Ajaran anyar - ku kaum oriéntalis jeung sékulér murni disebut sempalan atawa sékté - dibéré ngaran Islam (sumerah diri); jalma - arék lalaki atawa awéwé - anu anclub kana ieu agama, disebut muslim, sing saha baé anu sagemblengna masrahkeun diri ka Alloh jeung kana naon anu diparéntahkeunNa. Manusia diparéntah kudu ngaheulakeun sikep adil, sarua dina harkat jeung martabat, jeung mintonkeun kanyaah ogé silih pikanyaah jeung papada. Sikep-sikep éta mangrupa maniféstasi tina kawajiban utama muslim, ngadeugkeun sholat.
Sikep ashobiyyah, étnosentrisme anu geus ngakar jeung ngawujud di masarakat Arab harita ditumpurludeskeun lalaunan. Budaya anu mahabu harita nyaéta, ayana kelas-kelas sosial, gegedén mangrupa puseur kahirupan sosial henteu bisa ngaréndéng jeung jalma biasa, rahayat leutik. Maniféstasi sholat anu ngawujud dina kahirupan ieu tangtu dianggap hiji hal anu patukang-tonggong jeung kahirupan harita. Kabéh jalma kudu sujud babarengan, sajajar antara cacah jeung ménak, sok sanajan para gegedén Arab harita henteu nyatujuan kana konsép monarki, tapi sahenteuna maniféstasi sholat anu ngadeug dina kahirupan hiji hal anu mustahil bisa ditarima ku urang Arab utamana para ménak.
Geus puguh kana niléy dasar Islam saperti kaadilan sosial, manusa miboga harkat jeung martabat anu sarua, kacida henteu disatujuan ku para gegedén Arab. Kawajiban anu diparéntahkeun dina Quran keur ngawujudkeun kaadilan nyaéta, Rosul jeung urang Arab anu geus asup kana agama Islam kudu ngawangun hiji golongan, kelompok, atawa komunitas (ummah) anu miboga ciri utama; welas asih, harta jeung raja kaya dibagi kalawan walatra. Hal ieu dianggap mangrupa pasoalan penting tibatan ajaran doktrin ngeunaan Pangéran. Sikep jeung kamandang purbasangka ngeunaan éksisténsi Pangéran mangrupa hal anu ditolak ku Islam, agama anyar ieu leuwih meredih ka ummatna sangkan daék ihtiar , mikir, jeung bener-bener dina ngagunakeun poténsi dina nyanghareupan hirup anu disebut Jihad.
Kamandang di luhur tangtu miboga akibat sajajar, lamun kaayaan ummah aya dina kamajuan jeung kaluginaan hirup ieu mangrupa tanda muslim geus hirup saluyu jeung naon anu diparéntahkeun ku Alloh, geus hirup saluyu jeung kersaNa Alloh, jeung geus manggih kahirupan anu bener-bener Islami. Nalika hal éta can kacumponan, balukarna, ummah bakal tetep aya hirup dina sarwa kakurangan, moal pernah cukup.
Sabenerna, lamun niténan kana sajarah, sakumaha anu mindeng ditulis ku para sejarawan, ngaronjatkeun kaadilan dina kahirupan jeung ngawujudkeun welas asih mangrupa tujuan jeung hal penting dina tiap agama salila Jaman Aksial (700 SM – 200 SM), kamajuan kahirupan di tiap wewengkon kudu ngébréhkeun tujuan utama anu baris megarkeun rasa salaku manusa. Taoisme jeung Konfusionisme di Cina, Hindu jeung Buddha di India, monotéisme di Timur Tengah, jeung Rasionalisme di ‘Barat’. Kabéh agama boga tékad ngabenerkeun jeung ngaréformasi paganisme heubeul kusabab kahirupan beuki kompléks, hétérogén, ditandaan ku beuki majuna jalma dina sagala widang kahirupan. Jalma jadi beuki museurkeun diri kana kayakinan hiji ‘Pangéran’.
Kahirupan tradisional anu dipangaruhan ku hasil agraris nempatkeun hiji kamandang anu jelas, ékonomi masarakat disebut maju nalika hasil tatanén bisa nyukupkeun masarakat. Supaya henteu bral dominasi jeung monopoli ku hiji golongan, agama-agama ngaluarkeun kawijakan pentingna nerapkeun sikep welas asih, anu leuwih ku harta kudu ngaluarkeun sawaréh hartana. Dina agama anyar di Makkah ogé kitu, zakat mangrupa hiji kawajiban keur ngaraketkeun jalma anu mampu jeung cacah. Para gegedén Quraisy tangtu nolak kana ieu hal, masarakat anu hirup cukup tina widang usaha dagang miboga kamandang; hasil usaha mangrupa tarékah jeung ikhtiar séwang-séwangan henteu dipangaruhan ku batur komo jalma-jalma miskin! Dina kayakinan ogé – asalna – masarakat Quraisy nolak sagemblengna kana monotéisme anu geus dibawa ku agama-agama anyar jeung Islam, ceuk pikir maranéhna; ku lobana pangéran anu disembah boga harti tiap kahayang bakal leuwih gancang kacumponan. Ngan ku kamajuan cara mikir, sanajan telat, akhirna masarakat Quraisy, lila-lila mah milih kana monotéisme anyar. Arab anu leuwih deukeut jeung kabiadaban siap narima kana kaimanan anu datang ti Rosul, hiji jalma anu dilahirkeun di masarakatna sorangan, milih agama anyar; Islam.
Sok sanajan aya transformasi jeung réformasi tina paganisme kana monotéisme, lain hartina para nabi kudu numpurludeskeun kabéh tradisi, kabiasaan, jeung adat masarakat di wewengkonna séwang-séwangan. Di Makkah, Rosul saukur ngajak ka masarakat harita sangkan ninggalkeun pangéran-pangéran anu disembah; Al-Latta, Manat, jeung Al-Uza, tapi kudu nyembah jeung ngabdi ka hiji Pangéran, Alloh. Perang kabilah dilantarankeun ku lobana pangéran anu disembah, di Arab, tiap wewengkon miboga pangéran anu béda, hénotéisme, pangéran ngan diaku aya ku hiji kabilah bari nganggap lamun kabilah séjén miboga pangéran anu béda. Ngan kucara milih kakinan monotéisme, yakin ka hiji Pangéran, Alhamdulillahi robbil ‘alamin, Gusti Alloh anu sahiji, malikinnaasi, bangsa Arab bakal maju, bakal miboga visi jeung misi anu hiji!
Rosul ogé mertélakeun, ajaran anu dibawa ku nabi jeung rosul ti mimiti alam aya nepi ka mangsa iraha baé ogé sarua. Alloh geus ngutus para nabi ka tiap wewengkon jeung bangsa anu mawa ajaran tauhid. Dina tradisi Islam disebutkeun aya 124.000 nabi anu geus diutus ku Alloh ka tiap-tiap wewengkon, hartina, Alloh moal ngantep ka hiji kaum sangkan teu boga pangarti jeung kanyaho kana hal-hal kaimanan. Sanajan para nabi miboga cara anu béda-béda tapi naon anu disebarkeun ka kaumna tetep sarua, kayakinan Tauhid. Quran malah mertélakeun; innaalldziina amanu walladziina haaduu wan-nashaaraa, wash-shaabiina man aamana billaahi wal yaumil aakhiri falahum ajruhum ‘inda robbihim walaa khaufun ‘alaihim walaahum yahzanuun.(Saéstuna, jalma-jalma Iman , Yahudi, Kristen, Shaabiin, sing saha anu iman ka Alloh jeung poé akhir, mangka keur maranéhna nyaéta ganjaran/pahala ti pangéranna jeung moal aya kasieun jeung moal aya kasedih).

Posting Komentar untuk "Sajarah Islam: Tina Paganisme Kana Monotéisme (Hanca kadua)"