Ngilik kana sababaraha literatur, padungdengan para ulama, ahli fikir, ogé filsuf ngeunaan pasoalan téologis jigana moal aya tungtungna. Teu héran, téologi sok disebut ogé élmu kalam, pihartieunna mah meureun, élmu pacékcokan anu euweuh eureunna. Jalma-jalma anu anclub kana masalah ieu sok disebut ‘kaum mutakallimun’, ku basa loma mah bisa dihartikeun: kaum anu resep ngobral ucapan jeung cékcok baé.
Disebut euweuh tungtungna sabab séwang-séwangan miboga dalil, argumén, jeung kamandang anu sifatna subyéktif. Pangalam spiritual hiji jalma ogé asup kana ranah subyéktif, sabab teu kabéh jalma bisa jeung pernah ngalaman hal ieu. Anu dicékcokkeun lain nanaon, tapi pasoalan-pasoalan métafisik anu hésé diobyéktifkeunna. Masalah gaib, hal anu can kasorang.
Umpamana, dina paguneman di warung kopi aya anu ngaluarkeun ucapan: “ Naha bener Gusti Alloh diuk ongkang-ongkangan dina ‘Arsy?”
Nalika kaluar pananya samodél kitu, kognisi jalma langsung ngabayangkeun, Gusti Alloh umpama hiji raja anu keur diuk ongkang-ongkangan. Tangtu kamandang atawa pikiran anthropomorfisme ieu geus henteu sapagodos jeung kayakinan anu mertélakeun, Gusti Alloh béda jeung mahlukNa.
Euweuh jeung moal bérés ngagunemkeun pasoalan ieu. Antukna kabéh boga kamandang séwang-séwangan dumasar kana pangalaman uteuk jeung émpirisna.
Kusabab moal aya tungtungna, pasoalan ieu terus ngocor ti mangsa ka mangsa, ti jaman ka jaman. Di jaman Yunani Kuno baé, antara Thales, Anximenes, jeung Anaximandros miboga kamandang anu béda ngeunaan asal muasal ieu alam. Nepi ka bralna téori ‘Generatio ex Nihilo jeung Generatio ex Creatio.”
Jaman ayeuna umpamana, aya anu méré hiji kamandang, sifatna auto-kritik: “ Ahok lebih Muslim dari orang Islam”. Lamun henteu diteuleuman kalawan semantik jeung hermeneutik mah umat Islam geus pasti langsung nyebut, jalma anu ngomong kitu lain jalma bener. Komo lamun tibanna ka kelompok puritan. Puritan béda jeung tradisional. NU salila ieu disebut golongan Islam tradisional, tapi loba pisan pamikiran-pamikiran anu kaluar ti para inohongna nénjokeun leuwih maju sababaraha léngkah dibandingkeun golongan puritan.
“ Geus puguh Ahok mah kafir!” Kitu meureun kamandang ti lolobana mayoritas umat Islam. “ Da anu disebut muslim mah lamun bener-bener geus maca dua kalimah syahadat!” Tambahna moal leuwih ti éta.
Caritana bakal jadi panjang, ka ditu ka dieu, dalil-dalil - arék ayat muhkamat atawa mutasyabihat - murudul. Hadits golér ogé geus pasti dikaluarkeun, komo lamun padungdenganna dilakukeun di warung kopi. Padahal lain pangalaman spiritual sabenerna anu dikamandangkeun , tapi ngan saukur kamandang kapustakaan anu pernah dibaca dina buku-buku anu diserat ku kaum ‘mutakallimun’.
“ Pasoalan filosofis anu masih kénéh aya dina wawacan jeung butuh panalaahan leuwih jero sakuduna ulah diuwar-awur ka umat anu masih awam ku pangaweruh.” Kitu ceuk Ibnu Rusyd ka Imam Al-Ghozali. Ngan aya deui alesan, umat kudu dipinterkeun, lamun henteu dikitukeun bakal tetep aya dina kajumudan, komo sanggeus panto Ijtihad ditutup mah.
Cindekna, bener anu ngaranna ummat téh kudu pinter, kudu bisa ngagunakeun akal dina nalaah sagala rupa. Ulah nepi ka kamandang jeung argumén dilawan ku bedog. Kucara kasar kitu, jalma bakal beuki sarieuneun dina nalungtik ajaran jeung ageman hirup. Komo lamun saukur béda kamandang jeung nafsirkeun hiji hal nepi ka disebut kafir mah.
Élmu kudu dilawan ku pangaweruh deui. Sok sanajan euweuh jeung moal aya tungtungna, sahenteuna akal anu geus dibikeun ku Gusti Alloh ka urang téh aya mangfaatna, henteu kosong molongpong pisan.
Kang Warsa
Posting Komentar untuk "Paguneman 'Warung Kopi' Kaum Mutakallimun"