Lokananta Jeung Jin

Lokananta atawa 'Gamelan Kahyangan' dipercaya ku masyarakat di Tatar Sunda dina mangsa sababaraha taun ka tukang. Ngan henteu kabeh jalma pernah ngalaman, ngadenge ujug-ujug aya sora gamelan anu ditabeuh. Aya istilah, lamun keur 'kawenehan' mah sok ujug-ujug kadenge bae sora tatabeuhan gamelan di tempat anu suni jeung tiiseun. Biasana, nu pernah ngalaman hal ieu nyaeta jalma-jalma anu sok ngulampreng peuting rek ka sawah, susukan, atawa leuweung.


Lokananta lain aya di hiji tempat wungkul, hasil tina paguneman kuring jeung sababaraha urang jalma, loba anu ngaguar pangalamanna pernah ngadenge sora gamelan anu ditabeuh, sorana hawar-hawar, tarik, oge bisa sedeng. Sakapeung mah asa pamohalan aya kajadian samodel kieu, komo keur jalma anu teu percayaan mah dianggapna teh mitos atawa ngaya-ngaya. Tapi ninggang anu ditanyana jalma anu pernah ngalaman ieu hal, maranehna wani susumpahan sagala, sabab ceuk maranehna ngadenge sora gamelan nu ditabeuh teh lain sakali dua kali, tapi mindeng pisan.


Ceuk urang Lampegan mah, dina peuting anu geus tangtu, di lebah dinya sok kadenge sora gamelan anu ditabeuh. Urang Cigoong, Wangunreja oge loba anu ngadenge sora gamelan anu ditabeuh kaluarna tina hiji serengkedong di Leuwi Goong. Anu matak eta wewengkon dibere ngaran Cigoong oge dicokot tina sok kadenge sora gamelan jeung goong disada kaluar ti palebah leuwi.


Jalma moderen jeung anu sok ngaku-ngaku moderen mah sok 'ngauwahkeun jeung ngamoalenyakeun' kana pasoalan model kieu, malah sok aya anu ngomong, "Lah, tong percaya kanu kitu, musyrik eta teh!", nyaeta sok mang herankeun oge kuring mah ka jalma-jalma nu boga pikiran gejed samodel kitu teh, ari kana hal-hal gaib kudu percaya malah dijadikeun ukuran kaimanan, nalika aya hal samodel Lokananta diguar sok langsung nuding "musyrik".


Komo dina mangsa kakawasaan Orde Baru mahabu mah, keur ngagogoreng urang Sunda sok mindeng kadenge ucapan: " Wah kade, Pajajaran tah!" Ka jalma anu beuki ngopi oge sok diucapkeun, " Kawas pajajaran bae maneh mah!", Lamun di lembur aya anu kasurupan atawa karasukan sok diucapkeun, " Wah, moal salah, kaasupan ku Pajajaran!". Kitu wawacan anu rame di masyarakat harita keur ngagogoreng Pajajaran. 


Katambah, biasana sok digoongan ku anu jadi Kyai atawa Ustadz ku ucapan, "Kade, percaya kana hal-hal karitu teh pimusyrikkeun." Ngucapkeun kitu teh bari ngaleos jeung henteu medar naon pangna diasupkeun kana hal musyrik.


Dipikir-pikir mah, urang teh loba teuing ngulahkeun ka batur, tapi loba oge anu sok ngomong " Kuring mindeng nenjo aya Jin di masjid ieu mah!" Ceuk kyai di lembur. Tah, dina lebah dinya mah moal narima lamun manehna disebut musyrik atawa diomongkeun, " Kade ah, bilih musyrik percanten kanu kitu teh, Tadz." Jalma kitu bakal ngomong, pantesna ngaluarkeun argumentasi, " Masalah Jin mah aya dalilna... malah aya Surat anu dibere ngaran surat Jin!" Biasana dibarengan ku maca dalil, 'Wa maa khalaqtul Jinna Wal Insa illaa liya'buduuni'. 


Cindekna, lamun kana naon anu datangna ti batur mah sok diagul-agul, saluyu jeung agama, loyog keur kahirupan, ti mimiti hal leutik nepi ka badag. Ninggang kaluarna tina budaya urang sorangan mah sok dipoyok, malahan diadurengeskeun jeung dalil atawa ayat-ayat Quran. Jigana, jalma model kitu mah bakal boga pamadegan, taneuh di Arab anu panas jeung gersang oge dianggap leuwih mulia tibatan lemah cai sorangan anu curcor ku cai jeung hejo ku tutuwuhan. Ari disebut baong jeung torek mah da arembung eta teh. Saperti, ka Jin jeung Iblis mah percaya, kana Lokananta mah geus pasti ngomong, " Wah.. paling Pajajaran eta mah, kade ulah dipercaya teuing bisi tigorobas kana musyrik!"


Cah ah!


Kang Warsa


Sent from my BlackBerry®

powered by Sinyal Kuat INDOSAT

Posting Komentar untuk "Lokananta Jeung Jin"