Barudak saentragan (generasi 70-80an) pasti apal kana kecap-kecap ieu; limpér, sepul, jeung limpul. Tilu kecap éta mangrupa akronim tina duit récéh – di sababaraha wewengkon sok disebut duit kencring- dina taun harita. Limpér (lima pérak/ Rp. 5,-), sepul (Sapuluh pérak/ Rp. 10,-), jeung limpul (lima puluh pérak/ Rp. 50,-)
Ku ukuran ayeuna, asa pamohalan barudak wanoh kana éta tilu duit récéh. Dina mangsana mah, sanajan ku panon kiwari éta duit teu miboga niléy kacida gedé hargana. Ku duit limpér baé bisa meuli kadaharan saperti;simping, kurupuk, sasagon, kuéh koya, jrrd. Bubur hayam Mang Kosih ogé biasa dibeuli ku duit limpul.
Pamaréntah ngagunakeun tilu duit récéh mangsa harita keur nepikeun program-program penting. Dina duit sapuluh pérak, pamaréntah nepikeun program KB (Keluarga Berencana) ku gambar hiji kulawarga (Catur Warga); Bapa,Indung, jeung dua budak. Hartina, ku cara basajan jeung ngagunakeun waragad anu leutik ogé pesen jeung propaganda pamaréntah bisa nepi ka masyarakat.Propaganda jeung iklan layanan masyarakat ditepikeun kalawan basajan tapi keuna jeung nepi kalawan éféktif.
Jalma-jalma anu ngagem faham Keynessian bisa ngarénghap ku nénjo kumaha mahabuna lembaga-lembaga keuangan anu sabenerna maténi kana lumangsungna kagiatan dina widang séktor réal. Salah sahiji kamandang John Maynard Keyness, ruksakna kahirupan dina widang ékonomi di antarana dilantarankeun ku lobana duit anu namper di lembaga-lembaga keuangan, dipiboga ku minoritas rahayat, jeung ngumpul di hiji tempat.
Kanyataan ieu lumangsung kusabab; kawijakan pamaréntah anu leuwih mentingkeun tumuwuhna ékonomi-makro. Mémang, ti mimiti mangsa réformasi nepi ka ayeuna pamaréntah ogé henteu petot-petot ngaluarkeun régulasi anu fokus kana ékonomi kerakyatan. Ngan, program-programna sok kaluar nalika aya hiji hal anu geus kaalaman ku rahayat saperti krisis monétér anu ngalantarankeun lemahna niléy mata uang jeung nérékélna harga-harga pasar. Rahayat mah keukeuh dirugikeun, sedengkeun minoritas pengusaha diuntungkeun ku kanyataan ékonomi samodél kitu.
Kusabab patokan kahirupan di nagara geus pindah dina ngamajukeun rahayat jadi kana kumaha carana urang dikenal, populér, jeung kakoncara, démokrasi anu sakuduna nanjeurkeun martabat sarua antara hiji jalma jeung jalma séjén robah kana cara kumaha sangkan populéritas jeung élitisme bisa dicekel. Di nagara anu nanjeurkeun démokrasi tapi udagan anu sabenerna geus nuju kana Timokrasi. Da idéalna, di nagara démokrasi sakumaha harepan Plato mah, rahayat henteu kudu ngaluarkeun waragad anu gedé sangkan dirina bisa kapilih jadi wawakil rahayat atawa pamingpin. Modal utama démokrasi mah lain nanaon ; kapercayaan ti rahayat sorangan. Udaganna lain sangkan diri populér jeung miboga éléktabilitas wungkul, leuwih ti éta kudu dipercaya ku rahayat. Siga rahayat taun 70 jeung 80-an percaya lamun ku duit limpér masih bisa meuli kadaharan

Posting Komentar untuk "Limpér, Sepul, jeung Limpul"