Panén, "Hukum Pasar", Jeung Harga Béas



Lain kaalaman ku sasaha, ieu mah éstuning kaalaman pisan ku diri sorangan, “ boga sawah tapi béas kudu meuli ka warung.” Lolobana, anu boga sawah rada lega ogé kitu di jaman kiwari mah. Usum panén ogé babakuna henteu apal persisna beubeunangan paré ari dipakaya ku batur mah. Nyaho jadi duit baé, hasil tina panén bisa saparo séwang, atawa kumaha jujur jeung henteuna anu makaya. Ngan cindekna mah, tiap usum panén,loba anu boga sawah teu ngasaan moé paré hela, komo nepi ka ngagiling atawa nutu tug jadi béas mah.

Nya, lamun kudu balik deui ka mangsa ka tukang mah asa jauh béda kaayanaanna. Dina taun 1980-an baé nalika “Orde Baru” bisa nangtukeun lamun nagara urang geus asup kana “Swa Sembada Beras” da bener katénjo pisan buktina. Lapang sakola agama sok dipaké moé paré, dijadwalkeun poé ieu mah bagéan Si A, Si B, jeung saterusna. Paré garing dikarungan, diteundeun di dapur, malah anu jadi aki jeung nini pituin mah biasa ngasupkeun paré ka imah, diteundeun di tukangeun lomari, bawaning ku pepek di dapur. Kuring sok jadi panitahan kolot, waktu béas geus beak dina buyung, kuring manggul paré garing satengah karung ka panggilingan. Héngkér –héngkér ogé maksakeun da biasana sok meunang buruhan ti anu jadi kolot, mahi keur bekel sakola mah.

Harga béas murah lain kusabab dimumurah. Teu leupas tina pangaruh “supply and demand”,teu leupas ogé tina pangaruh stabilna perékonomian nagara urang. Harga béas paling mahal dina jaman harita kungsi nembus nepi ka Rp. 750,- saléter. Tug nepi ka mimiti réformasi mah beuki nérékél nepi kana Rp.1.500,- saléterna. Hukum pasar anu mangaruhan kana sagala rupa harga. Béas lubak-libuk, totondén pimuraheun, kitu ogé sabalikna. Ngan kusabab pangaruh hukum pasar ieu, tradisi anu sakuduna dimumulé, diapilainkeun. Anu sakuduna réngsé panén pinuh ku paré di imah, jaman ayeuna mah panén poé éta, harita kénéh ogé paré ludes, dijual ka tangkulak, meunang duit, duitna dipaké babayar hutang alatan nganjuk bérak ka warung, dipaké mayaran hutang ka tukang kiridit, ogé dipaké bula-beuli kapereluan barudak; lain nanaon nyaéta “ ponsel cerdas.” Saminggu bérés panén, arék anu boga sawah ogé anu makaya ngahuleng deui mikiran waragad keur ngokolakeun deui sawah.

Hukum pasar sabenerna teu jahat. Da anu ngaranna hukum jeung norma mah dijieun ku jalma, diayakeun sangkan jalma manggihan kahirupan anu bener, sagala rupa aya dina jalur anu bener. Kusabab dipangaruhan ku sababaraha faktor, “hukum pasar” ieu ngawujud jadi raksasa anu pohara rakus jeung sarakahna. Ceuk Basa Kimia mah, réaksi anu dibalukarkeun ku dihijikeunna sababaraha unsur nimbulkeun hal anu dahsat. Hukum pasar ngawujud jadi raksasa anu rakus jeung sarakah nalika ngahiji jeung kasarakahan manusa, rék disebut kapitalis atawa naon baé ogé euweuh bédana, da anu ngaranna kasarakahan mah teu ditangtukeun ku ideologi hiji jalma. Urang anu ngaku salaku Muslim ogé ari waktuna sarakah mah nya sarua baé jeung buta héjo rongkahna.

Tungtutan séjén - réngsé panén – nyaéta, jalma geus teu ngahargaan deui kana taneuh, sawah, jeung kebon. Sawah anyar panén anu sakuduna diantep hela sabulan lilana, langsung dibaladah, digaru ku mesin, dipaksa pirusa dipelakan deui. Euweuh pisan rasa kudu ngahargaan kana taneuh, da pikiran urang keur baluweung, taneuh disangkana téh taneuh baé teu ditempatkeun salaku mahluk anu boga posisi jeung darajat sarua jeung urang. Dina baham mah mani pertentang ngomong “Hablum Minal Alam” hubungan jalma jeung alam, ngan dina prakna mah manusa resep maksa pirusa ka alam, teu nempatkeun diri salaku anu dibéré pancén ngawarat jeung ngaraksa ngariksa ieu alam. Tong héran, kusabab taneuh geus henteu dipihormat, taneuh ogé boga rasa.

Beuki heureutna sawah kusabab ayana “alih fungsi lahan pertanian” salah sahijina dibalukarkeun ku rasa taneuh. Taneuh geus teu boga deui rasa jeung seungit. Kusabab geus teu boga rasa, keur naon dipertahankeun, keur naon barudak kudu gupak di sawah, keur naon para nonoman kudu maracul ngabantuan anu jadi kolot di sawah? Mending jual baé, jadi duit, atawa adegkeun di luhurna wangunan anu weweg tur tohaga, da éta anu katénjo ku batur mah. Loba sawah ari imah butut mah angger wé jadi pamoyokan batur. Béda jeung lamun urang boga imah weweg, sanajan sapopoé dahar jeung goréng teri ogé disangka ku batur mah dahar jeung pais lauk emas.

Hukum pasar anu ngahiji jeung méntalitas jalma ayeuna samodél kitu anu ngabalukarkeun beuki mahalna béas ditambah ku kurang “rasa”na pamaréntah di urang. Jigana, dina mangsa lima atawa sapuluh taun ka hareup mah, jalma geus lain mikiran deui kumaha cara tatanén, tapi geus kana pikiran kumaha cara meuli béas anu beuki mahal kacida. Anu jadi korban lain sasaha, tapi anak incu urang anu geus moal wawuh deui jeung belut, kini-kini, lauk bogo, burineut, jeung gupak di sawah.

KANG WARSA

Posting Komentar untuk "Panén, "Hukum Pasar", Jeung Harga Béas"