Hunafa

Dina sajarah Islam jarang pisan diguar ayana hiji golongan anu nyekel pageuh ajaran katauhidan, manaréhna disebut ‘Hunafa’, hiji golongan anu dieusi ku jalma-jalma hanif (lempeng) nyukcruk galur kayakinan monotheism (Tauhid). Éta golongan dina mangsa kahirupan saméméh Rosul narima jeung geus nampa wahyu teu pernah ilubiung asup nyekel ajaran anu dilembagakeun jadi agama formal (Organized Religion), henteu nyokot bagéan tina pasoalan-pasoalan nalika agama dicampur-adukkeun jeung kakuatan politik. Aya hubungan anu deukeut antara diri Rosul jeung ieu golongan nepi ka kaluar dalil, “Haniifan Musliman..” konsép ‘uzlah, dzikir, ngadeuheus ka gusti kalawan niis di hiji tempat ogé mangrupa hal nu dilakukeun ku ieu golongan.

Maranéhna henteu milih ajaran anu dilembagakeun tapi miboga kayakinan lamun ajaran mah geus sampurna ti awal ieu alam dunya diciptakeun ogé. Ajaran henteu disampurnakeun ku hiji agama atawa kayakinan. Anu disampurnakeun mah lain substansi-na tapi cangkang keur méréskeun pasoalan kahirupan. Keur méréskeun pasoalan kahirupan, arék sosial, budaya, ékonomi, jrrd, jalma geus dibéré akal pikiran. Wahyu anu miboga sifat transcendent saterusna bakal nyaliara di ieu alam, henteu bisa diitung jadi ayat per ayat atawa surat per-surat, kusabab kacida jembarna élmu anu aya dina ieu kahirupan.

Dina mangsa mimiti kanabian, Rosul boga pamadegan sarua jeung sakumaha anu dilakukeun ku kelompok ‘hunafa’, anu matak di jaman Rosul hirup anu ngaranna mushaf Qur-an teu pernah dibukukeun, sabab pasoalan-pasoalan hirup anu disanghareupan meunang jawaban langsung tina komunikasi Rosul jeung Alloh. Tangtu sifatna kondisional jeung kasuistik. Ku pikiran basajan bisa disebutkeun lamun naon anu diucapkeun ku Rosul kalawan ngagunakeun Basa Arab mangrupa tafsir tina wahyu transcendent téa, sangkan maksudna bisa kaharti nalika ditafsirkeun kana basa manusa.

Anu matak, lamun niténan sajarah, kabéh Rosul anu meunang wahyu can pernah nuliskeun wahyu kalawan sagemblengna. Musa henteu nulis torét, anu diserat ku Musa dina batu nyaéta ‘the ten commandements’ sapuluh paréntah Gusti Alloh, mangrupa tafsir tina wahyu transcendent, da saméméh Musa ogé anu ngaranna kaalusan jeung kahadéan mah kitu-kitu kénéh, hormat ka kolot jeung ka sasama dina budaya mana baé ogé moal disebut hiji kagoréngan, pan? Daud henteu pernah nuliskeun Zabur atawa Mazmur, Isa ogé teu pernah nuliskeun Injil.

Malah, dina jamanna mah, nyaéta dina mangsa formatif (mimiti ngawangunna) agama-agama, kabéh Rosul kudu nyanghareupan kakuatan politik anu rék ngarogahala kana kahirupanna. Ulah jauh-jauh, dina sajarah Islam baé, anu ngaran Abu Sofyan téh jelas pisan ngamusuhan ka Rosul kacida rongkahna. Ngan.. sanggeus Rosul ngantunkeun mah, Abu Sofyan jeung budak-budakna maju panghareupna saolah jadi ponggawa langsung anu bakal ngamankeun lumangsungna Islam di tatar Arab. Isa dimusuhan ku Paulus atawa Saul, geuning sanggeus Isa tilar mah, Paulus anu nyumebarkeun ajaran Kristen di wewengkon Aramia jeung Yerussalem nepi ka kayakinanna diagem ku Kaisar Konstantin.

Cindekna, urang kudu boga pamadegan, lamun agama-agama anu aya ayeuna di ieu dunia henteu ujug-ujug aya saperti anu katénjo ku urang ayeuna, kabéh boga mangsa formatifna (aya mimitina). Sarua jeung urang kudu boga kayakinan lamun sagelas cai kopi anu rék diregot téh henteu ujug-ujug aya dihareupeun urang. Ngan kumaha wé kétah, arék diregot langsung bari teu neuleuman kumaha carana nepi ka éta kopi siap diinum teu nanaon, rék nalungtik hela kumaha prak-prakkan nyieun cai kopi ogé leuwih alus. Anu ulah téh, nginum cai kopi diteureuy jeung gelasna, ngaranna rewog, rakus, oh.. kadedemes meureun.

Kang Warsa.

Posting Komentar untuk "Hunafa"