Bapa Mantri

Sumber Photo:imansenja.com

Kudu loba dima’lum ari ka jalma anu cicing jeung dumuk di lembur mah. Mangsa keur budak sok mindeng disingsieunan ku anu jadi kolot jeung nini. Masih ngulampreng wanci tunggang gunung jeung sareupna sok disingsieunan, “ Awas, aya sandékala!” cenah. Panyingsieun ti kolot model kitu kacida éféktif, barudak teu kudu dicarék dua kali ogé langsung blas-blus ka imahna séwang-séwangan.

Lain nyingsieunan ku sandékala wungkul kanu jadi budak jeung incu téh. Lamun pabeubeurang mah nyingsieunan ka barudak téh sok ngagunakeun hal-hal anu mémang dipikasieun ku barudak. “Awas, aya pulisi!”, “Hag, aya culik!”. Nepi ka “Bapa mantri” ogé bisa dijieun kalimah keur nyingsieunan barudak.

Di wewengkon Sukabumi Beulah kidul, aya sababaraha mantri anu biasa suntak-suntik nalika aya warga anu gering, lolobana pansiunan ti TNI-Polri. Di wewengkon Balandongan aya Pa Tohir (alm), pangsiunan TNI – ku urang lembur disebut tentara baé -. Aya anu gering, arék beurang atawa peuting, lamun ditéang ka imahna, tara kungsi lila gurudug datang ka imah anu néang dina motor heubeul. Ngagandong tas warna héjo, nya kusabab pangsiunan TNI, ngeplés pisan jeung tentara anu arék bajoang ka médan laga.

Barudak mah sok riab, lalumpat, nyarumput ka imahna séwang-séwangan nalika ti kajauhan nénjo kana ringkangna Pa Tohir tumpak motor. “ Aya mantri… aya mantri..!” Kitu ceuk barudak.

Lain Pa Tohir wungkul, ka lembur ogé sok ngaliwat mantri séjén, ngaranna Pa Agus. Ngan geus tangtu ieu mah, ngaliwat ka lembur téh unggal poé Minggu. Henteu béda jauh jeung Pa Tohir, lamun nénjo ringkang Pa Agus ti kajauhan, barudak geus nyarumput ka imahna, bari sing gorowok heula, “ Aya.. Pa Agus… Aya Pa Agus!”

Réngsé Pa Tohir jeung Pa Agus pangsiun tina kalungguhan ‘Bapa Mantri’, jol deui aya mantri séjén. Asalna ti lembur pasir, ngaranna Pa Ahim. Ngan kusabab jaman geus béda, barudak henteu pati sieun teuing ku Mantri Ahim mah. Geus marikir meureun, naha maké kudu sieun ku “Bapa Mantri?”

Kunaon barudak sieun ku Mantri? Alesanna bisa diténjo tina jarum suntik. Pernah kuring keur leutik dibawa ka puskesmas kusabab katerap panyakit cacar. Ceuk anu jadi aki, anu nyuntikna lain mantri, tapi dokter. “ Teu kedah sieun, da di puskesmas ieu mah anu nyuntikna dokter ti dayeuh!”. Bener, kuring ogé kaupahan ku éta ucapan, komo nalika nénjo jarum suntik anu digunakeun ku dokter jeung mantri asa béda. Teuing téténjoan atawa sugésti dina diri, nénjo jarum suntik ‘Bapa Mantri’ mah asa gedé nakeran. Éta pisan anu ngalantarankeun barudak sieun ku mantri.

Bapa Mantri sabenerna sebutan keur jalma anu boga kalungguhan jeung profési di lembur. Ka béngkong anu sok nyunatan sok disebut ‘mantri jero’, aya ogé ka bapa pulisi anu nyebut mantri pulisi. Hal ieu dilantarankeun, kolot dina taun 50-70an mah tara hésé ngalandih jalma. Lamun aya jalma anu rada badag panghasilan jeung pakéan aralus sok disebut anémer. Ka jalma anu boga profési anu leuwih tinu séjén nya disebut baé mantri.

Meureun kecap mantri téh dicokot tina kecap MENTERI. Anu ayeuna keur meujeuhna haneut diomongkeun ku balaréa. Réngsé présidén anyar diistrénan, masyarakat katénjona geus henteu sabar hayang nyaho saha baé anu bakal diangkat jadi menteri ku présidén. Dina media mah rupa-rupa kamandang dipedar; aya anu nyebut présidén telat nyieun kabinét, aya ogé anu mélaan, kudu sabar.

Pa Tohir, Pa Agus, jeung Pa Ahim mah jigana keur nyéréngéh wé, bari ngomong, “ Hayang jadi mantri mah gampang, sorén kantong jeung bawa suntikan anu gedé, !” Ku Masyarakat, langsung disebut ‘Bapa Mantri”.

Kang Warsa

Posting Komentar untuk "Bapa Mantri"