Kadés Umar ngan bisa unggut-unggutan ngadéngé Kang Ika salaku hansip di lembur Cibodas nerangkeun lamun dina taun ieu masarakat geus beuki kendor kana sumanget gotong royong. Ngaronda ogé lamun teu ditéang ka imah séwang-séwangan mah nya kitu baé. Siga anu daék jeung embung.
“ Jadwal ronda ogé padahal ngajareblag tiap pos ronda di lembur urang téh, Bapa.” Ceuk Hansip Ika, teu daék cicing sirahna, gulak-gilek.
“ Sugan, ku manéh geus dipaluruh kasang tukangna pangna masarakat siga anu wegah ngaronda, komo gotong royong mah?” Kadés Umar nanya.
“ Nyaéa duka teuing kunahaon. “ Hansip Ika ngahuleng. “ Kieu baé atuh, tandeskeun aturan, anu teu ngaronda kudu dibéré hukuman, sina ngabersihkeun jukut sapanjang jalan ieu lembur.”
“ Nya kudu dibadamikeun hela jeung koramil ogé polsék.” Tembal Kadés Umar. “ Téangan jeung paluruh, naon alesan masarakat anu ngedul kana ngaronda.”
***
Koramil jeung Polsék Baros nandeskeun, sing saha anu teu daék ngaronda bari euweuh alesan, rék dihukum, sina ngoréd jalan atawa dipoé di lapang kacamatan. Saha anu teu sieun ku Pa Suhadi, pimpinan polsék Baros? Atawa ka Pa Utar, pimpinan Koramil Baros? Kungsi aya jalma anu ngariweuhkeun dina acara hajatan, dikerem ku Pa Suhadi di polsék Baris, saminggu lilana. Galak kanu teu eucreug.
Dina poé Jumaah diwawarkeun di masigit. Masarakat sing arésod, komo anu diri ngarasa ngedul tara ngaronda mah.
“ Teu bisa ditawar, komo dibayar ku duit saratus pérak! Henteu ngaronda, wayahna ngoréd!” Ceuk Pa Suhadi bari némbongkeun kumis anu ngajepat pikasieuneun. “ Ulah siga PKI! Harayang manéh disebut PKI kusabab ngalawan kana aturan nagara?”
Bérés wéh, dina peutingna, tiap pos ronda rempeg ku anu ngaronda. Pa Suhadi jeung Pa Utar nguriling ka tiap lembur, patroli. Lamun aya jalma anu boga tugas ngaronda kari-kari teu ngalakonan, geus pasti kudu nyanghareupan éta dua patugas nagara anu kawilang garalak.
“ Radén Kanta anu teu kaluar ngaronda téh, wengi ieu mah, Pa!” Ceuk salah saurang anu aya di Pos Ronda ka Pa Suhadi. Pondokkeun baé ngaranna, biasa disebut Pa Suha ku masarakat mah.
“ Téang! Lamun embungkeun béjakeun ceuk kuring!”
Anu dititah geus datang deui. Kerung.
“ Nuju lebet angin saurna , Pa.!”
“ Baturan kuring, urang ka téang ka imah Si Radén!”
Didadamping kénéh Radén Kanta kaluar ti imah. Make kaos sangsang. Reuwas nénjo Pa Suhadi geus ngajega di hareupeun imah, maké baju lengkep.
“ Bener, Radén téh asup angin?” Tanya Pa Suhadi.
“ Ah, ceuk saha?? Arék kuring mah arék ngaronda. Kélanan keur dahar heula maturan pamajikan. Saha jalmana anu ngomong ka Pa Suha kuring asup angin.”
“ Gancang dibaju, ngaronda, loba alesan!” Ceuk Pa Suha. “ Arék cacah atawa ménak kana kawajiban mah tetep kudu dilakonan. Gancang singkil!”
“ Nya teu kudu poporongos kitu atuh Pa Suha!” Radén Kanta semu jebi.
“ Bangun hayang ditampiling manéh téh, Radén Kanta!”
Radén Kanta ngélémés.
***
“ Ngajajar!” Ceuk Pa Suha di lapang Baros.
Dina peuting tadi anu teu ngaronda aya kana lima puluh urang, sakacamatan. Laporan ti séwang-séwangan ketua RT-na, anu teu ngaronda ditéang ka imah ku para patugas. Diangkut dina treuk. Diturunkeun di lapang Baros, dikumpulkeun. Wanci haneut moyan, srangéngé usum katiga keur meujeuhna moncorong. Jalma-jalma dijajarkeun, maruka baju.
“ Déwék lain euweuh rasa kamanusaan. Ngan keur jalma-jalma matanghul modél maranéh, aturan kudu ditanjeurkeun. Ngaronda sakali dina saminggu, keur ngajaga lembur sorangan ogé mani hésé. Loba alesan. Kumaha lamun jalma-jalma model maranéh hirup di alam perjuangan? Moal merdéka-merdéka ieu nagara, ngarti?!” Tandes pisan Pa Suha ngomong. “ Ngarti teu?!!”
“ Ngartos, Pa!” Ceuk anu meunang hukuman.
“ Bariskeun, atik ieu jalma-jalma sina bisa ngabaris. Tuluy sina push-up saratus kali. Abringkeun ka sisi jalan, sina ngabersihan jukut!” Ceuk Pa Suha ka Kopral Aép.
“ Ulah ngalawan nagara lamun maranéh hayang salamet jeung lugina dina hirup. Nagara ieu lain milik nini jeung aki maranéh!” Ceuk Kopral Aép, leuwih tarik ngomong tibatan Pa Suha. “ Bagi jadi lima, sapuluh urang sapuluh urang. Gancang!”
Nepi ka wanci manceran anu teu ngalaksanakeun ronda digenjer jeung dicehcer ku latihan baris jeung ngabersihan sisi jalan. Kopral Aép jeung para patugas séjén ogé milu papanasan. Ngatik kumaha cara baris anu bener.
“ Awas, lamun minggu hareup maranéh masih merekedeweng teu ngalaksanakeun tugas ronda, panggih deui jeung kuring bakal meunang hukuman anu leuwih beurat, ngarti?!”
Anu teu ngalaksanakeun tugas ronda dibalikkeun ka imah séwang-séwangan, diangkut dina treuk. Pacampur antara éra, capé, jeung éak-éakkan tumpak treuk.
***
Posting Komentar untuk "Carita Nyambung: Ménak Anyar (Hanca 12)"