Guru Basa Sunda MTs Riyadlul Jannah & SMAN 3 Sukabumi
Sing saha anu mindeng ngulampreng ka pilemburan, lain tanpa maksud jeung tujuan, da kabéh kalakuan jelama geus pasti kawengku ku pamaksudan. Bakal nénjo kumaha tangginasna urang lembur, geus tuturubun isuk-isuk, ka kebon atawa ka sawah. Lamun di dayeuh mah biasana ka kantor atawa tempat pagawéan geus pasti boga maksud jeung tujuan. Anu béda téh eusi dina pamaksudanna. Geus puguh lamun nénjo kahirupan jaman ayeuna mah, réa pisan eusi pamaksudan jalma. Nu jelas, asalna mah alus kabéh maksud jeung tujuan. Abah Uman méré ngaran ka budakna ku ngaran Aas, pamohalan boga maksud goréng dina méré ngaran ku kecap Aas éta. Sarua halna jeung saha baé anu sok ngulampreng ka pilemburan, geus pasti boga maksud alus, ngan sok jadi goréng nalika dibéré harti ku jalma, mangrupa réspon meureun tina naon anu dipilampah ku urang.
Teu kudu jauh-jauh ngulampreng ka pilemburan mah, lamun rék nu rada jauh umpamana ulin ka wewengkon pajampangan, ngan keur nu teu biasa mah éta bisa kawilang rasa hésé. Cokot wé kanu deukeut, umpamana ka wewengkon Wangunreja, anu kahontal ku tumpak motor kana dua puluh menit nepi ka satengan jam-an. Aya hal anu nangtang, lain ti sasaha, tapi aya dina kitab suci sorangan, aya kalimah, Mangka rék kamana maranéh indit? Dalil jéntréna mah, faina tadzhabuuna? Lamun diguar kalawan daria mah, meureun ieu dalil téh nitah ku cara introgatif, sangkan tiap jalma boga pamaksudan, nya kadieunakeun mah dihartian ku barudak jaman ayeuna, urang téh kudu sering piknik atawa pelesiran, dihartikeun deui kalawan bébas mah, kudu ngulampreng, lumampah bari boga maksud jeung tujuan.
Henteu kudu loba anu diperedih ku mindeng ngulampreng ka pilemburan, salah sahijina nyaéta kudu biasa niténan jeung ngabandingkeun budaya, kabiasaan, norma, jeung niléy anu ayeuna diagem ku masyarakat. Ah, ilmiah jeung lalangitan teuing jigana ngaguar éta mah. Basa basajanna mah, survey leuleutikan baé. Nu dibandingkeun arék ku professor atawa ku urang kampung ogé pasti pasoalan leuleutikan heula asalna mah. Umpamana, jalma anu dumuk di dayeuh kawengku ku aturan-aturan anu diwangun kumaha sangkan bisa kuat hirup di dayeuh, iklim anu mahabu geus pasti iklim kompetitif, ceuk istilah Darwin mah Survival for the fittest. Kusabab diwengku ku ugeran éta, sikep jeung tindakan ogé pasti dipinuhan ku sagala cara, ti mimiti anu lemes nepi ka kasar. Kadieunakeun mah mindeng pisan dipinuhan ku gétréng nu ngabalukarkeun bralna hawa panas dina diri papada jalma. Matak pantes, lamun cara hirup di kota leuwih némbongkeun hukum pasar, sagala kudu jadi duit.
Bèda pisan jeung di lembur-lembur anu aya di lampingeun gunung. Hawa tiis, jalma teu pati marebutkeun hal anu sarua, cai cur cor, kakompakan dina kahirupan masih mangrupa hal anu nyata. Kahirupan geus tangtu dipinuhan ku katingtriman anu pohara. Iklimna lain kompetitif tapi mangrupa iklim kontemplatif. Jalma leuwih boga rasa jeung rumasa sikep kamanusaan. Dina tutulung ogé lain tutulung siga tukang tipu, siga enya daék babantu jeung tulang-tulung padahal aya maksud séjén di satukangeunna. Lamun urang lembur nawaran dahar, éta téh harti anu saujratna, lain tawar warung. Lamun urang lembur nitah 'sindang' heula ka imahna, éta harti saujratna teu dipinuhan ku basa rékaan. Kahirupan anu jujur, ngajarkeun kumaha jalma sangkan hirup jujur. Eh, lain hartina hirup di dayeuh mah dipinuhan ku kabohongan jeung kamuflase, ngan nya kitu, da bener di kieuna, anu dipintonkeun di lembur mah kahirupan anu dipinuhan ku sikep jujur.
Conto: Di lembur Cisemplak, pernah ngadéngé hiji kolot ngomong kieu: "Ah, da ku indung bapa ogé, Abah mah diatik sangkan jujur, hirup bener, sanajan hirup sagala basajan ogé tetep baé haté mah ngarasa beunghar!" Tangtu ucapan samodél kitu béda jauh jeung ucapan urang dayeuh. Di dayeuh mah, jalma ti leuleutik geus diatik sangkan henteu jujur, loba kacaritakeun keur ngasupkeun budak ka sakola dasar ogé biasa diimplik-implikkan ku sugak-sogok (gratifikasi meureun basa ayeuna mah), anu diajarkeun ka barudak sakola ogé lolobana kumaha carana sangkan barudak alus préstasina, nu diperedih pasoalan ahlak jeung laku lampah mah geus pada mopohokeun. Anu dipiharep ku anu jadi kolot ka budakna ogé moal jauh ti: kudu jadi tantara, pulisi, dokter, minimal guru. Jarang anu ngomong: " Manéh kudu jadi jalma jujur!"
Ceuk Tonnies, kahirupan di dayeuh samodél kitu alatan mahabuna budaya patembayan, ku sababaraha sosiolog jeung antropolog mah, bralna patembayan ditandaan ku: beuki lobana kelompok-kelompok anu miboga tujuan, grup-grup, jeung lembaga-lembaga anu diwangun kusabab boga tujuan séwang-séwangan. Rék didadasaran ku idéologi atawa paham naon baé ogé, ciri budaya patembayan mah pasti modél kitu. Dina kahirupan saperti kitu geus teu pati ditolih deui rasa jeung rumasa kamanusaan, anu ditolih nyaéta kumaha cara sangkan kelompokna gedé jeung jadi anu pangbenerna. Ngaran pangéran digadékeun keur kapentingan golongan ogé henteu jadi soal. Hukum-hukum pangéran anu sifatna universal (sunnatulloh) ogé diheuheureut, ditempatkeun dina hiji pamikiran; kabéh kudu sarua jeung urang, lamun béda hartina kafir atawa out-group. Hukum Alloh baé geus wani dibonsaikeun, boga sangka, hukum Alloh téh mangrupa hal anu diserat, lain éta wungkul. Hukum Alloh mah kacida pisan jembar jeung luwes, anu paling luhur tina hukumNa nyaéta, rasa jeung rumasa jadi manusa.
Kusabab hukum Alloh mah sifatna kacida alami, teu anéh lamun kahirupan anu dirojong ku kaayaan alam anu kacida beungharna, bisa nerapkeun hukum jeung aturan Alloh dina kahirupan. Leuweung dipinuhan ku rupa-rupa tutuwuhan jeung sato, mangrupa kaayaan hétérogén jeung kakomplékan, dilarapkeun dina kahirupan ku cara silih asah, asih, jeung asuh. Sanajan béda-béda rupa jeung warna kulit, tetep boga jeung kudu ngeusi kahirupan. "Perbedaan" mangrupa hiji kaniscayaan di ieu alam. Cai anu ngocor jeung ngamalir ti luhur ka handap dilarapkeun dina kahirupan mangrupa hiji kapastian jeung hal anu biasa lumangsung, habitual action ceuk basa dengeun mah, jalma hirup ngamalir jeung nempatkeun diri saluyu jeung pangabisa ogé kanyahona, tara umaku komo nyebut diri sagala mampu jeung bisa mah, ogé tara ngejat tina pagawéan anu kahontal. Lamun urang salaku guru, nya jadi guru anu bener, teu diimplik-implikkan jadi tukang tipu ka murid.
Geus pasti, kahirupan idéal siga kitu ngan aya dina dongéng atawa carita-carita méméh saré, bisa disebut hiji romantisme jeung impian anu nataku. Da bréhna mah, kahirupan ayeuna leuwih dipinuhan ku sikep anu sabalikna. Untung baé, lamun urang sok ulin ka pilemburan mah sésa-sésa kahirupan modél kitu masih kaciri. Ngan ulah boga anggapan deuih, lamun kahirupan kitu geus ledis di dayeuh. Tinggal ténjo baé diri urang, masih boga rasa jeung rumasa kamanusaan atawa sabalikna? Béda ageman hirup mah éta hal biasa, nu kudu dipintonkeun jeung diténjo ku urang nyaéta, sarua manusa-na, sok sanajan ceuk ugeran jeung aturan mah jalma ngalakukeun kasalahan, anu kudu diténjo bari dipikaijid mah kasalahanna lain jalma-na. Dina salah sahiji ucapanna, Gandhi ngomong kieu: Hate the sins, but love the sinners.
Ulah ngarasa jadi jalma anu dipinuhan ku pasifatan suci, da paripolah ogé masih jauh kana kudu disebut kitu. Kacida bohong lamun aya anu kumawani nyebut jelama pangbenerna salaku kakasih Alloh. Susuganan ku cara nulis ieu artikel, jadi cukang lantaran keur urang, diajar jadi jalma bener, tékad ucap jeung lampah anu hadé . Ceuk hiji kamandang, moal aya jalma anu sampurna, ngan aya deui kamandang anu séjén , meureun leuwih wijaksana, euweuh jalma anu salah, sok dina enyana salah ogé bisa jadi can apaleun lamun anu dipilampahna téh hiji kasalahan.
Posting Komentar untuk "Urang Sunda Anu Islam Antara Rasa Jeung Rumasa"