Carita Nyambung : Ménak Anyar ( Hanca 10 )

Jang Aim beuki parigel dina sagala widang anu aya kakaitan jeung budaya Sunda. Ngacapi jeung nyuling geus kacekel. Kusabab dieusi lain saukur kumaha cara ngacapi jeung suling ogé dieusi ku pangaweruh sangkan sora kacapi jeung suling bisa ngaleuleuskeun haté sing saha baé anu ngadéngé kana éta waditra buhun. Ki Méméd jeung Pa Aca ngabati gogodeg, karék ayeuna manggihan budak saumuran Jang Aim geus parigel dina ngajentréngkeun kacapi jeung niup suling. 

Pa Aca mah jalma bageus, salah sahiji kacapi anu dipimilik ku manéhna dibikeun ka Jang Aim. Itung-itung ngawariskeun barang ka jalma anu dipikanyaah lahir jeung batin, cenah. Kang Acip anu gogodeg nénjo kumaha bageurna Pa Aca.

" Keun teu kudu dipikiran, Kang!" Ceuk Pa Aca. " Nu penting, Si Aim beuki resep jeung terus ngajaga kana budaya karuhun-karuhun urang."

" Leres, Bapa." Ceuk Kang Acip, tuluy nganuhunkeun ka Pa Caca. 

" Moal nyalahan, sora kacapi anu dijentréngkeun ku Jang Aim bisa ngaleuleuskeun nu ngadéngéna. " Ki Méméd nambahan. 

Dina acara ngareuah-reuah kamerdékaan Indonesia, Kadés Umar ngayakeun kariaan. Lain dangdutan wungkul, tapi rupa-rupa kasenian anu tumuwuh di masarakat dipintonkeun. Jang Aim diperedih ogé sangkan mintonkeun pangabisana dina panggung anu diadegkeun di hareupeun kantor balédésa. Moal bisa nolak, da anu meredih ka manéhna Kadés Umar sorangan. 

Naon anu diomongkeun ku Ki Méméd jeung Pa Aca sababaraha poé ka tukang henteu salah. Jentréng kacapi Jang Aim saolah mawa sukma anu lalajo ka hiji tempat nu aya teuing dimana. Kolot jeung budak euweuh saurang-urang acan anu usik. Ngarasa aya anu mépéndé. Pa Aca anu niup suling, atuh beuki mawa kabéh anu lalajo kana alam panineungan. Ngawawaas.

Sapuluh menit lilana, kacapi jeung suling bisa meruhkeun anu lalajo. Kabéh teu ngarti, patanya jeung anu aya di gigireunna. Aya ku anéh, ku sora kacapi jeung suling kaayaan dina éta peuting karasa tingtrim. Néng Sekar, anak Radén Kanta neuteup ka Jang Aim anu masih aya di luhur panggung. Mata simeuteun, antara bogoh jeung reueus. Aya anu ngagerentes dina dirina, manéh téh leutik kénéh can meujeuhna mikiran anu kitu!

Isukna, teu saeutik urang Cibodas anu ngomongkeun kaparigelan Jang Aim. Ku ramé pabéja - béja , Jang Aim geus jadi sabiwir hiji  di éta lembur. Néng Sekar katénjo beureum beungeut nalika ku Néng Neni disebutan bogoh ka Aim. Keur sakola dasar ti kelas hiji nepi ka kelas genep sakelas, nya da sasakola jeung salembur. Ayeuna wé béda sakola téh, Jang Aim sakola ka SMP Baros, Néng Sekar mah nuluykeun ka SMP di dayeuh. Ngan, sanggeus kajadian peuting tadi, teuing kunaon, seratan dina meja kelas "Aim Bogoh Sekar" nalika keur di sakola dasar némbongan deui. 

" Adeuh.. Sekar bogoh Ka Aim!" Ceuk Neni.

" Ah, henteu Neni, henteu, ih.." Ceuk Néng Sekar. Pipi mah beureum, da enya.

Di pangajian ogé kitu. Néng Sekar silih sebutan jeung Néng Neni. Barudak séjén ogé jadi pipilueun, silih sebutan. 

" Gandéng, leutik-leutik geus balegér. Ngaji sing junun!" Ceuk salah saurang budak, ngaranna Udi, nangtung sabari ragag-rigig.

" Weee, naon manéh téh. Sirikkk, Si Udi sirik.. Si Udi sirik!" Ditembal ku barudak awéwé. 

Dasar budak lengger, disebutan sirik kitu, Si Udi malik bari nonggéng. Tuluy ngajebian.

" Eyyy, Si Udi gélo... Si Udi gélo. !" Ceuk barudak awéwé, tapi dibarengan ku sareuseurian.

Barudak caricing téh waktu mualim Oléh jeung anakna datang ka pangajian. Barudak silih toél.


Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan XL.

Posting Komentar untuk "Carita Nyambung : Ménak Anyar ( Hanca 10 )"