Réinkarnasi

Loba jalma anu henteu percaya kana. "Réinkarnasi." Aya anu nyebut konsép kuno. Aya anu nyebut teu logis, sabab jumlah jelema faktana beuki nambahan. Sagala rupa ti mimiti dalil naqli jeung aqli dipaké keur nolak ieu faham. Padahal di dunya sorangan henteu saeutik hal-hal nu teu kaharti ku pikir. Contona: aya jalma, isuk-isuk indit ka pagawéan, balik deui ka imah pasosoré, terus dahar, nginum, saré, hantem wé unggal poé kitu... mun dipikiran mah teu kaharti ku akal.

Aya anu katipu ku data statistik jumlah jalma, nepi ka nolak réinkarnasi. Majar, lamun réinkarnasi aya, atuh jumlah jalma kudu konstan, sakitu-sakitu kénéh. Pikiran kitu téh kusabab maranéhna nganggap saolah hirup téh jaman ayeuna wungkul. Disangkana umur dunya téh 100 taun.

Atuh lamun kitu mah, nalika jalma percaya kana réinkarnasi sarua jeung nolak kana ayana sawarga jeung naraka? Sabenerna lain kitu, tapi ayana sawarga jeung naraka téh sabenerna ayeuna, nalika urang keur hirup. Melak cabé jadi cabé, melak bonténg jadi bonténg. Naha maké kudu aya réinkarnasi sagala? Sistim nu diciptakeun ku Alloh maha dahsyat, utuh, jeung moal pahili. Jalma anu geus bisa nerapkeun laku lampah suci nu baris balik ka Gusti. Anu can bisa kitu - siga kuring - nya wayahna wé bakal kumelendang di mayapada, nepi ka manggih jalan suci keur balik ka jati mulang ka asal.

Hal séjénna, réinkarnasi mangrupa sistim anu adil. Dina hiji waktu urang pernah ninggali aya jalma tanpa daksa, mun dipikir... naha Alloh anu maha suci maké nyiptakeun jalma tanpa daksa? Di mana kaadilan Alloh lamun kitu? Sabenerna, jalma tanpa daksa, dilantarankeun ku kahirupan baheulana anu loba milampah salah. Alloh moal nyiptakeun kagoréngan. Da goréng jeung hadé téh dipilampah ku jalma.

Alloh moal nyiksa jalma, sanajan Maha Kawasa, sabab Rohman RohimNa tara pulah-pilih. Lamun Alloh nyiksa, hartina geus patukang tonggoh jeung Rohman Rohiim, welas tur asih. Nu bakal nyalametkeun manusa ngan dua: kayakinan ka Gusti jeung laku lampah anu hadé. Da hirup mangrupa jalan, bakal aya pituduh nu nuduhkeun jalma kana jalan kasucian.

Alloh moal nanya ka jalma nu bener atawa salah. Naha manéh ngalakonan salah? Naha manéh ngalakonan bener? Sabab Alloh Maha Uninga kana sagala rupa, ngan mahluk anu bodo anu loba tatanya mah. Alloh moal nanya ka jalma:Saha pangeran anjeun? Saha Nabi Anjeun? Saha ieu,jeung saha itu? Sabab Alloh Maha Uninga kana naon anu geus dipilampah ku jalma. Alloh Maha Uninga kana kayakinan jalma.

Apan urang kudu ibadah meureun? Puguh wé da ibadah téh mangrupa jalan suci, keur nyucikeun diri, sangkan jalan balik ka Gusti beresih. Ulah dikotoran ku silih paténi, silih paéhan, jeung rupa tékad jahat. Buah tina ibadah nyaéta kudu ngahasilkeun kaalusan, bageur ka sasama, hormat ka balaréa, jeung laku-lampah hadé.

Jalankeun kahirupan, lain silih paéhan, perang, jeung nebar kagoréngan. Téangan jalan suci, laku lampah suci, lain saukur laku-lampah sakti. Salaku umat Islam, pintonkeun kasalametan jeung kaluginaan. Salaku urang Sunda, pintonkeun budaya karuhun, akur jeung dulur, soméah ka sémah. Sangkan hirup mukti, jembar, jeung mulus rahayu.

Cag ah!

Posting Komentar untuk "Réinkarnasi"