Saminggu ka tukang lalajo film India, judulna PK, dibaca Pi-Kai, pihartieunna “jalma lieur”. Film anu ngandung satire, anu disindir lain nanaon, tapi sarupaning kayakinan jeung agama anu diagem ku jalma ayeuna.
PK, hiji mahluk anu datang ti awang-awang, boga pangawakan sarua jeung jalma, ngan kusabab asal ti awang-awang nya teu apal kumaha cara jalma komunikasi. Katambah, waktu mimiti nincak bumi manéhna teu dibaju, éstuning bulucun, di tempat asalna mémang teu biasa dibaju., hiji hal anu patojaiah jeung kabiasaan jalma di bumi.
Anu ngalantarankeun manéhna ka bumi nyaéta rék ngayakeun panalungtikan, kusabab aya hiji planét anu pangeusina boga pangawakan sarua jeung mahuk anu aya di tempat asal manéhna. Balahi tumiba, nalika pakakas anu ngagantung dina beuheungna dipaok ku hiji jalma. Éta alat mangrupa rémot kontrol keur ngandali kapal anu mawa manéhna ka Bumi. Leungit rémot kontrol, hartina manéhna moal bisa balik deui ka tempat asal.
Ku jalma anu aya di bumi, tangtu manéhna disebut Pi-Kai, jalma linglung, kamamana teu dibaju. Meunang baju téh hasil maok ti sapasang jalma anu keur ngalakukeun hubungan (sapatemon) dina mobil. Angger baé manéhna can bisa komunikasi jeung sasaha, da can boga basa verbal kumaha ilaharna jalma anu aya di bumi. Lumampah ka ditu ka dieu seja néangan rémot kontrol anu dipaok téa.
Antukna nepi ka Delhi, sanggeus bisa ngomong jeung ngawasa kana basa verbal kucara nyedot énérgi anu aya dina diri hiji awéwé (PSK).
Tatanya ka ditu ka dieu, ka tiap anu ditepungan, kabéh ngan bati gogodeg sabari ngomong: Anging Gusti anu uninga. Menta ka Gusti sangkan rémot kontrol kapanggih deui.
PK bingung, karék ayeuna manéhna ngadéngé kana kecap Gusti. Ti sagigireun rasa bingung éta manéhna panasaran, nya tatanya ka sakur jalma, di mana cenah ayana Gusti téh? Dituduhkeun ku jalma-jalma anu miboga béda kayakinan; ka kuil, garéja, jeung masjid.
PK masih bingung ku lobana kayakinan jalma dina méré kamandang kana éksisténsi Gusti. Masing-masing boga kayakinan jeung ritual anu béda-béda. Ceuk agama ieu Sapi téh mangrupa sato anu mulia kudu dipupuja, ceuk agama anu ieu Sapi bisa dipeuncit jeung dikurbankeun. Ceuk agama ieu ka tempat ibadah bisa mawa arak, ceuk agama anu ieu teu meunang mawa arak komo nginumna mah.
Beuki bingung nalika jalma boga kamandang anu béda-béda ngeunaan Gusti. Ceuk pikir PK, Gusti anu dipersonifikasikeun, dianthropomorfiskeun téh dijieun ku jalma. Disesembah ku cara anu béda-béda. Geus tangtu jalma moal manggihan jeung nepi kana Zat anu sajati. Diumpamakeun sarua jeung jalma anu nelpon kana nomer anu salah. Dina aya anu ngangkatna ogé lain anu dipimaksud ku urang.
Ceuk PK, agama-agama anu dijieun ku jalma, naon baé ogé ngaranna ibarat nu nelpon “salan nomer”.
Antukna, klimaks dina éta film, Pi-Kai diuudag ku jalma, ku kabéh agama dipikaijid. Kaasup ku hiji tokoh agama anu ngaranna Tapasvi Maharaj, tokoh agama anu mindeng ngaluarkeun fatwa teu paduli éta fatwa bener atawa salah nu penting bisa ngahasilkeun duit, kakawasaan, jeung populéritas sangkan manéhna dipupuja jeung diagungkeun ku umat.
Satire Pi-Kai keur jalma-jalma anu resep ngagugulung kana logo jeung simbul, jalma anu kakurung dina penjara pikiran jeung kakawasaan anu dianggap asal ti Gusti. Jalma anu boga sangka bisa buméla jeung boga tékad nyalametkeun kayakinan jeung agama. Padahal, sakumaha gedéna jalma dibanding jeung ieu alam? Kari-kari jalma anu henteu sakeupeul-keupeul acan ieu kumawani sombong rék mélaan Gusti anu Maha Agung.
Anti-klimaks film Pi-Kai nyaéta, nalika manéhna manggih hiji kayakinan, lain kayakinan jeung ajaran anu salah, anu ngalantarankeun telpon ‘salah nomer’ téh dilantarankeun ku jalma-jalma kénéh. Anu réa jeung resep ngajadikeun kayakinan dilembagakeun ngawujud jadi agama. Geus puguh kayakinan anu béda téh dijieunna ku jalma-jalma kénéh, tapi anéhna, jalma teu bisa mihormat kana naon anu geus dijieun ku maranéhna sorangan. Lamun Gusti aya sahiji, nya pasti sahiji, moal jadi béda-béda.
Keur urang Sunda buhun mah , kayakinan modél kitu geus nanjeur jeung nancleb dina kahirupan. Di tatar Sunda sorangan, jauh saméméh asupna agama-agama samodél ayeuna, geus miboga ajaran, sumujud kanu Agung, muja Kanu Kawasa, teu dilembagakeun da ajaran mah mangrupa hal anu sifatna transéndén. Karuhun Sunda teu wani ngakéem wahyu-wahyu di Gusti terus dijieun kitab suci. Da anu ngaranna kahirupan mah sifatna moal autotéks atawa liéear, ti jaman ka jaman pasti bakal robah.
Ceuk kuring, film Pi-Kai kudu dilalajoanan, ti mimiti nepi ka bérés.
KANG WARSA
Posting Komentar untuk "Film P.K"