiukan ku sababaraha urang. Cenah, trotoar ogé di dieu mah lega jeung lalening.
Haté mah gumecrot tapi huntu ngabati kekerot lamun inget ka ruang publik anu aya di urang. Geus teu kudu dicaturkeun.
Baraya, meureun pangna nagara batur anu sakapeung ku urang sok disebut nagara kafir téh pangna kitu ogé geus nanjeurkeun spirit ka-Islaman anu sajati. Da niléy jeung spirit ageman hirup lain saukur catur tanpa bukur, lain saukur minuhan podium-podium masigit anu euyeub ku dalil naqli jeung hadits, tapi keur prak-keun dina kahirupan sapopoé.
Tinggal nanya ka diri urang, saha sabenerna anu disebut ‘kafir’ téh? Ieu mah leupas tina pamikiran konvénsional jeung masalah-masalah kayakinan. Meureun, kecap kafir téh ari kitu mah tumiba ka urang-urang kénéh anu can bisa mintonkeun niléy jeung spirit agama urang sorangan. Dina lebah embung nyebut kana diri sorangan kafir ogé, meureun urang téh masih kaasup jalma-jalma munafék, ngan ukur bisa ngagorolang maca hadits Annadzoofatu minal Imaan.
Cag ah.. Kuring arék mandi heula.
KANG WARSA

Ayo tonton konser langsung Tiny Tim Tribute Band, pada Regency Theateryang cantik!
Posting Komentar untuk "Antara Sukabumi jeung Sydney"