Ngaréméh

“ Ulah ngaréméh ari dahar!” Peupeujeuh sakaligus panyaram ti anu jadi nini pituin nalika nénjo anu jadi incuna dahar umprat-amprét. Wanci geus nunjukkeun arék tunggang gunung, dina radio transistor keur nyetél dongéng sunda jam opat, Mang Dina. Usum halodo. Urang lembur karék bérés dahar. Sababaraha budak geus marandi, biasana méméh mandi sok silih téang, ngajak botram di sawah, kabeneran kiduleun lembur aya hiji saung rada badag, sok ngadon botram téh di éta saung.

Lamun teu botram, dahar pasosoré réngsé sholat ashar, biasana ngumpul ngariung jeung aki nini, dahar di dapur dina luhureun talupuh. Can wawuh jeung anu ngaranna menu kadaharan, da puguh harita mah dahar téh jabrugan, naon baé, paling alus - lamun ceuk urang Singkawang, Kalimantan Barat mah, disebut Makan Besar - dahar téh sangu, dengeunna sayur kangkung ditambah ku beuleum peda, maké ditambahan ku sambel goang. Ari dahar sapopoé mah goréng betok baé , sangu diuyahan, tambahan ku kurupuk meunang meuli di warung Mang Jai (alm).

Anu jadi nini sok nyarék lamun nénjo aya réméh murag, komo lamun réméh anu napel dina dampal leungeun terus diképrét-képrét. “ Tong umprat-amprét, bisi boga budak raméték engkéna!” Ceuk nini.

“ Naha, upami emam ngaréméh, abdi bakal gaduh murang kalih anu raméték, Ema?” Tanya kuring harita.

“ Budak ayeuna mah, sagala rupa téh kudu dibéjér béaskeun baé!” Kitu jawab anu jadi nini.

Sagala rupa dina kahirupan mémang miboga dua hal, anu ka hiji aya sababaraha hal anu kudu dibéjér béaskeun kalawan daria, malah kudu ngaliwatan hela sababaraha kajian jeung panalungtikan, sok disebut métode ilmiah. Loba ogé hal-hal anu teu kudu dijelaskeun kalawan daria, saperti budak dahar anu ngaréméh, di caram ku anu jadi indung atawa nini, tong ngaréméh bisi boga budak raméték, da mémang geus ilmiah teu kudu dibéjér béaskeun. Di wewengkon mana ogé anu ngaranna ngaréméh mah goréng patut. Sarua jeung panyaram di anu jadi kolot, lamun keur nyisiran kadé ulah sabari leuleumpangan bisi ragrag kahormatan, ieu geus ilmiah, da hadéna nyisiran mah hareupeun eunteung lain bari leuleumpangan.

Sanajan geus ilmiah, lamun diténjo jeung ditengetan kalawan pamikiran anu jero, naon anu dihasilkeun tina falsafah kahirupan kolot baheula arék anu ngaranna norma jeung kabiasaan (custom) miboga hiji niléy anu kudu dipupusti. Umpanama kabiasaan kolot baheula sok ngahubungkeun hiji négasi jeung naon anu bakal kaalaman. Négasi mangrupa panyaram maké kecap “ulah atawa entong”, dihubungkeun jeung naon anu bakal kaalaman ku diri urang jeung anak incu urang. Mertélakeun hukum causalitas, ayana ayeuna teu leupas tina ayana baheula, hukum alam tina falsafah ajaran karuhun. “ Ulah ngaréméh ari dahar, bisi boga budak raméték!”

Kabiasaan éta ngajak urang keur neuleuman naon anu ayeuna kaalaman ku urang salaku hiji bangsa. Ngaréméhna urang baheula waktu keur dahar matak jadi balukar sakumaha anu diucapkeun ku indung jeung nini baheula ngajadi nyata. Urang bakal boga “budak raméték” lain harti bakal boga budak gedé lého, beungeut pinuh ku urut dahdir, jeung panon pinuh ku cileuh, tapi dina mangsa ieu pisan, urang geus ngalahirkeun hiji jaman anu pinuh ku rupa-rupa kokotor jeung kagoréngan. Rupa alam geus teu nyari deui jeung naon anu pernah kaalaman. Hiji kanyataan anu sababaraha taun katukang geus diprediksi ku Toffler, jaman werit gelombang ke-tiga.

Lamun nengetan ka dinya mah, ucapan anu jadi nini pituin téh bener ogé. Sanajan teu diserat dina buku tapi geus bisa nganjang ka pagéto kumaha bakal rongkahna bangsa ieu dina nyanghareupan kahirupan dina mangsa anu bakal datang, ayeuna pisan. Ajaran kolot baheula ngandung siloka, sok dicarék ku kecap “ Kudu dibéjér béaskeun baé!” keur nyaram budak anu tatalépa jeung hayang nyaho, da engké ogé bakal kaalaman. Lain teu bisa ngajelaskeun anu jadi nini téh, tapi kanyataan hirup anu bakal ka sorang teu kudu dijelaskeun sagemblengna sangkan urang rinéh dina ngalakonan hirup. Anu jadi nini lain Nabi Khaidir, bisa ngaramal mangsa ka hareup terus diantisipasi harita kénéh ku hal-hal anu teu asup pikir.

Loba pisan kabiasaan, ucapan, jeung ramalan-ramalan kolot baheula anu ngabukti nyata dina jaman ayeuna. Baheula mah nyaram ngaréméh téh bener anu ngaranna sangu réméh téh paling hiji dua anu murag kana talupuh, éta ogé kudu dipulung deui. Ténjo kumaha ngaréméhna jalma-jalma jaman ayeuna, piring-piring di réstoran jeung di anu hajatan, sanajan dipinuhan ku kadaharan anu ngeunah, tapi katénjo tara béak, malah bisa disebut ngaruntah. Aya anu nyarék? Henteu! Kohési sosial jaman ayeuna gedé dipangaruhan ku hal-hal pragmatis, anu boga restoran moal nyarék: Béakkeun atuh dahar téh! Da maranéhna geus nyokot kauntungan tina ngajual kadaharan, arék dibéakkeun henteuna mah kumaha konsumén/langganan. Anu boga hajat ogé moal nyarék, béakkeun atuh daging téh! Da maranéhna ogé geus meunang panyecep duit dina amplop ti anu datang ka ondangan.

Nyarékna anu jadi nini ka incuna nalika ngaréméh waktu dahar mangrupa pangajak sangkan jalma méré hormat kana naon anu geus dihasilkeun ku para patani. Datangna sangu saréméh hareupeun urang téh lain turun ti langit kitu baé, tapi hasil késang para patani. Atikan hirup anu ngajak sangkan jalma-jalma mihormat ka sasama jeung ka alam anu disiapkeun ku Pangéran keur urang kabéh. Dahar jeung uyah ogé, baheula mah pasti imeut, nepi ka piring kaléng téh bener-bener leucir jeung kosong ku sangu, teu nyésa saréméh-réméh acan. [ ]

Posting Komentar untuk "Ngaréméh "