Transformasi Carita

Can pati pepek ku imah kawas ayeuna kampung Balandongan dina taun 80-an mah. Jalan diaspal ogé béh dieu pisan méméh réformasi dina taun 1997 sabada Pamaréntah Kota Sukabumi ngelegaan wilayah kakawasaan ka wewengkon Baros. Tilu kecamatan Baros, Lembursitu, jeung Cibeureum harita masih ngahiji sakecamatan, nyaéta Kecamatan Baros diwengku ku 13 désa.

Mangsa kiwari jeung 17 taun ka tukang geus pasti béda, arék dina widang sosial, budaya, ogé ékonomi. Dina taun 80-90an mah, jalan méméh diaspal, jalma anu boga motor jeung mobil bisa kaitung ku ramo leungeun. Dina taun 1992 umpamana, anu boga mobil di lembur Balandongan ngan dua urang; Kang Muhtar jeung Kang Tatang, kol dogong keur barang bawa méja korsi ka Cianjur atawa luar kota, bubuhan duanana boga pakasaban kana widang mebeulir.

Lain kusabab teu baroga duit, puguh patali marga harita can pati ngarojong ka urang lembur mah, jalan ogé masih batu. Ngeunaan duit mah gampang kari ngajual taneuh atawa sawah. Sanajan dina waktu harita, harga taneuh atawa sawah henteu mahal teuing kawas ayeuna. Anu jadi aki jeung nini pituin kungsi meuli sawah dua kotak ku harga 1.5 juta. Pernah ogé ngajual kebon anu legana 40 areu ku harga 700 rébu per areu. Kawilang murah.

Harga taneuh murah kusabab jalma harita teu boga pikiran lamun mangsa ka hareupna, Balandongan bakal robah jeung bakal ngawujud jadi daerah rural-urban. Karasa mimiti naék harga taneuh sanggeus pamaréntah provinsi ngawangun Jalur Lingkar Selatan. Harga taneuh bisa nepi ka 70 juta sa areu, 100 tikeuleun tina harta taun 80-90an. Harga sawah di Balandongan ogé geus aya anu nepi kana 75 juta sa areuna. Loba anu ngadadak loba duit ku bati ngajual taneuh jeung sawah.

Pakasaban masarakat mimiti robah tina tatanén kana dagang jeung widang jasa. Showroom motor, béngkél, warnét, jeung warung beuki mahabu. Dina taun 70-90an warung Mang Ja’i (alm) kakoncara lain saukur di Balandongan ogé ka wewengkon séjén. Ayeuna mah éléh ku warung-warung anyar jeung waralaba saperti Alfamart jeung Indomaret. Sababaraha béngkél motor ngadeug; ti kalér nepi ka kidul, ngajual sagala rupa spare-part motor. Urang lembur henteu kudu ka dayeuh deui ari saukur ngoméan jeung ngeusi angin ban motor mah.

Wangunan anyar jlug-jleg, kotakan-kotakan sawah di sisi jalan geus pinuh ku imah. Dina taun 80-an mah moal aya saurang ogé anu kumawani ngulampreng ka jalan taneuh anu brasna ka susukan gedé, kajaba hieum pinuh ku tangkal, ogé jalan masih mangrupa taneuh anu dipinuhan ku jukut. Lebah dinya sok dipaké tempat ngapungkeun langlayangan ku urang lembur. Wanci harieum beungeut ogé geus simpé, tara aya budak anu kumawani ka dinya, majar sieun dirawu ku sandékala.

Ayeuna mah geus pepek ku wangunan loténg, bisa disebut gedong. Sanajan can bérés ngan geus kaukur, dua atawa lima taun deui, éta jalan bakal ramé. Susukan gedé anu kawilang sanget jeung pikasieuneun dina sababaraha dékade  ka tukang, geus pasti leungit kasangetna. Baheula mah, ceuk dongéng ti anu jadi aki, dina peuting-peuting anu tangtu sok kadéngé sora tarompét disada atawa sora gamelan, ema jeung aki sok nyebut, éta téh ngaranna lokananta, gamelan ti kahyangan. Nya sarua jeung anggapan barudak baheula lamun nénjo katumbiri disebutna aya putri ti kahyangan keur mandi. Ceuk sakaol mah bohong, ngan anu nyebut bohong ogé can bisa ngabuktikeun lamun éta carita bohong. Anu jelas, lokananta geus diganti, lain sora tarompét deui anu kadéngé di jalan susukan gedé tapi ngaborobotna sora motor anu digas pasuliwer. Lain sora gamelan lokananta deui anu sok kadéngé di susukan gedé, tapi sora lagu dangdut Goyang Dumang anu disetél di saung.

Transformasi kahirupan samodél kieu lain dialaman ku lembur Balandongan wungkul, ku lembur anu aya di sakuliah pasisian Kota Sukabumi geus pasti karasa bédana antara sapuluh taun ka tukang jeung ayeuna. Di dieu pisan urang kudu bisa ngigelan jaman bari henteu mopohokeun kumaha cara ngamumulé tradisi anu biasa dilakonan ku kolot-kolot urang. Bangsa urang lemah dina ngamumulé tradisi folklore, nyaritakeun pangalaman sababaraha taun ka tukang arék ku cara tulisan atawa verbal. Anu jadi kolot lolobana masrahkeun budak keur ngadéngékeun carita anu geus aya dina tv, vidio, atawa di sakola, bari kurang dina ngadéngékeun carita ngeunaan lemburna sorangan.

Anu jadi kolot jarang nyaritakeun lamun di wewengkonna pernah aya kajadian ieu, kajadian itu, jrrd. Lain kusabab wegah, tapi mémang dipandang teu pati penting. Di masjid, di sakola, jeung di pangajian ogé jarang pisan diguar carita kaayaan lembur sababaraha taun ka tukang, ustadz, kyai, jeung guru leuwih merenah ngadongéngkeun kajadian-kajadian anu jauh jeung diri barudak, teu ngarampa langsung kana kahirupan sapopoé, kumaha hirup di lembur.

Kang Warsa

Posting Komentar untuk "Transformasi Carita"