Ku Kang Warsa
Keur dina acara kariaan di imah Kang Tatang aya anu ngagurubug, kasarumahan. Saurang wanoja, Néng Papat anak Kang Endang.
Mata buburilengan, ngaburial ampir kaluar. Molotot, jalma-jalma anu aya di dinya diteuteup, awak mah geus puguh dicekel leungeun jeung suku ku opatan. Peperejelan jeung babadug. Wanoja karék manjing tujuh welas taun.
Anu asalna ngariung anu keur disunatan, ayeuna tamplok ka buruan imah. Wanci manceran. Anu aya di buruan imah katénjo boborot ku késang, geus puguh anu keur ngarejeng Néng Papat anu babadug jeung teu daék cicing.
" Atuh moal enya aya jurig jarian wayah kieu asup ka Si Papat! " Ceuk Radén Kanta, ngadon nénjokeun baé, ngan sakapeung mah sabari kunyam-kunyem, teuing maca naon.
" Istighfar, Pat... Istighfar! " Ceu Juju rawah-riwih.
" Nyingkah sia jurig jarian!!!" Radén Kanta ngagorowok. Nu aya didinya semu reuwas.
" Grrr, naon sia ménak palsu!" Ceuk Néng Papat molotot, tanggah neuteup Radén Kanta. Ambekan naék turun. Rénghapna leuwih jero. " Anterkeun aing, jajapkeun deui ka tempat aing! Aing Ajung Dewi Purnamasari!"
Anu aya di dinya silih pelong.
" Naha atuh sia maké los-losan ka dieu, asup ka awéwé nu teu tuah teu dosa, jurig!" Radén Kanta siga nu ceuceub, pédah manéhna disebut ménak palsu ku anu asup kana awak Néng Papat.
Anu araya didinya babacaan sabisa-bisa. Aya anu maca ayat kursi, qulhu, ogé aya anu ngan ukur maca Istighfar. Da anu ngaran jurig mah sieuneun ku ayat suci.
" Maranéh teu kudu nyaho naon sabab kuring luas-léos ka ieu lembur!"
Mualim Oléh, Kang Acip, jeung Jang Aim gura-giru ka éta tempat. Ngahaja ditéang ku Cép Lukman keur araya di masjid.
" Sok atuh ieu titadi kasarumahanna Néng Papat téh. Karunya, ieu jurig embung ninggalkeun awakna. Karah ménta dijajapkeun teuing ka mana. Keprulkeun jampé pamaké téh, Pa Oléh! " Ceuk saurang awéwé.
" Cai hérang sagelas jeung ngala daun seureuh tilu lambar mah. "
Ubun-ubun Néng Papat diguyur ku cai satengah gelas, daun seureuh ditapelkeun dina tarang. Mualim Oléh bari babacaan.
" Grrrr... Teu kudu kikituan! aing arék kaluar sakeudeung deui ogé. " Panon Néng Papat mureleng. " Aing pesen, ulah nepi ka taneuh beulah kalér lembur dijual jeung diadegkeun imah. Tempat cicing aing jeung anak-anak aing éta téh. "
" Nyingkah dina awak incu kaula, wéyaa!" Ceuk mualim Oléh alum pisan.
Jang Aim ngangsreg mantuan Kang Acip nyekel leungeun Néng Papat.
" Grrr, budak anéh. Kulincir sia malik ka wétan, alus sia pijadieun manusa. Ngan kadé sia ulah nangkeup mawa eunyeuh."
Reup Néng Papat peureum, empés- empésan, kawas kapuk kaibunan. Reugeuyeung pada mangku.
" Ka kamari euceukeun baé. " Ceuk anu hajat.
Cép Uki mah teu kapangaruhan ku nanaon. Da budak kénéh. Jaba ti éta keur meujeuhna atoh. Jadi pangantén sunat, loba anu nyecep, kanjut kunang wadah duit metet ku duit kertas ogé kencring.
***
" Atuh ngaranna ogé anu kasurupan, abah." Ceuk pamajikan ka Radén Kanta.
" Asa beureum beungeut wé, dina kariaan disebut ménak palsu!" Nyesep roko ogé katingali teu puguh rasa. " Jadi éar sajajagat, majar umaku baé jadi ménakna téh ti baheula. Teu genah ku Si Papat!"
" Da sanés Si Papat atuh, abah. Kasurupan manéhna ogé. "
" Kalah muji ka anak Si Acip. Majar pimenakeun, jurig téh." Sungut Radén Kanta siga keur ngagayem. " Anak teu bisa diajak bener, Si Sekar masih kénéh ngarep-ngarep Si Aim? Ku Ema meureun dihayoh-hayoh baé. "
" Naha jadi sabulang- béntor kitu abah téh. Rék nahan naonna lamun budak geus mikeun rasa asih ka anu dipikabogoh? "
" Béjaan Si Sekar, dahar lain jeung kanyaah. Dahar mah sangu, kudu boga sawah anu upluk-aplak lamun hayang loba béas! "
" Kumaha abah baé, ah." Pamajikan nganalieus, panon mencrong ka buruan imah. Si Jago keur ngungudag hayam bikang.
***
Néng Papat katerap panas. Kasibat kusabab kamari kasurupan. Anu jadi indung rawah-riwih deui. Cenah mah karunya, wanoja kénéh kudu nyanghareupan pasualan anu teu kaharti ku akal.
" Téang deui wé mualim Oléh atawa Ki Méméd. " Ceuk tatanggana.
" Lain ku kuring bisa cageur deui ieu budak tapi ku dirina sorangan." Ceuk mualim Oléh. " Kieu baé, engké bérés magrib, kuring jeung para santri rék ngayakeun tahlilan di imah ambu."
***
Wanci harieum beungeut, mualim Oléh, anakna, jeung para santri geus ngumpul ngariung di imah Néng Papat. Diluluguan ku mualim Oléh breng anu aya di dinya babarengan maca hadiah ka ahli kubur, dituluykeun ku surat Yasin. Barudak ogé napuk, geus dibéjaan da moal aya paros dina acara ieu mah.
Néng Papat nyéréngéh nénjo Jang Iman aya di imahna. Nalika opat panon paamprok, Jang Iman ogé milu nyéréngéh. Katingalieun ku juru panon mualim Oléh.
" Geus waktuna lakirabi murangkalih téh, Ambu. Geus sawawa atuh da!" Pok mualim Oléh réngsé acara. Dampal leungeun nepak kana tuur Jang Iman anu disamping warna bodas. " Tong salempang, isuk ogé sabihara-sabihari deui Néng Papat mah."
***
" Jajapkeun ieu ka ambu Uju, Man." Mualim Oléh mikeun bungkusan.
Jang Iman lieuk deui lieuk deui ka jero kamar Néng Papat. Bungkusan dibikeun ka ambu Uju.
" Geus bisa nyeuseuhan deui ka cubluk Si Papat mah, Jang Iman." Ceuk ambu Uju.
Jang Iman seuri ngan teu bisa nahan rasa éra.
Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan XL.
Posting Komentar untuk "Carita Nyambung : Ménak Anyar ( Hanca 14 )"