Kabéh jalma boga ngaran, ngaran jalma geus pasti béda jeung nomor seri atawa versi hiji prodak. Umpamana ngaran-ngaran prodak mah bisa ngagunakeun kombinasi huruf jeung angka, contona A-381, R-831. Ngaran jalma mah lolobana kombinasi alfabet atawa huruf. Asa jarang jalma dibéré ngaran ku anu jadi kolot : F-82 umpamana. Ngaran anu eusina kombinasi huruf jeung angka mah biasana ngaran landihan atawa alias.
Di lembur kuring, aya hiji jalma, ngaran pituinna mah Rosyidin, malah lengkepna mah Rosyidin Abu Bakar. Dibéré ngaran kitu téh henteu asal, ceuk anu jadi kolotna, kabeneran bapana jadi marbot di masjid jamé, sangkan anu jadi budak nyurup jeung Abu Bakal salaku kholifah anu kahiji saba'da Rosul ngantunkeun. Ngaran sakitu hadé jeung alusna téh teu pati dipaliré ku babaturan saentraganna mah. Kuduna disebut Ocid, Bakar, atawa Abu, ku babaturanna mah malah sok disebut Udél.
Kasang tukang disebutan Udél téh pédah ti saprak bérés disunatan nepi ka umur tujuh taun tara leupas dikopéah hideung. Kitu da ari masarakat mah, nyurupkeun ka Si Udawala cenah, anu tara leupas dikopéah hideung. Taun 1976, Mang Kanta salaku marbot masjid sok ngambek lamun aya babaturan Si Udél nyebutan ka anakna kitu.
“ Ku déwék mah dibéré ngaran saalus-alus, naha ari ku maranéh disebutan Udél!” Kitu ceuk Mang Kanta bari molotot ka barudak.
Tapi anu jadi budakna tara ngambek disebut Udél. Keun baé cenah da barudak anu séjén ogé sok diesebutan ku ngaran landihan; aya anu disebut Si Kumpay, Si Beunteur, Si Beurit, Si Bajing, jeung Si Ucing.
“ Masih mending Udél mah disebutan nami tokoh punakawan, jalmi kénéh ieu , tibatan dilandih ngaran ku ngaran sato..!” Ceuk Si Udél ka kuring dina hiji mangsa.
Boga kahayang jadi Lurah atawa lebé. Keur diuk di sakola dasar ogé lamun ditanya ku guru, jawaban Si Udél kitu. Hayang jadi lurah atawa lebé cenah. Alesanna basajan, lurah jeung lebé mah dikenal ku masarakat, bisa babakti ka masarakat, malah lamun hadé dina babakti mah sok dipihormat.
Réngsé sakola dasar, Si Udél nuluykeun sakola ka MTs terus ka PGA. Sangkan ngadukung kana pamaksudanna jadi lurah atawa lebé. Sabab, lolobana mah anu jadi lurah jeung lebé téh ngan saukur tamatan SD ari lembur mah. Nya kusabab tamatan sakola dasar bari embung ngalap deui élmu pangaweruh, pamikiranna ogé teu saeutik anu sarua jeung barudak SD. Loba kacaritakeun anu jadi lurah atawa lebé nyarandung kusabab kawas budak, teu kaop nénjo aya masarakat anu hérang sok langsung didatangan ka imahna. Awéwé di lembur ngaranna ogé, saha anu teu daék dikawin ku jalma anu boga pangkat lurah atawa lebé? Sok sanajan dicandung ogé henteu jadi soal.
“ Kuring mah moal kitu lamun engké jadi lurah atawa lebé, arék lempeng baé, moal incah balilahan, rék daria dina ngokolakeun masarakat.” Ceuk Si Udél dina hiji waktu.
Masjid jami anu ayeuna sok dipaké kagiatan kaagamaan téh sabenerna taneuh wakaf ti aki pituin Si Udél. Matak aya hubunganna antara pamaksudan jeung naon anu geus dilakukeun ku akina, ngawakafkeun taneuh anu legana kurang leuwih 8 areu. Mang Kanta ogé sok ngimaman lamun kabeneran kyai keur aya acara di luar.
Kabiasaan aki jeung bapana nurun ka Si Udél. Taun 1998 manéhna mindeng pisan ngimaman di masjid jami lamun pareng keur balik ka lembur. Kajaba sakola di PGA téh, manéhna ogé masantrén di hiji pondok pasantrén anu kakoncara di Sukabumi. Ngan ceuk Aki Enap mah, sok lila ngimamanna Si Udél mah, sok maca surat-surat anu panjang siga Annaba, Annaaziat, jeung Abasa. Komo lamun ngimaman tarawéh, biasana tarawéh 15 menit, lamun diimaman ku Si Udél mah bisa nepi ka 45 menit. Di lembur mah sholat tarawéh lila teuing téh sok pada ninggalkeun. Anu matak, masarakat sok tatanya hela saha anu jadi imamna. Lamun anu jadi imam tarawéh kyai, masarakat sok tumplek ka masjid, tapi lamun anu jadi imamna Si Udél, masarakat sok sing laliud terus sholat tarawéh di masjid séjén.
Réngsé sakola jeung masantrén, Si Udél balik deui ka lembur, jadi guru Madrasah jeung daria ngokolakeun masjid, dijenengkeun jadi ketua DKM ku masarakat, geus daék jadi khotib jeung ngeusi pangajian minggonan.
Dina hiji poé Mang Kanta ngomong ka Si Udél, geus baé jadi Pagawé di Depag cenah. Masalah kumaha asupna mah gampang da loba babaturan bapana anu nyekel kalungguhan di Depag. Sanajan kudu ngaluarkeun duit gedé ogé teu nanaon nu penting anak bisa jadi pagawé nagri.
Si Udél, harita mah kaasup jalma idéalis, ceuk Si Udél teu kudu kikituan, komo kudu ditambahan ku sugak-sogok mah, ceuk basa manéhna mah haram kikituan. Mang Kanta teu bisa kukumaha deui, da bener lamun dipikir jeung dihubungkeun jeung agama mah, asa teu pantes kudu sugak-sogok heula kulantaran hayang jadi pagawé nagri. Nepi ka taun 2003, Si Udél keukeuh panceg kana kayakinanna, teu incah balilahan; jadi imam masjid, guru madrasah, jeung ngeusi pangajian.
Teu jadi pagawé nagri na téh. Da nepi ka taun kamari, Si Udél masih angger jeung kabiasaan anu geus matuh. Pernah ngomong ka kuring, geus béda alam, baheula mah masjid téh pinuh ku anu berjamaah, ayeuna mah ti Subuh nepi ka Subuh deui paling alus ngan sajajar. Keun ari waktu subuh mah teu kudu dicaritakeun, cenah, da kabéh ogé geus pada apal.
Lain dina masalah solat berjamaah wungkul. Barudak anu ngaji ogé geus sakasampeurna, ayeuna ngaji isukna teu hol. Anu pinuh téh malah sisi jalan ku barudak anu arulin. Si Udél ngomong, pernah sabenerna rieut ogé mikiran batur, hayang sangkan barudak jeung masarakat sarua jeung anu aya dina pikiranna.
Naon anu diucapkeun ku Si Udél henteu salah, kasadaran jalma kana ibadah jeung niléy spiritual geus robah, bisa kusabab jaman ogé kusabab méntalitas meureun. Masjid jami anu biasa sok dicét tiap bulan puasa ogé geus jarang dicét. Lalangitna geus karohok pada ngantep, lamun hujan turun, iris pohara maseuhan karpét masjid. Lila-lila mah jero masjid jadi bau, nya dijieun alesan baé ku masarakat, lain embung ka masjid, éta da masjidna ogé bararu. Sholat mah cukup meureun di imah ogé jeung anak pamajikan.
Dina hiji poé, kabeneran kuring keur rada salsé, ngaliwat ka masjid. Si Udél keur moéan karpét. Karpét digulungan, dipanggulan, terus diamparkeun di hareupeun masjid.
“ Bangun rék gulung tikar, Dél!?” Ceuk Kuring heureuy.
“ Doraka, manéh kumawani nyebut masjid rék bangkrut!” Témbal Si Udél semu hah heh hoh bawaning capé manggulan karpét masjid. Dirina teu bisa nyumputkeun aya pasoalan anu keur meujeuhna disanghareupan.
“ Aya naon?” Kuring nanya.
“ Cicing baé manéh, mandoran kuring teu kudu loba tatanya.”
Kuring antukna ngabantuan, nepi kabéh karpét kaamparkeun di buruan masjid. Si Udél jeung kuring diuk di jero masjid. Teu loba anu diobrolkeun, anu jelas masih ngomongkeun pasoalan anu disanghareupan ku jalma di jaman kiwari. Ngan tetep, dina cara ngomongna aya rusiah gedé anu teu bias disumput salindungkeun.
Sabulan ti harita, masarakat ramé, éar pada ngaromong, geunjleung salembur.
“ Masjid jamé digugat!” Kitu anu diomongkuen ku kabéh urang lembur.
Meunang béja ti babaturan, taneuh wakaf anu diluhurna diadeugkeun masjid téh geus dijual ku anu jadi lanceuk Si Udél ka urang Kota. Anu ngarasa geus meuli éta taneuh mawa surat jual beli jeung kuitansi anu ditanda tangan ku lanceuk Si Udél jeung para saksi.
“ Nurustunjung, taneuh wakaf wani dijual!”
“ Enya ogé anu ngawakafkeun téh akina, tapi kahayangna ulah kitu, kumawani ngajual taneuh wakaf keur kapentingan pribadi.?!”
“ Masjid arék diruag, terus rék dijieun naon cenah?”
Kitu raména di lembur.
Mana teuing mentegegna haté Si Udél jeung Mang Kanta, lamun bener éta taneuh dijual ku anu jadi lanceuk jeung budakna.
Ti kajadian harita, kulawarga Mang Kanta pindah imah. Imah dijual terus meuli deui imah di lembur séjén. Euweuh anu nyahoeun dimana ayeuna cicingna sok sanajan saminggu sakali Si Udél sok silaturahmi ka ieu lembur tapi teu ngabéjakeun dimana cicingna.
Balik silaturahmi ti imah kuring, sok dijajap nepi ka sisi jalan. Katénjo, lamun geus nepi ka jalan hareupeun masjid jami sok lila eureun. Nineung.
Masjid anu gedé tur agréng téh geus euweuh dikieuna, di luhureun taneuh wakaf anu dijual, ayeuna geus ngadeug hiji imah gedong jeung loténg dua tingkat.
Pernah éta ogé Si Udél ngomong sababaraha taun katukang ka kuring.
“ Tiiseun ayeuna mah masjid téh, béda jeung baheula. Anu jadi lanceuk mah ngomong ka kuring, geus baé jual taneuhna, da éta mah taneuh aki. Ku kuring dianggap heureuy, maenya anu jadi lanceuk arék kumawani ngajual taneuh wakaf.” Ceuk Si Udél.
Kuring ogé sarua, boga kamandang, lanceukna heureuy.
###
Geus aya kana sataun satengah, Si Udél geus tara silaturahmi deui ka ieu lembur. Jorojoy dina diri aya rasa sono, hayang diuk deui di tepas masjid sabari ngobrol jeung manéhna ngabahas saga rupa.
Kang Warsa

Posting Komentar untuk "Carpon: Si Udél"