Aya paribasa, desa mawa cara, kaditukeunna mah bisa dituluykeun ku kota mawa tata atawa nagara mawa tata. Dina basa deungeun oge aya paribasa anu sa-makna, dina basa deungeun mah disebutna proverbs, nyaeta "All the world is a stage". Kahirupan dina waktu jeung mangsa anu beda miboga ciri jeung cara sewang-sewangan. Kumaha kaayaan, latar, setting, jeung karakter jalma anu ngeusian dharma kahirupan.
Barudak anu hirup dina jaman taun 80-an nepi ka 90-an geus moal bireuk kana anu ngaranna "botram di kelas nalika dibagi rapot." Sakola geus ngabewarakeun ti anggalna, barudak kudu mawa kadaharan, sangu jeung lalawuhna, rek diwadahan kana rantang atawa ditimbel, terus rengse dibagi rapot barakecrakan di kelas. Mangsa harita mah, murid anu dahar jeung daging hayam teh kawilang alus. Da lolobana mah anu dijieun lalawuh dahar teh endog dikulub atawa digoreng.
Kawijakan sakola ngayakeun botram nalika dibagi rapot dipangaruhan leutik gedena ku iklim gammaeinschaft, kahirupan anu ngebrehkeun kakompakan, paguyuban, komunal, jeung hiji rasa. Waktu harita disebut galib jeung ilahar sabab hirup di daerah agraris memang kitu brehna. Botram di kelas mintonkeun sikep silih asaan, silih hormat, jeung ngaku lamun di sagigireun urang masih loba budak atawa jalma anu masih merlukeun hal anu aya dina diri urang. Sikep basajan dipintonkeun.
Jaman beuki maju, alat patalimarga geus mahabu. Asup ka millenium ka 2, botram di kelas nalika dibagi rapot geus jarang dilakonan. Sakola leuwih milih ngajak ka barudak ngalakukeun piknik ka luar kota, anu didatangan nyaeta tempat-tempat anu memang disebut obyek wisata. Malah teu aneh, sakola mawa barudak ka "kolam renang" nalika dibagi rapot. Iklimna geus beda, da mangsa geus wawuh jeung progresivitas-pragmatis, ciri mangsa dina era industri. Nu diudag kauntungan, anu diala nyaeta bati jeung hasil. Sakola meunang bati, travel oge kitu, geus puguh ari obyek wisatana mah.
Kabeh oge kagerus, da hirup kudu miindung ka waktu mibapa ka jaman. Lamun henteu kitu bisa kagiles. Lamun dina taun 80-an barudak sakola cukup mawa bekel sangu sarantang ditambah ku kulub endog atawa daging hayam digoreng nalika botram di kelas. Kiwari mah, teu cukup mawa anu kitu, barudak kudu ngaluarkeun waragat ratusan rewu, mawa bekel meunang balanja di mini-market, ku anu jadi kolot dicecep duit keur meuli oleh-oleh di panyabaan. Euweuh anu bisa nolak, da jamanna geus kitu. Kabeh ngarasa kudu ngalakonan, sanajan bari maksakeun oge, ku alesan nyaah kanu jadi budak.
Kang Warsa
Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung Teruuusss...!

Posting Komentar untuk "Botram"