Alam Nusantara digambarkeun ku Plato sababaraha abad ka tukang ku sebutan : The East of Eden, Sawarga ti wewengkon wétan. Salah saurang bujangga Timur Tengah nyebutkeun: sakeupeul taneuh ti sawarga diawurkeun di ieu wewengkon. Duanana henteu salah, alam Nusantara teu béda ibarat awéwé geulis camperenik. Gunung, sawah, susukan, situ, sempalan, jrrd ngahiji ngajirim jadi hiji lukisan anu moal aya babandinganna. Sok sanajan, dina danget ieu, teu saeutik kusabab kasarakahan manusa, loba hal anu geus diruksak demi kapentingan pribadi atawa golongan. Tapi, alam Nusantara sabenerna bisa nyukupkeun pangabutuh jalma-jalma anu aya di ieu wewengkon, ngan ku manusa-manusa sarakah hak rahayat keur ngasaan amisna ieu Nusantara direbut, bisa ogé dipaksa pirusa.
Ka wewengkon Nusantara anu camperenik ieu, sababaraha abd ka tukang, bangsa-bangsa anu aya di dunia daratang marawa budaya ogé agama anu bisa tumuwuh di ieu wewengkon. Salah sahiji agama anu datang ka Nusantara nyaéta Islam. Geus tangtu, lamun dititénan kalawan daria, aya hubungan atawa simbiosis mutualisma antara Islam jeung Nusantara anu nepi ka ayeuna ieu agama diagem ku mayoritas rahayatna.
Nilik kana sajarah, hubungan antara rahayat di Nusantara jeung nagara-nagara anu aya di Asia Barat geus lumangsung dina widang dagang jaum saméméh Islam asup ka ieu wewengkon. Asupna agama Islam mawa pangaruh anu jelas kana beuki ningkatna pakasaban dagang di Nusantara. Basisir-basisir jadi puseur kagiatan dagang, karajaan-karajaan Islam ngadeg. Nepi ka dina tungtung abad ka 18, Peta Nusantara geus dipamérkeun ka mancanagara. Ti sagigireun Islam, agama-agama séjén ogé tumuwuh di ieu wewengkon kalawan diluluguan ku sumanget silih ajénan atawa toléransi ti rahayat anu ngeusi ieu wewengkon.
Para ahli sajarah, can aya anu bisa ngajéntrékeun kalawan sagemblengna, saha anu pangheulana aya di ieu Nusantara, leuwih deukeut, naon sabab Islam jadi agama mayoritas malah bisa disebut agama anu jadi jawara kusabab geus meunang tina "médan laga tanding téologis" di hiji wewengkon anu sifatna multi étnis/séké-sélér. Sajarah geus ngabuktikeun, meunangna Islam di ieu wewengkon saheuleut jeung dipakéna Basa Melayu minangka "basa pergaulan" di wewengkon Nusantara, hiji basa anu asalna digunakeun di Riau, mangrupa basa tina sub-budaya Melayu, bisa disebut minoritas.
Hal ieu bisa dibandingkeun jeung kumaha meunangna ampir kabéh peradaban di dunia anu dimimitian ku cara ngaékspansikeun basa jeung budaya. Para tamtama Arab anu ngalakukeun ékspansi ka wewengkon Asia Barat, Selatan, jeung Afrika kajaba ngalakukeun Islamisasi ogé dibarengan ku Arabisasi, invasi budaya Arab ka wewengkon anu arék jeung geus diéléhkeun.
Ngan kudu boga sikep adil, Islamisasi anu dilakukeun di mana baé ogé henteu mulus rahayu kiti baé, imvasi geus pasti ngagunakeun kakuatan militér! Lain keur mamaksa jalma sangkan asup kana hiji agama, kajaba hiji ékspansi kakuatan politik jeung kakawasaan anu dilakukeun ku bangsa Arab. Hanjakal, agama naon baé ogé katénjona henteu walakaya nalika dijadikeun kedok keur nutupan sikep sarakah kakawasaan anu dilakonan ku pangawasa-pangawasa harita. Kusabab kitu, urang ulah boga kamandang lamun mangsa ka tukang, sajarah Islam jeung karajaan-karajaanna teu boga cacad jeung cela. Ulah boga anggapan hal anu suci nepi ka embung dikritik atawa dibenerkeun. Ulah boga pikiran, kusabab kabéh ngagunakeun kedok Islam saolah euweuh anu salah dina mangsa ka tukang.
Kana sajarah, urang kudu boga sikep jujur, ku jujur ieu bisa jadi, sajarah anu sabenerna téh teu sampurna, bisa jadi dipinuhan ku bisul jeung borok, panyakit jeung peuheur. Ulah méré kamandang kana sajarah, saolah kabéh ogé ngan amisna wungkul, ari anu pait jeung peuheur disumputsalindungkeun, licik jeung henteu jujur disebutna ogé. Urang-salaku umat Islam- ulah boga rasa salaku manusa anu pang sucina anu ngabalukarkeun, urang api-api henteu nyaho kana sikep-sikep jahat anu dilakukeun ku para pangawasa Muslim kalawan ngagunakeun kedok agama, nyalahgunakeun fiqh bari ngaklém diri salaku anu nampa jeung ngajaga warisan Nabi. Cag ah!
Kang Warsa

Posting Komentar untuk "Islam Nusantara (Hanca Kaopat)"