Kuramas

Kabiasaan di lembur, nepi ka ayeuna oge masih keneh dilakukeun, nyaeta kuramas dina raraga mapag bulan puasa. Euweuh literatur anu pasti, ti saprak iraha, urang kudu kuramas dina mapag bulan puasa. Teu penting dicaritakeun naha eta kabiasaan teh bid’ah atawa henteu. Ngan lamun aya anu kumawani nyebut kuramas dina mapag bulan puasa abus kana bid’ah, ceuk kuring mah eta jalma kurang sakilo kanyaho bag-bagan agamana. Sakali deui, teu perlu dicaritakeun bid’ah atawa henteuna. Anu jelas kabiasaan dikuramas memeh bulan puasa ieu geus ngocor dina kahirupan urang Sunda anu ngagem ajaran Islam.

Ku anu jadi aki jeung nini, nalika keur budak, biasana tilu poe memeh abus bulan puasa, kuring sok dititah dikuramas heula. Keur generasi anu jadi bapa mah, ieu oge ceuk pun bapa, taun 60-an mah kuramas teh tara make shampo-shampo acan, anu aya jeung galib dipilampah nyaeta dikuramas ku lebu. Dahan pare pocongan anu geus ditutu parena diduruk, terus lebuna dipake kuramas. Tah, dina mangsa kuring pabubudak mah dikuramas teh geus make shampo, ngan geus tangtu shampo anu dipake teh lain shampo-shampo anu aralus kawas dina iklan-iklan ayeuna. Shampo anu dipake kuramas- kuring masih inget- nyaeta Shampo Swan (Shampo Cap Soang), anu bungkusna teh plastik warna beureum bodas, di tengahna aya gambar soang keur mandi. Geus euweuh ayeuna mah shamp0 merek Cap Soang teh.

Di kuramas teh, tilu poe memeh bulan puasa. Kabiasaan di lembur, samen Madrasah (Sakola agama) biasa dilaksanakeun tilu atawa dua poe memeh puasa. Ku Kitu tea mah rada kaharti, sabulan campleng, sakola agama bisa pere. Ceuk Pa Ejen mah, barudak bisa soson-soson dina ngalakonan bulan puasa. Tah, kuramas sataun sakali teh lain saukur keur mapag bulan puasa wungkul ari kitu mah, oge dina raraga ngaluis diri seja nyanghareupan sames sakola agama. Mindset basajan urang lembur, dina sakali ngalakukeun hiji hal, dua akibat bisa kacumponan. Kuring oge teu ngarti, naha pola pikir jalma-jalma basajan anu teu nyakola nepi ka tingkat luhur geus samodel kitu. Anu ku urang biasa disebut cara pikir konvensional, puritan, basajan, kuno, jeung jumud teh pinuh ku harti.

Sanggeus diangir, barudak saentragan ngaginding. arulin ka jalan marake baju anu dianggap pang alusna. Teuing aya teureuh kyai ti saha, kuring mah dina umur lima nepi ka salapan taun teh resep make baju kampret (ayeuna mah baju Koko/Taqwa). Ari baju kampret baheula teu siga ayeuna, baheula mah resep make baju kampret teh, pedah baju teh dipapaesan ku bordelan motiv kembang. Barudak saentragan sok sili tanya : MANEH DIANGIR CAN? Tah, lamun kabeneran aya anu can diangir, biasana sok langsung balik deui ka imah, bari menta mandi deui ka indung bapana, da hayang mandi teh bari diangir ceunah. Barudak Anu geus kuramas katenjo saruka bungah, siga geus ngarengsekeun hiji kawajiban.

Nya, eta bisa disebut gaya hirup waktu eta. Lamun dilenyepan mah, meureun kuramas teh boga harti luhung. Kuramas lain saukur diangir, ngabersihan awak, mandi, dishampo, oge di sagigireun eta, dina mapag bulan puasa teh kudu bersih lahir jeung bathin. Dina masalah totombe-totombe buuk, barudak baheula teu kudu ditanya deui, teu kudu ditanyakeun da asa langka ngadenge budak dipinuhan ku totombe. Ku hirup basajan mah, najan sirah budak dipinuhan ku budug oge teu weleh wanter ulin jeung sasama, tara pati ditolih lamun aya anu nyebutan si hulu budug oge. Awak pinuh ku daki balas gupak di sawah tara jadi hahalang keur ulin jeung papada baturna. Ngan atuh, ari dina mapag bulan puasa mah, awak teh kudu bener-bener beresih. Harti luhung kuramas katenjo lamun kuurang dibere harti konotatif.Urng kudu bener-bener bersih heula bathin samemeh puasa. Katombe anu ngotoran diri; sirikan, cudihan, adigung, rumasa bener sorangan, kudu dibersihan dina diri urang, apan urang rek nyanghareupan bulan anu suci.

Ayeuna mah, asa geus jarang kadenge anu jadi kolot gogorowokan ka anu jadi budakna sina kuramas samemeh puasa. Sigana kabiasaan anu sakuduna diterapkeun jeung dilarapkeun ku harti luhung dina kahirupan teh geus teu pati dipalire da dianggap kurang penting. Ongkohna deui, apan unggal poe oge urang mah diangir, malah ku mang rupa-rupa shampo anu sarareungit. Ceuk pikir kuring, pareumna kabiasaan kuramas teh dipangaruhan ku Etika Kapitalisme anu rongkah ngadedet-dedetkeun maneh kana kahirupan modern kawas ayeuna. Ceuk Max Weber mah, kasarakahan kapitalisme keur meunangkeun kauntungan geus jadi standar kahirupan. Iklan-iklan shampo ngajak ka para wanoja jeung bebenyit sangkan sering diangir, supaya buuk alus, luis, seungit, gampang disisir, antukna kusabab sering dilakukeun, kabiasaan anu biasa dilakukeun sataun sakali samemeh puasa teh dianggap hal anu teu aneh deui. Da geus biasa tea meureun dipilampah.

Tah balukarna, lamun sumanget kapitalisme geus digugulung, sagala rupana bakal nuju kana sumanget komersialisme. anu geus maca The Protestant Ethic and The Spirit Of Capitalsm, Weber pasti geus nyaho lamun sumanget kapitalisme jeung komerialisme geus jadi kiblat kahirupan, adaptasi manusa bakal rongkah tina ngajauhkeun diri tina ajaran agama. Nilai-nilai kahirupan anu disebut konvensional jeung puritan teh bakal diapilainkeun. Adaptasi jalma geus tangtu bakal dipangaruhan jeung nyaluyukeun diri kana kaayaan anu dipilampah ku lolobana jalma, urang anu migawe lampah bari teu galib jeung batur bakal diebut bid’ah. Malah teu saeutik, sok pada agul ku dalil ngan saukur keur mere argumen meunang henteuna kuramas dina mapag bulan puasa.

Sakieu heula, kuring rek kuramas, lain ku Shampo cap Soang… tapi ku Shampo anu dihasikeun ku perusahaan kapitalis. Teu nanaon nya? Anu penting kuramas. Heuheu

Kang Warsa

Posting Komentar untuk "Kuramas"