Anak paman pituin boga ngaran Ipul, dina taun 1985 balik ti Jakarta, nganjang ka imah ema, dijékét jeung calana jeans, modél buuk anyar, can aya di lembur mah anu boga potongan buuk modél kitu, bagéan tukang rada panjang, tengah dijocongkeun, sisi rada cepak. Pangakuan manéhna, waktu ku ema ditanya: “ Mani loba gaya manéh téh, éta buuk modél naon, Ipul?!” Buuk modél Duran-duran, cenah.
Anu aya dina pikiran kuring harita, lain mikiran modél anyar buuk Ipul, tapi mikiran saha ari Duran-duran téh, mangkeluk naon anu nepi ka bisa ngarobah modél buuk urang lembur bau lisung. Padahal nénjo sababaraha film koboy dina TVRI ogé asa can pernah nénjo modél buuk kawas kitu. Ema mah teu nanyakan naon ari Duran-duran téh. Ngan édas wé ceunah, bari ngomong ka Si Ipul, awak leutik, béké mah henteu, begang, ari buuk jambul kawas jawér hayam.
Dina hiji mangsa kuring ngéndong ka imah mamang pituin. Asup ka kamar Si Ipul, loba poster narapel dina témbok. Aya tulisan Duran-duran, dua urang bulé potongan buuk sarua jeung Si Ipul. “O… ieu meureun Duran-duran téh.”
Bener, taun ka taun band-band asal ti Eropah jeung Amérika jadi barometer gaya hirup jeung fashion para nonoman di urang, malah nepi ka ayeuna ogé masih lumangsung. Ti mimiti buuk bétel (Beatles) nu sumarambah dina taun 60-70an, nepi ka potongan buuk modél Duran-duran anu mimiti mahabu taun 80-an katompérnakeun. Loba pisan nonoman anu agul jeung reueus ku buuk modél Duran-duran.
Lain ka para nonoman wungkul, modél buuk Duran-duran ogé gedé pangaruhna ka barudak saentragan. Nalika dicukur barudak sok mesen ka tukang cukur, “ Duran-durankeun, Mang!” asalna mah tukang cukur bati kerung, anu kumaha meureun potongan buuk Duran-duran téh. “ Tuh, siga itu!” Ceuk barudak bari nunjuk ka nonoman anu ngeplés jeung Duran-duran. Tina asal modél buuk ABRI anu dicepak téh, dina taun 80-an mah ngagésér kana potongan Duran-duran.
Ganti deui mangsa, ganti ogé potongan buuk. Lain diduran-durankeun wungkul dina taun 90-an mah, tapi geus dipulas ku warna cokelat jeung beureum. Buuk jocong dipulas cokelat atawa beureum, urang lembur mah langsung baé nyebut ‘Buuk Pikok”. Asalna mah hiji dua urang nonoman anu dipikok, sabulan ti harita, breng loba nonoman lembur diparikok.
Istilah Pikok sabenerna dicokot tina kecap Peacock, manuk merak anu boga jambul. Nya, sangkan teu hésé, kolot di lembur mah nyebut baé ka jalma anu boga buuk jocong bari dipulas disebut ‘buuk pikok’. “Obat Pewarna”-na ogé sok disebut pikok. Aya ogé sabenerna budak di lembur anu miboga buuk warna cokelat jeung semu beureum akibat papanasan teuing, sok disebut Si Buuk Jagong, lain kusabab dipikok.
Can ramé ‘Pewarna Rambut” harita mah, sangkan buuk jadi cokelat atawa beureum warnana dipulas ku Obat Kimia meunang meuli di apoték, obat kimia dina botol leutik éta disebut baé Obat Pikok. Sabotol bisa dipaké ku sapuluh urang.
Danget harita, kaayaan nonoman anu gampang kapangaruhan ku budaya deungeun, kusabab urang bulé mah da mémang warna buukna ‘pirang’ , urang lembur ogé pipilueun hayang miboga buuk bulu jagong, kumaha baé carana nu penting buuk jadi robah warna. Ieu mangrupa deviasi budaya, malincang ceuk ema mah, aya ogé anu nyebut ka para nonoman samodél kitu ku sebutan: jalma cangor, jarot, atawa kulanas. Pédah patukang-tonggong jeung anu galib. Para nonoman mah teu paduli disebut naon baé, nu penting buuk jadi robah warna, disebut milu gaya jeung trén, cukup nepi ka dinya baé pikiranna.
Geus puguh jaman ayeuna mah geus henteu kudu dicaturkeun deui, kumaha mahabuna jalma-jalma ti mimiti sélébritis nepi ka ibu-ibu tukang loték buuk geus dipulas ku rupa-rupa warna. Malah geus ngagésér, lain saukur buuk anu kudu robah warna téh, kulit ogé kudu bodas, antukna arasup baé prodak-prodak asing anu bisa ngabodaskeun kulit, lolobana obat sintésis tina zat kimiawi anu kacida ngaruksak kana struktur sel kulit. Bangsa urang geus henteu bisa narimakeun deui kana kodrat, da nu kitu mah dianggap nasib, bisa dirobah. Pikiran kitu mah teu pati bahaya, anu paling angot mah lamun aya bangsa sorangan anu teu ngarasa reueus ku budaya sorangan. Ti mimiti pakéan nepi ka réngkak paripolah hayang disebut Kokoréaeun atawa Jejepangeun.
Saha anu salah? Euweuh anu salah, da ngaronjat jeung melempemna budaya mah ditangtukeun ku tarékah urang-urang kénéh. Lamun geus boga rumasa budaya sorangan teu kudu dipaliré mah nya tinggalkeun baé, ngan balukarna bangsa urang ti mangsa ka mangsa angger bakal jadi jongos jeung sasaran budaya, prodak, jeung hasil tarékah bangsa deungeun. Gampang dibobodo saukur ku warna buuk jeung kulit!

Posting Komentar untuk "Duran-duran Jeung Pikok"