Kabéh jalma sapuk kana pamikiran, mangsa anu paling dipikaresep nyaéta nalika urang keur leutik masih kénéh budak olol lého. Lain saukur dipikaresep, ogé mangsa anu bisa disebut pang 'asik'na ceuk barudak jaman kiwari mah. Anu matak henteu héran lamun dina diri jalma anu geus sawawa sok jorojoy ras hayang nganjang deui ka mangsa anu geus kasorang.
Atuh da bener, nalika urang keur budak kénéh mah éstuning diadén-adén diménak-ménak rék ku kolot atawa ku aki jeung nini. Anu utamana mah, nalika kuring atawa barudak anu hirup dina taun 80an bisa disebut hiji generasi transisi. Rupaning kaulinan barudak jeung kabiasaan barudak di pilemburan masih dilakonan. Tiap bulan béda usum jeung béda kaulinan.
Dina mangsa Orde Baru kumawasa, saméméh pamaréntah ngaluarkeun kawijakan anu aya patula-patalina jeung "perkebunan", dina mangsa usum cengkéh, barudak saentragan biasa hudang pajanari-janari seja rék mulungan cengkéh anu murag tina tangkalna. Di Balandongan Kidul mah, tangkal cengkéh anu kawilang leubeut nyaéta tangkal cengkéh anu aya di pakarangan imah Ummi Ocah. Bakating ku leubeut, komo dina usum ngijih, peutingna hujan rada gedé nakeran, wanci janari leutik euyeub ku cengkéh anu marurag di handapeun tangkalna.
Barudak paheula-heula mulungan cengkéh, dikumpulkeun, babakuna dina sageprakan mulung téh aya anu meunang sakeupeul nepi ka dua keupeul. Kahirupan barudak harita mintonkeun kumaha sakuduna urang hirup, némbongkeun sikep tanginas. Lain saukur kahayang barudak, ogé dirojong ku pangjurung kolot-kolotna, majar ulah éléh ku hayam!
Anu jadi pikiran harita nyaéta, naha tangkal cengkéh Ummi Ocah mah mani leubeut ditambah tangkalna ogé jangkung jeung rapet ku daun? Dina meujeungna morérét panas mah barudak biasa ngaradon dariuk di handapeun tangkal cengkéh. Salian tangkal cengkéh, hareupeun imah Ummi Ocah ogé aya tangkal bidara, balimbing laleutik, buahna haseum melél lain lumayan. Daunna gomplok, dahanna anu garedé jeung tareuas sok didariukan ku barudak.
Nyurup pisan jeung waruga atawa wangunan imah Ummi Ocah. Imah anu diwangun dina taun 60-an katompérnakeun, némbongkeun arsitéktur khas campuran antara Walanda jeung Julang Ngapak. Lanténa ku ubin, barudak sok ngaradon gogoléran, salian lalening ogé tiis nyelecep. Teu kudu disamakan, da mémang ngeunahna kitu. Iman anu miboga arsitéktur khas campuran lain imah Ummi Ocah wungkul sabenerna, nepi ka taun 80-an mah aya sababaraha imah anu waruga wangunanna sarua; aya imah Haji Huro, Abah Safri, jeung Muallim Zaka. Ngan anu jadi pangulinan barudak harita nyaéta imah Ummi Ocah.
Mangsa ayeuna, sababaraha imah anu disebutkeun di luhur lolobana mah geus diréhab jeung geus diruntuhkeun terus diwangun deui imah anu leuwih modern. Dina taun 2000-an, imah Ummi Ocah geus katénjo mimiti mérékpékan, suhunan geus rada ngarempod. Beuki dieu, dina sababaraha taun ka tukang ku Téh Cucu (Anak pituin Ummi Ocah) , tepas imah dirombak jadi warung. Jandéla-jandélana teu katénjo deui da diganti ku wangunan anu wujudna warung.
Kurang leuwih tilu taun lilana. Nepi ka imah Ummi Ocah dibeuli ku Néng Nia, saterusna diréhab deui, dibalikkeun deui kana waruga wangunan asal. Mémang moal ngeplés jeung wangunan dina taun 80-an, ngan sahenteuna, ku cara diréhab kitu, masih ninggalkeun tapak baheula anu kungsi ka sorang ku barudak generasi 70 jeung 80-an.
Moal bireuk keur jalma-jalma anu aya di wewengkon Balandongan jeung sabudeureunna, di péngkolan warung Mang Ja'i, aya hiji imah anu waruga wangunanna ngébréhkeun arsitéktur campuran, suhunan luhur, jandéla loba, éta pisan imah Ummi Ocah anu ayeuna geus dipimilik ku Néng Nia.
Kang Warsa
Posting Komentar untuk "Imah Ummi Ocah"