Di Nusantara ayeuna, Islam mangrupa agama mayoritas anu diagem ku rahayatna. Dina sababaraha iber oge dipertélakeun, di Inggris, agama Islam mangrupa agama mayoritas ka-dua sanggeus Kristen. Kurang leuwih kana 1.2 milyar jalma anu aya di ieu Bumi ngagem agama Islam. Sanajan kitu, tina jumlah éta, sakumaha kamandang Armstrong, ngan sababaraha persén baé jalma nu ngagem Islam jeung satia kana eusina. Hartina, lain Islam wungkul, agama-agama anu aya di dunia keur nyanghareupan pasoalan anu seurieus dina sagala widang kahirupan.
Geus puguh lamun urang ngaguar Islam dina pasoalan politik mah, katénjona karah asa beuki rumeuk jeung rungseb. Rumeukna kusabab Islam sok dijadikeun alesan keur ngabenerkeun doktrin keur ngabenerkeun kana tujuan politik anu ruksak jeung amoral. Loba pisan conto kumaha Islam dijadikeun barang dagangan, kanyataan ieu beuki parna nalika dalil-dalil dijadikeun alesan keur ngabenerkeun kana maksud licikna, pasoalan materi jeung duniawi. Lamun muka deui kahirupan awal réformasi teu saeutik partéy anu ngajak ngalakonan tahajud bari dikomérsilkeun kana partéy mana jalma-jalma anu sok tahajud bakal mikeun sora atawa pilihanna.
Kacida mahabuna kajahatan jeung déviasi moral nu geus dilakukeun ku urang ku cara nyebut jeung maké ngaran Gusti Alloh. Euweuh bédana jeung jalma anu ngabajak ngaran Gusti Alloh keur "ngagoalkeun" kapentinganna bari teu ngarasa dosa, malahan jauh kudu kana ngarasa hanjakal mah.
Jauh saméméh urang hirup jeung aya dina alam kamerdékaan, karuhun-karuhun urang geus méré ugeran, urang kudu jadi jalma anu ngagem agama sakaligus kudu boga adab. Konsép percaya ka Alloh téh kudu dibarengan ku sikep urang salaku mahluk anu boga budaya. Urang kudu miboga sikep jembar haté, ku cara kitu, urang moal hésé ngaku lamun di ieu nagara anu ngaranna pluralisme mangrupa hiji hal anu aya jeung wajar. Antukna diri urang bakal ikhlash méré pangakuan kana hak jeung kayakinan batur dina ngamandangkeun yén kayakinan jeung agama anu diagem ku maranéhna mangrupakeun agama nu pang benerna. Dina waktu nu sarua, jalma nu ngagem agama séjén ogé kudu ngahormat kana pamadegan urang Islam anu miboga kamandang, Islam mangrupa agama anu pang benerna. Kalimah "pang benerna" anu dimaksud, tangtu keur kayakinan séwang-séwangan.
Disebut sikep henteu boga étika jeung adab lamun aya jalma anu ngomong: agama kuring anu pang benerna mah, agama maranéh mah salah! Éta mangrupa ucapan ti jalma-jalma anu teu nyaliara dina dirina kumaha cara hormat ka sasama. Mémang, pacéntal-céntal masalah agama mah moal aya bérésna nepi ka kiamat ogé. Da anu bakal ngahakiman jeung boga hak nyebutkeun ajaran anu bener mah nyaéta Alloh. Tugas urang mah kumaha cara sangkan bisa ngalakukeun kahadéan lain keur diri sorangan jeung golongan wungkul, ogé keur ka batur.
Cag ah!
Sent from my BlackBerry®
powered by Sinyal Kuat INDOSAT

Posting Komentar untuk "Islam Nusantara (Hanca Katilu)"