Kitab suci umat sejen mah geus lain wahyu deui, bisa disebut semi 'samawi' malah geus kasebut semu 'samawi'. Wahyu-na aya keneh, ngan geus loba ayat anu diropea, digulak-gilek, diganti, jeung aya oge anu dipupus ku anu nulisna. Kira-kira kitu pamikiran kuring ti mimiti umur sawawa nepi ka sababaraha taun ka tukang. Katambah ku lingkungan dimana kuring hirup dijejelkeun hal saperti; anu masih kajaga jeung estu murni mah nyaeta kitab suci agama anu diagem ku urang. Kuring- oge saha bae- tangtu sapamadegan jeung naon anu katarima nepi ka danget ieu.
Moal aya beresna ngaguar pasoalan samodel kieu, da nalika ku kuring ditanya ka sababaraha jalma anu miboga kayakinan anu beda-beda, kabeh boga pamadegan anu sarua, kitab suci agama kuring oge masih kajaga jeung estuning wahyu murni ti Anu Maha Kawasa, euweuh jalma anu kumawani ngarobah jeung ngagunasika kana tiap ayat jeung pasal anu aya dina eta kitab.
Kucara mikir basajan oge sabenerna bisa kaharti jeung kapanggih, nalika urang boga kamandang kitab suci agama sejen geus dirobah ku anu nulisna, hartina wahyu jeung ajaran ti Gusti Alloh bisa dirobah-robah, dihapus tuluy ditambahan ku pamikiran jalma. Tangtu, kamandang saperti kitu boga harti, urang geus ngapilainkeun kana hiji hal anu sifatna absolut atawa mutlak. Saharti jeung nalika urang boga anggapan lamun pangeran anu disembah ku batur mah beda jeung pangeran anu disembah ku urang, dina danget eta kalawan henteu langsung, urang geus boga kayakinan aya pangeran sejen anu beda jeung pangeran anu ku urang disembah.
Sababaraha taun ka tukang, kuring nyoba mikiran pasolana-pasoalan samodel kieu, emang geus diwanti-wanti ti anggalna ku sababaraha babaturan, kade ulah saukur akal anu dipake, komo sabari diakalan mah sangkan kaharti, eta bahaya, da anu ngaran kaimanan mah kudu ditarima saklek, henteu meunang nawar. Nya kaharti palebah dinya mah, ngan nalika urang geus anclub kana kahirupan, antara kaimanan jeung akal tetep kudu pararel jeung nyambung, lamun patojainyah tangtu aya anu henteu matcing, bisa akal anu lemah atawa wahyu anu palsu diaku-aku saolah datang ti pangeran padahal memang seratan jalma.
Naon anu asalna ti Alloh, ku kuring bisa disebut hukum-hukum Alloh, henteu bisa dirobah, tapi miboga sifat umum, karasa jeung bisa kaalaman ku kabeh manusa, umpamana, panon poe dina wanci manceran karasa panas, panon poe mere cahaya, cai lamun dipanaskeun tangtu panas, manusa bisa hirup umpama dahar-nginum- jeung nyukupkeun diri ku hal-hal anu bisa ngarojong kana kahirupan. Eta disebut hukum-hukum ti Alloh, karasa jeung kaalaman ku jalma-jalma normal. Akal geus pasti narima kana hal-hal eta.
Ayana aturan jeung ugeran-ugeran hirup anu dipertelakeun ku kabeh agama mangrupa elaborasi jeung tafsir tina wahyu anu taken for granted. Kusabab tafsir, geus pasti kapangaruhan ku pasoalan anu sifatna kasuistik, kapake di hiji tempat dina mangsa jeung nalika aya hiji kajadian anu jadi cukang lantaranna (ceuk basa agama mah asbabun nuzul jeung asbaabul wurudl). Bisa jadi padoman nalika kajadian-kajadianna umum jeung boga hal anu sarua. Saperti kitab-kitab suci, eta mangrupa tafsir tina wahyu, wahyu anu sifat direct-dialogue ditranslate-keun kana basa manusa, sangkan kaharti jeung bisa diprakkeun dina kahirupan. Matak aya istilah refinalitas kanabian teh lain harti kudu aya deui nabi tapi proses lumangsungna nafsirkeun wahyu kudu tuluy, dinamis, nyurup jeung kahirupan anu salilana robah, sabab robah jeung dinamis kahirupan ieu mangrupa hukum Alloh anu moal bisa ditolak.
Cindekna, euweuh anu disebut jalma atawa agama anu ngarobah-robah wahyu, anu dirobah teh nyaeta cara dina nafsirkeun eta wahyu. Kasampurnaan kahirupan henteu bisa diwatesan ku hiji jaman, da anu ngaran jaman mah sifatna fluktuatif, bisa naek jeung bisa oge turun, rek tina widang kamotekaran oge niley spiritualitas. Dina ayana oge, nyaeta jalma anu can bener dina nafsirkeun wahyu. Matak, dina danget ieu, kuring ka jalma anu boga kayakinan atawa agama anu beda jeung diri kuring tara kumawani nyebut agama sasar jeung salah. Cukup ku nyebut: jalma-jalma anu boga pikiran jeung kayakinan anu beda jeung kuring.
Kuring pernah disebut: wah eta maneh salah tah! Nya tinggal malikkeun, kumaha lamun anu salah teh maneh? Entong boro dina pasoalan kieu, hal anu ku urang disangka absolut oge masih bisa dinisbikeun, da ieu mah hirup di dunia. Aya anu nyebutkeun 2+2=4, aya oge anu nyebut 2+2=5.
Kang Warsa
Sent from my BlackBerry®
powered by Sinyal Kuat INDOSAT

Posting Komentar untuk "Tafsir Kahirupan"