Mangsa pabubudak, lamun ngadéngé kecap Gozali, pikiran sok langsung nyambung ka K.H Abdullah Fatah Gozali ti Bandung. Bener, sinkronisasina téh ka dinya baé teu ka sasaha, pédah duanana antara Hujjatul Islam Imam Al-Ghazali jeung KH. AF Gozali miboga ngaran sarua jeung pada deukeut kana kaIslaman.
Apal ka Al-Ghazali waktu nincak SMP, dina salah sahiji bab buku Pendidikan Agama Islam nerangkeun kamajuan pamikiran ‘Peradaban Islam’, dina éta bab dicaritakeun aya sababaraha ulama anu mawa dunia kana robahna tatanan kahirupan; Al-Ghozali, Ibnu Rusyd, Ibnu Sina, jrrd. Sanajan henteu diguar kalawan daria, malah lain mangrupa pangjajap ongkoh, sahenteuna, dina waktu harita kuring geus bisa ngabédakeun, saha Imam Al-Ghazali jeung saha ari KH A.F Gozali ti Bandung.
Duit paméré kolot dikumpulkeun, da hayang meuli buku Ihya Ulumuddin karangan Al-Ghozali, dina buku PAI téa disebutkeun karya-karya ulama Islam. Nepi ka bisa kabeuli 4 jilid buku Ihya Ulumuddin ladang tina kukumpul. Meulina di toko buku Al-Islamiyyah, Pasar Pelita, geus biasa barang beuli buku ka éta toko, da ti SD mula ku anu jadi aki pituin sok diajak ka éta toko meuli kitab laleutik saperti Jurumiyyah, Yaquulu, jsb.
Lain kana hal anu kitu baé, nalika dina buku pangajaran Seni Musik diterangkeun kumaha tumuwuhna musik ti mangsa ka mangsa, ti jaman Baroque nepi ka Klassik, bralna musisi-musisi saperti Hayden, Vivaldi, Mozart, Bach, jrrd, kuring panasaran, nepi ka néangan galura radio ti Jakarta anu khusus nyetél lagu-lagu klasik. Kabeuli kasétna nalika nincak SMA. Atuh kolot pituin mah sok nanya: ‘nahaon kasét téh euweuh laguan?’ henteu apaleun lamun anu kitu téh ngaranna musik klasik téa.
Lain agul ku payung butut, keur umur SD, SMP, jeung SMA mah kaulinan sapopoé maca jeung maca buku jeung nyetél radio. Buku-buku énsiklopédia di Perpustakaan sakola dilalab imet, nya kitu wé, ngaranna ogé jalma, lolobana mah naon anu dibaca téh geus paroho deui lamun teu dibuka deui mah buku-bukuna. Ku loba maca jadi kaluar sikep panasaran, hayang nyaho kana sagala, pernah nyieun jam panon poé siga suku Maya, pernah ogé nyoba-nyoba nyieun jam cai Al-Jaziri, malahan pernah ngukir batu hareupeun imah ku aksara Pallawa, kataji ku prasasti batu tulis.
Kamari, aya salah saurang babaturan ngabagikeun hiji vidio tina youtube kana facebook, cenah mah eusina da’wah hiji ustadz ngora anu ngomongkeun lamun pangaweruh Al-Ghozali kana Quran masih kurang. Teuing kunaon haté teu méréan keur muka éta video, asa waregah lamun maca artikel atawa vidio anu ngaguar hal teu puguh, komo lamun geus marebutkeun bebeneran anu geus bener, komo lamun geus marebutkeun kayakinan. Ngan asa kabina-bina wé, jalma boga sikep culangung nepi ka kumawani nyebut Al-Ghozali kurang pangarti jeung pangaweruh ngeunaan Quran.
Kuring teu ngabéla kusabab Al-Ghozali Islam bari sunni, anu jelas, Al-Ghazali hiji jalma anu geus ngagunakeun tanaga, pikiran, akal, jeung kapasitas dirina dina ngaguar pasoalan kahirupan nepi ka bisa ngahasilkan sababaraha karya, anu ngaranna karya jalma tangtu moal leupas tina kritik, kakurangan, jeung kudu ditambah ku téori-téori anyar, lain harti kudu digogoréng bari teu méré kontribusi hadé arék tulisan atawa ngaguar kalawan jero karya-karya ulama baheula.
Ceuk urang lembur mah, “Édas… ka ulama anu saageman ogé model kitu, komo ka aing anu buraong meureun, jigana bakal nganggap jalma paling bodo saalam dunya!”
Cag ah!

Posting Komentar untuk "Al-Ghozali"