Nincak kelas tilu SMP, geus henteu kaitung Jang Aim jadi pinilih kahiji, kadua, jeung katilu dina tiap pasanggiri arék tingkat wilayah atawa provinsi. Lain kabeneran sagala rupa ogé, bisa kitu téh hasil usaha anu soson-soson tur daria ti diri manéhna. Kabéh kabawa alus jeung seungit, sakola, lembur, jeung wewengkenno. Boga budak motékar, singer, jeung bageur. Obrolan anu jadi kolot ka budakna di éta wewengkon geus bisa kateguh, " Kudu siga Si Aim! Ulah ulin baé!"
Euweuh anu teu apal ka Jang Aim anak Kang Acip anu kungsi diramékeun nalika keur leutikna , masih aya getih ménak anu ngocor dina dirina. Anu asalna nga-uwah-keun ogé lila-lila mah mimiti percaya. Kusabab karojong ku naon anu salila ieu dilakukeun ku Jang Aim.
***
" Henteu sawawa!" Sora Radén Kanta awuhan di rohangan tengah imah. " Sok sanajan anak Si Acip pinter jeung geus jadi pinilih dina rupa-rupa widang pasanggiri, anak urang duaan jeung manéhna lain tanding, atuh kawas kadu jeung bonténg, Ema!"
Salambar surat ti Jang Aim disoéhkeun ku Radén Kanta hareupeun Néng Sekar. Pejét.
" Geus hayang kawin lain? Ngéwa katénjona, laleutik kénéh geus silih suratan. Lamun manéh hayang kawin, bérés sakola SMP ogé dikawinkeun ku Bapa, Sekar!"
Néng Sekar ngegruk, nyuuh kana lahunan indung.
" Ngan, tangtu lain jeung Si Aim, jeung lalaki séjén anu sawawa jeung sabanding jeung urang. Loba kénéh turunan ménak di ieu wewengkon ogé!" Pokna molotot, tuluy ngawurkeun surat anu disosoéh. Radén Kanta ngojéngkang, kaluar ti imah.
***
Tempat ulin barudak lembur di sisi sawah. Jalan anu brasna ka Cicadas, masih taneuh, can dibalai, pinuh ku jukut. Dina usum katiga, wanci panon poé satangtung diri, pinuh ku anu arulin. Aya anu lalumpatan, silih udag, ucing-ucingan, gegelutan, papuket, henteu sieun ateul pating golépak dina jukut. Ma'lum budak. Di éta tempat pisan, Jang Aim ngedalkeun eusi haté ka Néng Sekar. Asalna mah kusabab silih sebutan jeung batur-baturna, lila-lila mah dina diri Jang Aim ogé aya rasa.
" Lah, paling ogé bogoh saharitaeun!" Ceuk Si Wahyu ka Jang Aim.
Lain Jang Aim anu ngomong langsung ka Néng Sekar, ngabudalkeun rasa asmarana, tapi ditepikeun ku baturna. Néng Sekar teu ngajawab, ngabati ngabetem. Ngan ceuk kolot mah, awéwé anu cicing nalika ditalék ngeunaan eusi haté, boga harti narima. Cindekna, sarua bogoh.
" Ditarima, Im!" Ceuk Si Wahyu.
Ti harita, Jang Aim jeung Néng Sekar tara henteu panggih. Geus tangtu waktu, panggih unggal isuk di terminal angkuta kota, numpak angkutan kota anu sarua jurusan, papisah di Simpang. Balik sakola ogé kitu, dituluykeun kana diajar bareng. Ngan henteu paduduaan, sok jeung batur-baturna. Néng Sekar ogé dilatih ngajentréngkeun kacapi jeung niup suling ku Jang Aim.
" Sekar mah saé kana ngawih." Ceuk Jang Aim.
" Ah, awon soanten Sekar mah. Isin."
" Ku Aim urang wartoskeun ka Pa Aca, istrina tiasaan kana rupa-rupa pupuh, kumaha badé?"
" Ah, Isin.."
***
Tara ti sasari, jam dina leungeun Jang Aim geus nuduhkeun angka tujuh, Néng Sekar can datang kénéh ka terminal angkutan kota. Jang Aim samar polah di sakola ogé. Balik sakola ngahaja liwat ka imah Néng Sekar. Bisi gering arék dilongok sakalian, kitu pikiranna.
" Euweuh Si Sekar mah, keur ka lanceuk bapa. Rék ngéndong saminggu!" Ceuk Radén Kanta.
Jang Aim pamitan sabari sasalam, nyium leungeung Radén Kanta anu semu jebi, beungeut henteu némbongkeun béar budi.
" Lamun arék panggih mah, tepungan baé balik sakola di dayeuh." Ceuk Indung Néng Sekar nyusul Jang Aim.
Isukna , balik sakola, Jang Aim teu langsung balik ka imah, tapi muru ka SMP di dayeuh, tempat Néng Sekar sakola. Cicing di gerbang hareup. Nangtung tuluy diuk, nagtung deui diuk deui. Rét deui, rét deui ka jero sakola.
" Euh, tos bubar, Jang." Ceuk anu jaga di éta sakola. " Kélanan, sugan wé atuh Sekar mah can mulih. "
Dina haté geus buleud, rék ditungguan. Lamun euweuh ayeuna ogé, sugan baé Néng Sekar ka sakola deui pasosoré.
" Aya,Jang. Ka kantin wé, tuh palih ditu.!" Ceuk anu jaga sakola nuduhkeun.
Néng Sekar nyéréngéh waktu nénjo Jang Aim keur diuk dina bangku kantin.
" Ih, naha ka dieu? Isin terang teu?" Ceuk Néng Sekar.
" Ah, da dipiwarang Ema, upami hoyong tepang mah ka sakolaanna baé, kitu saurna."
Dina wanci tunggang gunung, Jang Aim jeung Néng Sekar leumpang bareng. Panon poé semu konéng. Duanana paantay-antay leungeun mapay sisi jalan anu pinuh ku tangkal mahoni. Sakapeung dibarengan ku sareuseurian. Néng Sekar dijajapkeun ku Jang Aim ka imah uwana.
***
" Alah, tong hariwang. Da ieu mah lain carita Bujangga Manik jeung Nyimas Ajung Larang. Lamun urang keying tangtu pareng." Ceuk Ki Méméd ka Jang Aim. " Ngan ceuk aki mah, udag heula naon anu dicita-citakeun salila ieu. Sagala rupa ogé bakal nuturkeun. Moal méngpar jeung nyalahan."
Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan XL.
Posting Komentar untuk "Carita Nyambung : Ménak Anyar ( Hanca 11) "