Carita Nyambung : Ménak Anyar ( Hanca 13 )

Béda sirah béda ogé eusina, kitu dina kahirupan di masarakat. Teu bisa dipapaksa ogé maksakeun diri. Ngan anu ngeunah dina kahirupan sapopoe mah nalika jalma panggih jeung kaayaan anu ngaguluyur. Nya, arék dina kaayaan kumaha baé ogé angger napak taneuh jeung aya dina tincakeun. Anu dilakonan ku masarakat Cibodas mémang éta, jalma kudu apal tincakeun, keur di mana suku urang napak?

Masarakat Cibodas, dina taun 1970-an katompérnakeun panceg nyekel ajaran anu diwariskeun ti karuhun-karuhunna. Budaya masarakat ditempatkeun dina tempatna, anu ngaran ajaran agama ogé utamana kumaha jalma ngadeuheus ka Gusti ditempatkeun dina tempat anu loyog. Teu dicampurkeun jadi ngagalo. Gusti Alloh lain pasoalan duniawi, da jelas jujutanna. Pasualan duniawi réngsékeun ku pamikiran masarakat anu basajan. Mémang geus loba, utamana jalma anu caricing di dayeuh geus kumawani ngasupkeun pasualan-pasualan dunia kana wilayah nu teu kaukur ku panca indera. Ajaran digalo-galo kawas adonan. 

" Keur urang anu aya di tatar Sunda mah nya paké baé ajaran anu geus diwariskeun ku karuhun-karuhun urang, da moal nyalahan, jeung moal nyilakakeun ka anak incuna. " kitu ceuk mualim Oléh dina hiji pasamoan nalika ka lembur Cibodas aya jalma anyar anu ngajak masarakat sangkan solat subuh teu kudu maké dunga qunut. " Teu meunang diri urang maksakeun kayakinan anu dianggap bener ku diri sorangan bari kudu ngancurkeun kaalusan di masarakat. Sakuduna urang téh silih hormat jeung mikahormat ka sasama. Aya masarakat anu solat subuh maké qunut keun antepkeun, ogé sabalikna. Kabéh boga alesan séwang-séwangan. Teu kudu diri urang ngarasa leuwih nyaho tibatan nabi atawa rosul. Da kabéh pasualan agama ogé masih pedareun, conto baé masalah sifat anu dua puluh, nepi ka kiwari masih kénéh disualkeun apanan? " 

Anu aya di éta tempat, imah mualim Oléh sorangan, ngabati unggut -unggutan. Kang Acip ogé ngajak Jang Aim, ceuk pikirna itung-itung ngatik budak kumaha cara masarakat ngabéréskeun pasualan dina kahirupan. Ki Méméd ogé ngahaja ditéang sangkan méré kamandang kana pasualan anu keur disanghareupan ku urang Cibodas.

" Leres kasauran mualim. " Ki Méméd tandes. " Nanjeurkeun sifat dua pilih dina diri sorangan ogé urang masih roroésan. Bener jeung salah."

" Teras kumaha atuh saéna, margi ampir tiap dinten kayakinan urang dicawad ku éta jalma anyar. Kana kariaan anu matuh dilakonan sapertos mapag panén sareng tandur ogé disebat méngpar jauh tina ajaran Islam anu murni, Pa Oléh? " Salah saurang anu hadir ngomong.

" Nya keun baé antep, kitu wé meureun pikiranna. Ulah dilawan. Anu penting urang kudu panceg kana naon anu geus diajarkeun ku karuhun-karuhun urang, euweuh salahna." Ceuk mualim Oléh dibarengan ku ngarénghap. 

" Nyebut musyrik sotéh nalika urang boga pikiran ngahijikeun prakték ngadeuheus kanu kawasa jeung pasualan duniawi. Siga kieu, kuring kungsi nanya kanu pernah ka Mekah, naha di Mekah, jalma-jalma sumujud jeung rengkuh kana Ka'bah? Jawabna, da lain sujud kana Ka'bah, tapi ka Alloh. Ngan pan jelas, awak mah rengkuhna kana Ka'bah, sanajan ati mah manteng kanu kawasa. Dina ieu jejer, lamun urang ngahijikeun dua hal anu béda nya tangtu bakal disebut musrik. Tapi nepi ka ayeuna, apan euweuh saurang ogé kyai atawa mualim anu nyebut musyrik kana éta pagawéan, enya sumujud kana batu jeung Ka'bah. Kunaon? Sabab éta pasoalan nu teu karampa ku panon lahir urang. " Ki Méméd ngarénghap. " Naha atuh kana budaya urang anu geus jelas misahkeun dua perkara anu béda kumawani nyebut musyrik jeung teu saluyu jeung ajaran Islam? Licik kitu atuh pikiran téh. "

*** 

Asalna ngan saukur obrolan di warung . Éta jalma disebut Si Aa, ngakuna asal ti dayeuh, aya di éta lembur ngadon ngontrak jeung anak pamajikan di imah Kang Ipin. Mawa  kamandang anyar ngeunaan agama. Disebut anyar kusabab béda jeung kabiasaan masarakat Cibodas. 

" Teu saluyu jeung conto ti Rosul, solat subuh teu kudu maca  qunut!" Ceuk Si Aa kanu araya di warung Mang Ujang dina hiji poé.

" Urang dieu sok tahlilan? Sok maca Qur'an di kuburan? Euweuh dalilna, euweuh contona, geus waktuna ditinggalkeun.." Pokna deui dina poé séjén.

Kitu raména carita. Keur urang Cibodas anu teu boga kapentingan nanaon mah asa ku henteu penting nyual masalah agama di warung. Biasana ogé di warung pinuh ku gogonjakan, silih sebutan, jeung ngobrolkeun pasualan-pasualan tatanén kari-kari ayeuna ramé ngagunemkeun anu teu sakuduna digunemkeun. Ngamonyah-monyah waktu.

Ti saprak aya kajadian G/30/S/PKI, masarakat di wewengkon mana baé, utamana anu aya di wewengkon Baros jeung Lembursitu geus panceg kana kayakinan teu kudu loba nyarita jeung cumarita pasualan anu lain widangna. Patani, obrolkeun baé kumaha cara melak paré, cabé, jeung sajabana. Leuwih utama jeung leuwih pas. Bisa disebut malawading anu disebut patani nyual agama.

" Nya heueuh, bisa-bisa rukun solat ditambahan ku numpang galeng lamun déwék ngaguar agama di ieu warung!" Kitu ceuk Aki Obar. 

Ditémbal ku sing séréngéhna anu aya di éta tempat.

" Bener aki.. bener.." Mang Misja cacamuilan ngadahar goréngan, " Bisa-bisa nyebutkeun lamun mimiti puasa téh mangsa manuk piit geus ricit di sawah, nya? Lamun patani nyual agama!" Tambahna.

Gerrr deui anu aya di warung Mang Ujang sareuserian.

Kaayaan model kitu leungit nalika Si Aa datang ka warung.

" Jangjawokan jeung budaya anu biasa dilakonan ku masarakat ieu lembur mémang teu sapagodos jeung ajaran Islam. Kudu ditinggalkeun, musyrik!" Pokna sabari nyokot goréng cau.

" Teu nyaram mualim Oléh ogé, da!"

" Nya, da geus jadi kabiasaan di ieu lembur, tiap usum ogé aya acara mapag panén jeung mapag tandur, ah."

" Euweuh dina ajaran Islam ritual-ritual samodél kitu,sok tanyakeun ka mualim Oléh, euweuh conto ti nabi." Ceuk jalma anus ok disebut Si Aa, ngayakinkeun.

Geus kitu, urang lembur embung manjang ngomong kaditu-kadieu. Sing laliud baé balik ninggalkeun warung Mang Ujang.

*** 

" Lain ancaman komo gangguan ka urang." Ceuk mualim Oléh. " Teu kudu jadi hal anu kudu diramékeun."

Gempungan masarakat Cibodas dina éta poé geus ngahasilkeun kamufakatan.

" Antep baé, jalma arék boga kamandang naon ngeunaan diri urang moal ngurangan nanaon anu aya dina diri urang. Naon anu biasa dilakukeun ku urang Cibodas prak laksanakeun sabihara-sabihari.!" Ki Méméd nguatkeun.

*** 

Da kitu bréhna, ku urang lembur naon anu sok dibasakeun ku jalma anu disebut Si Aa téa  teu pati didéngé ku masarakat. 

Tilu bulan ti harita, urang lembur teu kungsi panggih deui jeung éta jalma. Ceuk Kang Ipin anu ngontrakkeun imah, pindah kontrakan deui ka lembur séjén.

" Teu betah cicing di ieu lembur. Jauh ka jalan gedé, kitu cenah!" Kang Ipin ngomong.

" Oooh..!" Kang Acip nu némbalan, kabeneran aya di éta warung.

***





Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan XL.

Posting Komentar untuk "Carita Nyambung : Ménak Anyar ( Hanca 13 )"