Boga ngaran saalus-alus oge sakapeung sok jadi goreng nalika dilandih ku batur salembur ku ngaran anu sejen. Sabenerna ngaran landihan boga maksud lain keur ngahina, tapi keur ngaraketkeun hiji jalma jeung kahirupan, da lolobana mah ngaran landihan teh sok nyurup antara kaayaan fisik,tabeat, kabiasaan, oge kalakuan hiji jalma jeung alam.
Tara make kudu panjang mikir jalma-jalma anu aya di lembur mah dina mere ngaran landihan ka jalma anu sejen, umpamana: keur jalma anu boga pangabisa naek tangkal kalapa sok langsung dibere ngaran Si Bajing. Ka jalma anu resep ngadahar cau dibere ngaran Si Lalay. Kanu sok ceceremed dibere ngaran Si Ucing. Kanu gede awak dibere ngaran Si Buta, kanu kulitna lestreng dibere ngaran Si Magrib atawa Si Patlot. Jeung sajabana ti eta.
Ampir kabeh jalma boga ngaran landihan, kaasup diri kuring. Kajaba sok dinisbatkeun kana sato jeung kahirupan, aya oge ngaran landihan teh disurupkeun jeung ngaran sejen anu boga dedeg sarua jeung jalma anu dilandih ngaranna. Umpamana: aya budak resep uda-adu hayam atawa nyo'o hayam, dibere bae landihan Edi, sabab Kang Edi urang pangkalan boga pakasaban jual-beuli hayam.
Aya oge ngaran landihan anu dicokot tina asal ngaran asli anu direka-reka, umpamana, Abdul Kohar dibere ngaran Mang Oay, Abah Samsuri disebut Bah Ui, Solihin disebut Ihin, Yadi jadi Iday, Abun jadi Bunoh, Hendra jadi Eeng, jrrd.
Sakapeung mah ngaran landihan teh sok dijieun pakarang keur silih sebutan nalika keur leutik, atawa bisa jadi oge ngaran landihan anu nyerep nepi ka ayeuna kusabab bralna tina silih sebutan.
Nya lolobana mah ngaran landihan teh sok patukang-tonggong jeung kaayaan anu sabenerna. Di sakola tempat kuring ngajar bae, aya budak dilandih ngaran ku babaturanna ku sebutan Si Toleng, Saif, anu memang pajauh-jauh jeung fisik atawa kalakuan eta budak, oge teu apal naon harti jeung maksud eta ngaran landihan teh. Wahyu Hidayat jadi Abef atawa Si Olih jadi Gilang mah komo asa pajauh pisan.
Ngan sanajan kitu, tetep bae nepi ka iraha oge ngaran landihan bakal jadi ngaran kameumeut balarea, bakal disebut-sebut ku batur keur diri urang. Tujuanna lain nyebutan atawa ngahina, tapi keur ngaraketkeun antara jalma jeung kahirupan. Da lila-lila mah, sanajan ngaran landihan goreng oge angger bakal ditarima jeung napel kana diri urang.
Kang Warsa
Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung Teruuusss...!

Posting Komentar untuk "Landihan"