Da’wah salila dua satengah taun anu dilakonan ku Rosul di Makkah ngan bisa ngahasilkan kurang leuwih tujuh puluh kulawarga anu asup kana agama anyar, Islam. Jumlah sakitu tangtu henteu mawa pangaruh anu pohara kana éksisténsi para gegedén Makkah, agama anyar dianggap lain ancaman keur kaimanan anu salila ieu diagem, di wariskeun ti karuhun Arab ngaliwatan sababaraha generasi.
Dina taun 616 M, para gegedén jeung masarakat Makkah mimiti boga anggapan lamun ajakan jeung ajaran anu dibéwarakeun ku Rosul mangrupa ancaman seurieus, lain saukur keur kahirupan sosial wungkul, ogé jadi ancaman kana kaimanan anu salila ieu dipertahankeun di Makkah. Para gegedén jeung masarakat Makkah nganggap, eusi ajaran Rosul patukang-tonggong jeung naon anu geus diwariskeun ti karuhun Arab. Eusi ajaran anu dibawa ku Rosul kacida nganggap réméh kana ajaran anu dicekel ku masarakat Makkah harita. Maranéhna boga anggapan, jalma anu ngaku-ngaku nabi anyar sabenerna lain nabi tapi mangrupa ‘tukang sihir’ jeung dukun anu pura-pura ngaku diutus ku Alloh kusabab boga niat ngagulingkeun kakawasaan kaum aristokrat Makkah.
Dina pasoalan kaimanan, naon anu salila ieu dianggap mangrupa kaimaman masarakat Makkah diadurengéskeun jeung kayakinan anyar. Masarakat Makkah henteu boga kayakinan saeunggeus maot jalma bakal dihirupkeun deui, ditimbang amal hadé jeung goréngna. Masarakat Makkah mangrupa hiji komunitas kapitalis kuno anu teu boga kayakinan samodél kitu, hirup ngan saukur di dunia, kabagyaan jeung kasangsaraan di dunya dipangaruhan ku préstasi hirup salila di dunia, jalma disebut bagya nalika jadi ‘tukang dagang’ anu saksés. Moal anya kahirupan sanggeus manusa maot! Ajaran anu dibawa ku Rosul ngébréhkeun sabalikna, kanikmatan bakal diala ku jalma di akhérat anu ngalakonan kahadéan nalika di dunya. Aya anu disebut poénan pangwalesan, jalma bakal dibales kusabab kalakukan anu dilakonan ku jalma nalika hirup di dunya.
Ajaran samodél kitu dianggap saukur dongéng ku masarakat Arab anu nolak kana ajakan jeung ajaran Rosul. Ngan, sok sanajan dianggap dongéng, ajaran anu diadopsi tina tradisi Yudéo –Kristiani ieu geus neunggeul kana kayakinan masarakat Makkah harita. Euweuh deui cara, Rosul jeung saha baé anu ngadukung kana agama anyar kudu diusir jeung ditumpurludeskeun ti Kota Makkah. Masarakat Makkah anu diluluguan ku Abu Al-Hakam anu sok disebut Abu Jahal (politisi Makkah), Abu Sufyan (Sodagar Makkah), jeung Suhail ibn Amr (tokoh agama ‘kafir’ anu taat) nyieun cara keur ngusir Rosul jeung jalma-jalma anu ngagem agama Islam. Kompanyeu anti Islam disebarkeun ka masarakat, Rosul dibéwarakeun mangrupa hiji ‘ancaman’ anu baris ngaruntuhkeun dominasi kaimaman karuhun Arab anu sakuduna dipupusti.
Tilu gegedén Makkah ngaluarkeun kawijakan anyar jeung dianggap populis ku masyarakat Makkah. Tina widang politik, Abu Jahal nandeskeun; kelompok anu satia ka Rosul kudu dijauhan, pegatkeun hubungan nanaon ogé kaasup hubungan kulawarga. Tina widang ékonomi, Abu Sufyan ngajak ka para sodagar jeung ‘tukang dagang’ di Makkah sangkan nutup hubungan dagang, boikot ékonomi kelompok Rosul! Hartina, henteu meunang saurang ogé ngajual kadaharan (sembako) ka kelompok Rosul. Boikot ékonomi ieu anu ngabalukarkeun Rosul jeung tujuh puluh kulawarga anu geus milih Islam hirup dina sarwa kakurangan, ogé kalaparan. Ieu salah sahiji hal anu ngabalukarkeun istri Rosul, Khodijah, mulih ka jati. Mangrupa taun kasedih anu sok disebut ‘ammul-huzni’.
Salian ditinggalkeun ku Khodijah, Rosul ogé ditinggalkeun ku jalma salaku anu ngajaga kana dirina, Abi Tholib. Ku maotna Abi Tholib – sok sanajan teu asup Islam – ieu mangrupa hal beurat anu disanghareupan ku Rosul. Kaleungitan Abi Tholib boga harti geus euweuh deui jalma anu bisa ngajaga kana diri Rosul. Dina kahirupan Arab anu kentel ku perang jeung bales dendem, hiji jalma bisa dipaténi kitu baé jeung henteu kudu aya anu mangbaleskeun nalika teu boga jalma anu bisa ngajaga kana diri si jalma anu dipaténi. Masarakat Makkah beuki laluasa dina nyebarkeun ancaman ka kelompok Rosul. Jalma-jalma anu geus asup Islam meunang siksaan ti masarakat Arab, aya anu dipecut, dibalédogan ku batu, jeung dipoé dicangcang dina tihang di sagara keusik anu panas. Bari henteu dilawan ku Rosul. Sikep ngantep Rosul ieu dihartikeun ku masarakat Makkah geus mangsana anu kudu disiksa jeung dipaténi téh nyaéta Rosul sorangan. Rosul ogé boga pamadegan, posisi ummah (kelompok jalma-jalma anu iman) geus moal bisa dipertahankeun deui di Makkah.
Kurang leuwih 300 kilométer kaléreun Makkah aya hiji kota, dibéré ngaran Yatsrib. Masarakatna hirup dina widang tatanén (agraris). Geus ninggalkeun kahirupan nomadén (pundah-pindah), aya dua séké-sélér anu kawilang dominan; Aus jeung Khajraz. Sok sanajan hirup di hiji Kota, dua séké-sélér ieu masih mertahankeun kana tradisi Arab, papaséaan. Mémang geus aya ‘itikad anyar, geus waktuna papaséaan jeung perang antara dua séké-sélér ieu dieureunan. Tradisi di Arab, tiap taun jalma-jalma anu aya di éta jazirah pasti ngalakukeun ziarah ka Makkah, ngadatangan Ka’bah. Keur masarakat Yatsrib, ide-ide jeung ajaran anu ditepikeun ku Rosul lain hiji hal anyar jeung anéh. Di Yatsrib, geus aya komunitas Yahudi, bisa dipastikeun hubungan Aus-Khajraz jeung tilu komunitas Yahudi ngabalukarkeun geus jadi hal biasa ide-ide monotésime dibahasakeun, lain hal anéh.
Ku hal éta, nalika di Makkah aya kelompok anu ngaguar pasoalan monotéisme terus disiksa kalawan ngaleungitkeun rasa kamanusaan, kaluar sikep émpati ti masarakat Yatsrib ka kelompok Rosul. Ide-ide monotéisme ti masarakat Yahudi geus mawa pangaruh gedé ka masarakat Yatsrib. Sikep ashobiyyah di dua golongan, Yahudi boga anggapan sok sanajan Aus jeung Khajraz miboga simpati keur ngagem kayakinan monotéisme tapi agama Yahudi teu bisa diagem ku séké-sélér anu lain turunan ti Ya’qub (Isroil). Sabalikna, masarakat Arab Yatsrib kacida hayangna ngagem ide-ide monotéisme anu kudu dikedalkeun ku urang Arab sorangan. Patepungna kamandang ieu antara ide monotéisme masarakat Yatsrib jeung Rosul ngajadikeun cukang lantaran lumangsungna ‘baiaturridwan’, jangji ti masarakat Yatsrib ngagem monotéisme anu dibawa ku urang Arab pituin, Islam. Dina taun 620, para gegedén jeung masarakat Yatsrib anu ngayakeun ziarah ka Ka’bah ngucapkeun janji satia jeung sababaraha ide anyar; kudu ngahijina dua golongan (kelompok Rosul jeung masarakat Yatsrib, dieureunkeunna papaséaan antara Aus jeung Khajraz, kudu silih buméla antara jalma-jalma anu boga kayakinan monotéisme dina raraga merangan paganisme Arab.
Dina taun 622, urang Makkah anu geus asup Islam pindah (hijrah) ka Yatsrib kalawan rerencepan. Hijrahna komunitas jalma-jalma anu iman henteu sakumaha ramé jeung anu biasa dicaritakeun, éstu rerencepan, henteu sarua jeung éksodusna kaum Yahudi ti Mesir ka Kanaan. Rosul jeung Abu Bakar mah malah jalma anu pang pandeurina pindah (hijrah) ti Makkah ka Yatsrib, anu sababaraha taun ka hareup ieu tempat diganti ngaran jadi Madinah (Kota).
Kang Warsa

Posting Komentar untuk "Sajarah Islam: Ti Makkah Ka Madinah (Hanca Kaopat)"