Masigit méméh réformasi, lolobana miboga hal anu khusus, aya kulah dihareupeunna. Dikulahan da puguh harita mah cai anu cur-cor jeung ngamalir di susukan jeung wahangan téh masih ngagenyas hérang, jero tur bisa dipaké mandi sagala, jarang katénjo aya runtah plastic, limbah rumah tangga, komo "lélé konéng mah- da puguh jalma harita mah pada boga cubluk atawa balong pamiceunan-". Dina mandi jeung wudhu di kulah masigit téh éstu tara mikir dua kali.
Ayana kulah masigit mangrupa hiji hal anu penting pisan ku urang ditalungtik kalayan leuwih jero. Naha penting? Asa teu pati penting jigana mikiran komo ngayakeun panalungtikan ngeunaan ieu hal? Ceuk kuring mah penting, sabab ieu aya patula-patalina jeung sikep,karakter, budaya, jeung pasifatan jalma.
Ulah waka jauh mikiran hal anu substansi dina ayana kulah masigit. Ayeuna urang ébréhkeun, naon sabab dina wanci kiwari asa jarang masigit anu ngabogaan kulah?
Hiji, ieu teu bisa dileupaskeun jeung kumaha kaayaan alam harita. Cai di wahangan ngagenyas hérang, lain aya kitu baé, tapi éstuning dijieun ku jalma harita, sangkan cai anu ngocor di wahangan téh ngeunah katénjo ku panon, teu sareukseuk sing saha baé anu ningali. Jalma harita boga rasa lamun urang miara alam, ngahormat alam, ngamulyakeun alam, alam bakal malik ngahormat jeung ngamulyakeun jalma. Harita can aya anu ngaranna TPSS permanent komo TPA mah, tapi jalma harita boga cara sangkan runtah anu dipiceun anclub kana tempatna. Taneuh tukangeun imah digali, dijieun lombang, tara ieu loba omong, saha baé bisa miceun runtah ka dinya, da dina mangsana lamun lombang geus pinuh ku runtah bisa disaeur ku taneuh.
Zaman kiwari, lamun urang niténan wahangan. Runtah ngéntép, malah geus hésé ngabédakeun deui mana runtah plastik jeung mana runtah rumah tangga. Cai wahangan lain saukur teu bisa digunakeun, dalah diténjo ogé panon téh langsung ngabalieus, irung geus wegah ngangseu, da puguh bauna lain bohong. Komo meureun dipaké wudhu. Nu jadi anéh, urang ngaku lamun hirup dina kaayaan kitu téh moal bétah tapi éta kaayaan éstu dijieun ku diri urang. Program-program ti pamaréntah anu ngaping masyarakat sangkan hirup bersih judulna réa: PENGADAAN TPSS, TPA, PROYÉK KALI BERSIH, jeung réa-réana deui. Tapi angger, runtah jadi masalah gédé dina kahirupan ayeuna.
Sababaraha taun katukang, Pamaréntah Sukabumi ngaluarkeun Perda tentang Persampahan, tapi Perda éstu teu matih-matih acan keur ngaropea sangkan runtah bisa diolah. Kantun meakeun waragad anu badag. Di Cikundul, Sukabumi pamaréntah nyieun tempat PENGOLAHAN TINJA SANGKAN JADI GAS, danget ieu anu aya ngan kari kulah-kulahna wungkul anu jimbrung ku jukut, teu dipiara komo dipaliré mah.
Kaayaan kawas kitu, dipangaruhan ku zaman anu beuki kotor, lain kotor alam atawa lingkunganna wungkul, ogé bau ku kalakuan urang, kalakuan jalma modérn anu ngaku bersih, padahal leuwih kotor alabatan munding anu gupak di sawah. Puguh ari munding mah gupak ogé keur narik wuluku, ari urang mah kotor téh gupak tina kagoréngan. Antukna, kotor lingkungan jeung kotor diri téh jadi hal biasa. Kabiasaan anu goréng lamun dipilampah babarengan bakal ngajadikeun hal anu dipandang siga alus, da biasa téa. Ceuk Tallcot Parson, kabiasaan teu diwariskeun kalawan genetika ku anu jadi indung bapa ka anakna. Hartina, kabiasaan modél ayeuna téh diwariskeun ku tingkah paripolah anu katénjo ku anak urang. Fitrah jalma, kabéh ogé mikaresep kana kaberesihan, kaéndahan, jeung hal-hal anu alus, tapi kusabab kaayaan anu ngadorong jalma jadi biasa hirup dina kotor, jorok, jeung bau.
Zaman kiwari, masigit geus jarang anu miboga kulah, tapi boga tempat wudhu anu sarwa modérn, hayang wudhu tinggal muterkeun kran, cai nu ngocor bersih, ngan watek jalma keukeuh hésé robah.
Ka dua, kamajuan zaman ayeuna geus ngarobah cara pandang idéalis kana cara hirup pragmatis. Rék naon nyieun kulah hareupeun masigit, ngabéakeun tempat, mending ogé jieun kolam renang, bisa ngahasilkeun untung anu gédé. Rék naon nyonto kolot baheula, ngagali taneuh keur pamiceunan runtah, da pamaréntah geus nyadiakeun anggaran keur nyieun TPSS, gunakeun wé anggaran anu ti pamaréntah, teu kudu ngagunakeun tempat sorangan. Nyaah, taneuh dimonyah-monyah keur nyieun pamiceunan runtah. Kuring lain rék ngamasalahkeun dijieunna TPSS, tapi nepi ka mana éta TPSS bisa ngarobah watek jeung paripolah kahirupan jalma zaman kiwari.
Pola hirup pragmatis mawa jalma kana cara anyar: TEMPO, BEULI, PAKÉ, PICEUN, GANTI. Lain saukur mawa kana budaya konsumtif, ogé ngajak jalma zaman ayeuna kana hirup sagala narima kana hal anyar. Lamun geus dipandang modérn, geus teu kudu dibeuweung diutahkeun deui, teureuy buleud-buleud, da kabéh ogé narima éta hal. Ayana kulah di masigit geus teu saluyu jeung kaayaan zaman, mending saeur! Zaman geus canggih, moal enya masih kénéh aya kulah hareupeun masigit, padahal teu pantesna aya kulah di hareupeun masigit kiwari téh anu puguh mah dilantarankeun ku cai kotor da dikotoran ku jalma.
Kuring sok nanya ka diri sorangan, ari zaman ayeuna perlu kitu masigit boga kulah deui? Arék nanaonan, da caina ogé geus kotor, moal bisa dipaké wudhu, anu penting dipilampah danget ieu mah nyaéta, kumaha carana sangkan cai anu ngamalir di wahangan téh bisa bersih tur bebas tina rupa-rupa runtah. Bersihna wahangan lain ditangtukeun ku sasaha, tapi ku bersihna diri urang tina kokotor zaman. Geus tangtu dimimitian ku diri séwang-séwangan. Ceuk paribasa Arab mah " Ibda Bi Nafsika.." Kang Warsa
Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan 3 Indonesia.
Posting Komentar untuk "Kulah Masigit"