Jalma Awal Ayana Ti Tatar Sunda



Dina taun 2005, Harry Truman Simanjuntak ngaluarkeun hiji kamandang: “Homo Sapiens awal ayana di tatar Sunda”. Homo sapiens mangrupa jalma anu geus miboga budaya miwah kamotékaran hirup. Kamandang ieu tangtu mangrupa hiji hal anyar dina widang Arkéologi, sok sanajan sababaraha taun ka tukang, sanget diguar ku para ilmuwan ngeunaan Atlantis, Sundaland, jeung Lemuria. Konsép jeung téori anyar ieu disodorkeun ka LIPI, sangkan ditalungtik kalawan daria. Mang hanjakalkeun, ti mimiti dikaluarkeunna ieu kamandang tug nepi ka danget ieu, saeutik pisan ahli fiqir anu soson-soson ngayakeun panalungtikan asal muasal manusa awal. Malah, urang Sunda sorangan ogé siga anu wegah dina nalungtik ieu hal.

Sikep wegah jeung kurang dariana para ahli Arkéologi –komo urang Sunda- jigana dipangaruhan ku sababaraha hal. Kahiji, téori anyar kudu bisa ngabuktikeun sangkan téori heubeul ngeunaan asal-muasal pinuh ku “fallacy”, téori anyar ogé kudu bisa ngabuktikeun lamun ieu téori mangrupa hipotésa anu geus ngaliwatan sababaraha léngkah anu ngadeukeutkeun kana kailmiahan.

Kadua, téori anyar ieu geus tangtu henteu sapagodos jeung kayakinan lolobana jalma anu geus jauh nyebutkeun lamun jalma awal téh diturunkeun ti sawarga di India, terus nepi ka papanggih deui antara Adam jeung Hawa di taneuh Arab, sok sanajan, téori évolusi ogé sabenerna teu sapagodos jeung konsép ‘human fall’ anu aya dina kayakinan agama.

Harry Simanjuntak tangtu henteu asal-asalan tina nyodorkeun téori asal-muasal jalma. Salaku ilmuwan, manéhna dina medalkeun hiji kamandang ngaliwatan hela léngkah-léngkah ilmiah, salah sahijina kalawan kajian kapustakaan. Sababaraha minggu ka tukang, Sam Bimbo ogé pernah ngedalkeun dina TVRI, lamun manusa awal téh éstu asalna ti Sunda pisan. Mémang, anu dikedalkeun ku Sam Bimbo ieu kawilang subyektif jeung autokritik kusabab manéhna salaku inohong anu aya di tatar Sunda.

Anu kudu diguar nyaéta, nyaruakeun hela persépsi ngeunaan Sunda. Jalma kiwari mun ceuk basa kerénna mah ‘manusia kontémporér’ sakapeung sok kajebak ku kecap anu ayana béh dieu. Malah sok loba anu nyurupkeun kahirupan jaman ayeuna ka jalam baheula, anu antukna nganggap lamun jaman baheula mangrupa hiji jaman anu kaayaanna jauh ka maju. Aya ogé anu kajebak ku pola puritanisme, mawa jaman baheula ka jaman ayeuna, jaman ayeuna anu dipinuhan ku kamajuan mangrupa musuh anu kudu diperangan jeung matak ngajauhkeun jalma tina kayakinan agama.

Kitu deui dina masalah kecap Sunda. Sunda ayeuna mémang mangrupa hiji séké-sélér anu netep di tatar Sunda. Ngan lamun urang nyebut tatar Sunda, nilik kana sababaraha kajian, tatar mangrupa taneuh anu ngahiji teu dipisahkeun ku laut. Tatar Sunda anu sok disebut “Paparan Sunda” mangrupa daratan buhun ti Sumatera, Pilipina , Sulawesi, nepi ka NTT saméméh balahi banjir rongkah kusabab és anu aya di kutub lééh jadi cai.

8.000 taun ka tukang, tataran Sunda kapisahkeun ku cai anu ngawangun jadi selat jeung laut anu henteu pati jero. Katambah ku ngésérna lémpéng benua anu ngajauhkeun antara hiji daratan anu leuwih Luhur jeung daratan séjénna. Méméh balahi banjir anu dijéntrékeun dina sababaraha kitab suci lumangsungna dina mangsa Nabi Nuh, geus aya kahirupan anu maju, anu henteu kaukur ku urang anu hirup di jaman ayeuna.

Urang tangtu nyalahkeun, naha karuhun-karuhun anu aya di tatar Sunda teu ninggalkeun tapak jeung lacak mangrupa bukti atawa dokumén anu bisa diaji jeung diuji kiwari. Lain kitu, urang anu miboga kayakinan lamun ku kamajuan jaman siga ayeuna bakal bisa ngamankeun data da bisa diteundeun kalawan online sabenerna dina hiji mangsa sarua bakal musnah jeung tumpur ludes. Antukna urang ogé bakal disalahkeun ku jalma-jalma dina mangsa 5.000 taun ka hareup. Kaayaanna samodél kitu. Dalah, carita-carita dina kitab Suci ogé teu bisa dijadikeun dasar pamikiran jeung fakta historis sajarah manusa, sabab carita-carita dina Kitab Suci teu leupas tina guguritan, dongéng, jeung mitos anu dilégitimasi ku kecap ‘wahyu’.

Geus jadi hukum Alloh, anu ngaranna kamotékaran hirup hiji bangsa bakal robah jeung usik moal leuwih ti 700 taun lilana. Ayeuna, bangsa Barat keur meujeuhna nanjung ti taun 1.600-an, ieu teu leupas tina pangaruh; caahna budaya, sirkulasi pamikiran, jeung sikep nomadén atawa migrasi jalma ti jaman ka jaman.

Di dunia ieu, nilik kana ras (séké sélér) jeung basa; jumlah basa anu aya di wewengkon Nusantara dina hiji paparan baé aya kana 1.200 jinisna. Ieu nandakeun kahirupan di ieu wewengkon geus lumangsung lila. Basa anu diucapkeun ku tiap séké sélér mangrupa hiji kamajuan anu kaukur, da ciri manusa maju téh bisa ngalakonan komunikasi atawa obrolan jeung sasama ku basa verbal jeung tulisan. Jadi kacida rasionalna, lamun Harry Truman Simanjuntak mertélakeun, jalma awal anu geus miboga budaya téh asalna ti Tatar Sunda.

Ieu mangrupa kamandang pribadi ti kuring, teu ilmiah. Ngan keur ngajak ka bangsa sorangan sangkan daria jeung soson-soson dina nalungtik sajarah bangsa sorangan. Sanajan hésé, da ayeuna urang geus kapenjara ku kayakinan anu loba dilégitimasi ku ‘wahyu’. Alloh moal nyalahkeun kana rupaning usaha jalma salila sapagodos jeung lempeng dina jalur. Tugas jalma ngan hiji, nyiar jeung nyieur bebeneran anu geus dikureb ku panutup kayakinan anu urang ogé masih kénéh mangmang kana bener jeung salahna? Mung Alloh Anu Maha Uninga.

KANG WARSA

Posting Komentar untuk "Jalma Awal Ayana Ti Tatar Sunda"