Dina seratan ka-dua, “ Sajarah Islam: Tina Paganisme Kana Monotéisme” disebutkeun, Rosul henteu ngusik-ngusik tradisi bangsa Arab sagemblengna, ogé henteu ngangajak dua golongan; Yahudi jeung Kristen sangkan pindah kayakinan kana Islam, kajaba lamun jalma-jalma anu aya dina éta dua golongan milih asup kana Islam kalawan pilihan sorangan. Rosul ngan saukur méréskeun substansi tradisi bangsa Arab anu geus leupas tina tujuan asal. Dina kitab suci dipertélakeun; euweuh paksaan keur asup kana agama Islam. Ka jalma-jalma anu geus milih Islam, Rosul maréntahkeun kudu ngahormat ka dua golongan; Yahudi jeung Kristen. Dua golongan ieu disebut ‘Ahlul Kitab’ dina Quran, anu bisa dibéré harti “ umat anu meunang wahyu saméméhna”.
Rosul sadar, nolak sagemblengna tradisi anu geus nyaliara dina kahirupan masarakat Arab sarua hartina megatkeun hubungan jeung mangsa anu geus karandapan, sarua ogé mere harti merangan ka umat-umat anu geus leuwih tiheula narima wahyu. Udagan Rosul ngan hiji, kumaha carana sangkan wahyu anu ditarima ku dirina bisa ngakar jeung ngabeungkeut kahirupan urang Arab sagemblengna, ‘Fissilmi Kaffatan.”
Rosul henteu ngancurkeun tradisi anu dijaga ku karuhun Arab. Tradisi ritual anu biasa jeung galib dilakukeun di deukeut Ka’bah tetep dipiara. Ka’bah hiji ‘kuil’ atawa wangunan mangrupa ‘kubus’ atawa kotak anu diadeugkeun di jantung Kota Makkah, mangrupa puseur paling utama dina prakték ibadah di masarakat Arab harita. Kultus jeung ritual di Ka’bah geus dilakukeun ku karuhun-karuhun Arab, bisa kawilang mangrupa ritul buhun/kuno.
Hanjakal, ritual jeung ibadah di deukeut Ka’bah dina mangsa harita geus méngpar jauh tina konsép ibadah anu sabenerna. Éta anu dirobah ku Rosul, ku cara pikir basajan bisa disebut, Ka’bah geus dipopohokeun ku bangsa Arab, kusabab kalindih ku berhala-berhala pamujaan anu jumlahna nepi ka 360 berhala. Sanajan kitu, masarakat Arab angger mikareueus kana Ka’bah, tiap taun, wangunan tina batu éta dijarahan ku masarakat Arab, tumplek dina bulan anu ditangtukeun, dzulhijjah. Urang Arab jahiliyyah ngalakonan ritual - anu sarua jeung biasa dilakukeun nalika ibadah haji; towaf, ngurilingan Ka’bah tujuh puteran, nurub cupu kana kumaha muterna panon poé ngurilingan Bumi, paham géoséntris dicekel pageuh mangsa harita, lamun bumi mangrupa puseur tata surya. Nyium Hajar Aswad anu napel pageuh di juru Ka’bah, urang Arab boga anggapan lamun Hajar Aswad téh mangrupa météorit anu ragrag ka bumi, mangrupa panghubung kakuatan surgawi jeung situs Ka’bah anu aya di bumi.
Urang Arab anu ngalakonan ibadah /ritual haji ogé kudu lulumpatan ti Safa ka Marwa. Anu saterusna ngangsreug ka Padang Arafah, maranéhna nyileuk henteu saré sapeuting jeput, neruskeun muru ka Muzdalifah, ngabalang Jumroh di Mina, nyukuran buuk, disampurnakeun ku meuncit sato minangka kurban, megatkeun sifat sato dina diri mangsa poé panungtungan ritual haji.
Tujuan utama jeung kahayang masarakat Arab Jahiliyah diwakcabalakakeun di deukeut Ka’bah. Aya larangan anu henteu meunang dilakukeun nalika ritual di Ka’bah; perang, maéhan sato leutik, nepi ka ngucapkeun omongan garihal jeung kasar. Akibat anu dirasakeun ku masarakat Makkah nyaéta kauntungan tina widang dagang. Rasa aman ngajamin urang Makkah keur ngalap untung tina ritual di deukeut Ka’bah. Rasa aman éta ngawujud, salila prak-prakkan ritual haji, saha baé teu dimeunangkeun mawa pakarang komo nepi ka papaséaan, kacida dilarang.
Tradisi ritual haji tetep dijaga ku Rosul. Rosul sorangan kacida reueus jeung mika cinta ngalakonan ibadah di deukeut Ka’bah; mindeng umroh, maca Quran di gigireun Ka’bah. Ka’bah sorangan, sabenerna diwangun ku masarakat Arab dina raraga munjung ka Dewa anu dianggap paling agung, Hubal, déwa kaum Nabatéan, jeung aya 360 patung anu ditempatkeun sakuriling ogé di jero Ka’bah, bisa jadi jumlah berhala éta ngawakilan jumlah poé dina sataun (360 poé).
Sanggeus Futuh Makkah, 360 berhala dibukbak, ngan Hajar Aswad anu diantep. Dina mangsa harita Ka’bah diposisikeun mangrupa wangunan suci anu disebut Baitullah (rumah Alloh), jeung jadi hiji tanda sakaligus simbul hiji kakuasaan keur ngébréhkeun ka masarakat Arab lamun Alloh téh mangrupa Pangéran anu sarua jeung Pangéran anu dipupuja ku kaum monotéis anu nempatan Jazirah Arab Beulah kalér anu mindeng ngalakukeun ziarah ka Ka’bah sareujeung jeung masarakat Arab pagan. Tapi dina mangsa awal kanabian, Rosul masih maréntahkeun ka jalma-jalma anu asup kana Islam dina prak-prakkan ritual Sholat kudu nyanghareup ka Yerussalem, Kota Suci Ahlul Kitab, nukangan Ka’bah anu masih idéntik jeung paganisme. Hal ieu mangrupa hiji kahayang anu rongkah, sangkan masarakat Arab ogé dina hiji mangsa anclub kalawan nyekel pageuh kana ajaran monotéisme.

Posting Komentar untuk "Sajarah Islam: Ka'bah (Hanca Katilu)"