Salila bulan Romadhon, salah saurang nonoman Arab ngalaman hiji hal anu bakal ngarobah sajarah jeung carita alam dunya. Tiap taun, di Bulan Romadhon, Ahmad (Muhammad) 1) ngalakonan hal biasa, niis jeung nyorangan di hiji guha nu boga ngaran Hiro di mumunggang gunung, anu kadieunakeun dibéré ngaran ‘Jabal-Nur’, Gunung Cahya, éta gunung pernahna aya di pasisian Makkah. Di éta jero guha, Muhammad ngalobakeun dzikir, méditasi, tapa, ngado’a, jeung nalika turun gunung ngalobakeun jariyah ka fakir miskin anu aya di Makkah.
Jauh saméméh kitu, Muhammad anu baris diangkat jadi rosul geus ngarasa melang ku sababaraha hal anu dianggap mangrupa krisis jeung pageblug di wewengkon Arab. Sok sanajan dina widang usaha jeung pakasaban, kaum Quraisy geus panggih jeung kamajuan nalika ngayakeun usaha dagang jeung jalma-jalma anu aya di wewengkon Arab. Hanjakal, keur ngudag kaluginaan hirup, niléy jeung moral anu biasa dimumulé ku karuhun Arab geus mimiti mélékététét, kawas ajug anu béakeun minyak. Tibatan kudu nanjeurkeun sikep gemeinschaft, silih tulungan, jeung sikep-sikep altruis, tiap Kabilah atawa séké sélér di wewengkon Arab leuwih milih kumaha cara ngamakmurkeun golonganna, sabari teu nolih kumaha golongan séjén. Perang keur ngudag kamashuran jadi pilihan.
Di ampir kabéh wewengkon Arab, kabilah-kabilah anclub kana perang anu kacida rongkah. Sirik pidik ngabalukarkeun kahirupan dibulen ku sikep dendem, ceuli kudu dibales ku ceuli, nyawa kudu dibales ku nyawa deui. Sababaraha jalma ti Arab kénéh malah miboga pamikiran, lamun bangsa Arab mangrupa hiji bangsa ‘pacundang’ anu jauh jeung sikep kamajuan dina sagala widang, ngarasa anéh, jeung diantep ku Pangéranna sorangan.
Salian masalah éta, dina mangsa harita, jalma-jalma di wewengkon Arab, utamana Makkah, keur ngalaman hiji hal anu dahsyat, rarampa jeung cacapa, tagiweur kusabab kahirupan garing tina cai spiritualitas. Masarakat Arab boga pamadegan, agama Yahudi jeung Kristen anu diagem di wewengkon kakawasaan Bizantium, Romawi leuwih maju tibatan ageman paganisme Arab. Kalolobaan masarakat Arab oge – dina hal kayakinan – boga pamadegan lamun Al-Latta, salah sahiji pangéran anu disembah ku maranéhna mangrupa pangéran anu sarua disembah ku Yahudi jeung Kristen. Ngan maranéhna boga pikiran, kunaon sababna Al-Latta, pangéran anu disembah ku urang Arab teu atawa can pernah ngirim saurang ogé anu disebut nabi keur masarakat Arab? Ogé henteu miboga kitab suci anu diserat jeung dibacakeun dina basa maranéhna. Ku kaayaan samodél kieu, kaum Yahudi jeung Kristen mindeng nyeceléh ka urang Arab mangrupa hiji kaum anu dianaktérékeun ku Pangéran, teu direncanakeun ku Pangéran jadi hiji bangsa anu miboga nabi ogé kitab suci!
Kamandang di luhur ngadadak eureun, nalika dina hiji peuting, tanggal 17 Romadhon, Muhammad ngarasa dirina dipinuhan ku cahaya, dihareup ngajirim hiji mahluk anu pikasieuneun, nangkeup ragana, nepi ka kaluar ucapan mangrupa wahyu tina kitab suci ‘anyar’ ngagunakeun Basa Arab. Diucapkeun deui ku dirina lalaunan, hawar-hawar: Iqro bismirobbikalladzi kholaq! 2)
Rosul leuwih milih cicing jeung henteu ngabéjakeun naon anu kaalaman ku dirina salila dua taun. Wahyu anyar éta ngan diobrolkeun ka Khadijah jeung dulurna: Waroqoh Ibn Naufal, salah saurang anu ngagem Kristen Arianisme. Khadijah jeung Waroqoh boga kayakinan, naon anu katampa ku Rosul mangrupa wahyu anu turun ti Alloh. Nepi ka tungtung taun 612, Rosul ngawanikeun diri ngaguar pangalaman spiritualna, ngajak kalawan susulumputan nepi ka boga jalma-jalma anu ngarojong ka Rosul, diantarana: Ali ibn Abi Tholib, Abu Bakar , jeung Utsman Ibn Affan. Lolobana anu ngarojong kana da’wah Rosul nyaéta jalma-jalma miskin, golongan anu teu resep ku ayana masalah sosial anu ngarugikeun ieu kelompok di Makkah, jalma-jalma anu ngarasa kasingkirkeun tina kahirupan anu teu mihak ka diri maranéhna.
Eusi da’wah Rosul kacida basajan, henteu ngajarkeun doktrin anyar ngeunaan Pangéran keur bangsa Arab; jalma-jalma anu ngarojong da’wah Rosul, ogé lolobana urang Quraisy geus nyekel kayakinan yén Alloh anu nyiptakeun ieu alam dunya jeung bakal ngayakeun balitungan keur jalma-jalma di poé anu geus ditangtukeun, sarua jeung naon anu dipercaya ku urang Yahudi jeung Kristen. Rosul henteu boga kamandang kudu ngadeugkeun jeung nyieun agama anyar, Rosul ngan mawa jeung nepikeun kayakinan heubeul kudu yakin Ka Alloh anu sahiji ka bangsa Arab anu can pernah boga nabi saméméhna.
Rosul ngaluarkeun kamandang, ngungudag kabeungharan keur diri sorangan, rakus, harak, jeung sarakah mangrupa hal anu salah. Nu kudu ditanjeurkeun nyaéta ngangkat harkat jeung martabat jalma-jalma lemah jeung miskin. Lamun masarakat Quraisy teu boga cara keur ngoméan kahirupan anu ruksak kawas harita, bangsa Arab utamana Quraisy bakal tumpur ludes, saperti kaum-kaum baheula anu ngarempak aturan-aturan Alloh dina mangsa baheula. Ieu pisan amanat anu ditepikeun dina kitab suci anyar anu dingaranan Quran (bacaan). Kusabab dina mangsa harita, kalolobaan urang Quraisy kaasup Rosul mangrupa jalma anu henteu bisa maca, ajaran anu diserep ngaliwatan naon anu dibaca, didéngé, kalawan tauqifi, ayat ka ayat, surat ka surat, anu diturunkeun ka Rosul salila dua puluh dua taun leuwih. Eusi Quran mangrupa jawaban pasoalan-pasoalan anu karandapan ku hiji golongan anyar, hiji oikuméné jalma-jalma iman (mu’miniin). Dina narima wahyu, Rosul mindeng ngarasa hal-hal anu beurat kacida. Ceuk Rosul dina hiji mangsa ka para sohabat, “ Teu pernah sakali ogé, kaula narima wahyu, lamun henteu ngarasa nyawa kaula rék leupas tina raga!”
Ku kaum orientalis jeung sékuler mah kajadian anu tumiba ka Rosul samodél kitu téh dilantarankeun kusabab pasoalan anu disanghareupan kajida rongkah jeung pohara. Rosul bener-bener ngarasakeun kalawan jero kumaha runyemna pasoalan dina sagala widang anu keur disanghareupan ku bangsa Arab harita. Salila narima wahyu ayat ka ayat, surat ka surat, Rosul kudu manggihan jalan kaluar lain saukur pasoalan politis ogé pasoalan-pasoalan spiritual. Eusi Quran geus ngaruntagkeun sastrawan-sastrawan kaum Quraisy dina hal kaéndahan kecap jeung kalimah. Umar ibn Khathab, mangrupa hiji jalma anu pohara nagtang kana ajaran anu dibawa ku Rosul, salaku hiji jalma anu getén neuleuman sastra jeung puisi Arab, ngarasa hélok nalika ngadéngé dibacakeun ayat-ayat Quran, nepi ka Umar milih pindah kayakinan. Umar pernah wakca: “ nalika kaula ngadéngé Quran dibaca, haté kaula ngadadak leuleus, kaula ceurik, ajaran anu aya dina Quran saolah asup kana diri kaula!” 3)

- "Dan (ingatlah) ketika Isa ibnu Maryam berkata: “Hai Bani Israil, sesungguhnya aku adalah utusan Allah kepadamu, membenarkan kitab sebelumku, yaitu Taurat, dan memberi kabar gembira dengan (datangnya) seorang Rasul yang akan datang sesudahku, yang namanya Ahmad (Muhammad).” Maka tatkala rasul itu datang kepada mereka dengan membawa bukti-bukti yang nyata, mereka berkata: “Ini adalah sihir yang nyata.” (Ash Shaff [61]: 6)
- Q:S Al-‘Alaq 1-5
- Muhammad ibn Ishaq, Sirat Rosulullah, hal. 158
Posting Komentar untuk "Sajarah Islam: Rosul Jeung Wahyu (Hanca kahiji)"