Carita Nyambung : Ménak Anyar (Hanca 3)


Lain ku Bah Badri wungkul, sababaraha urang anu pernah nempo kulincir Jang Aim, sarua boga pamadegan lamun ka hareupna, ieu budak téh pijadieun ménak. Kang Acip ogé lila-lila mah kapangaruhan ku éta ucapan. Kudu disungsi tapak lacak karuhun-karuhun anu pernah diomongkeun ku bapana aya dina lélépén. 

Kang Acip kokorotak, peti tempat nyimpen sabangsa barang pusaka dibuka. Dikaluarkeun naon anu aya di jero peti. Keris, balati, péso, bedog, nepi ka batu ali minuhan éta peti. Keur bapana jumeneng kénéh mah, sataun sakali tiap bulan Mulud, kabéh barang pusaka dikaluarkeun tina peti, tuluy dikumbah, dimandian, cai dina jolang beusi dikembangan. Beres dimandian, barang-barang pusaka dibalur ku seuseungitan, euweuh teuing seuseungitan mah sakapeung dibalur ku jafaron. Pokona mah kacida dipupusti.

" Atuh jinat bapa ogé moal sagawayah nyimpen lélépén anu nyatet karuhun-karuhun urang, Kang!" Ceuk pamajikanna.

Kang Acip teu ngomong harita téh, manéhna leuwih sibuk kakaratak mukaan bungkus barang pusaka. Dina peti pangjerona diteundeun bedog, katénjona mah mintul. Ku bapana sok disebut "bedog kabuyutan". Mémang kungsi aya kajadian anéh nu aya kakaitanna jeung éta bedog. 

Nalika Jang Aim nincak umur tilu taun, lembur Cicadas katarajang hujan dibarengan angin. Loba tangkal anu rungkad. Cai hujan kawas dibahekeun ti langit. Anu adzan lain saurang, kaasup Kang Acip sorangan pipilueun ogé adzan di imahna. Tapi angger, hujan jeung angin beuki motah. Tangkal Kapo jeung Acret anu geus puluhan taun umurna rungkad, malang di jalan.

" Cokot bedog dina galar, Acip." ceuk bapana.

Bedog dipesat tina sarangkana, bapana maca jampé pamaké, kunyam-kunyem, muka panto, berebet ka buruan imah, cleb, bedog ditancleubkeun kana taneuh. Jigana kabeneran baé, kira-kira lima menit ti harita, hujan ngadadak root. Ngan ari disebut kabeneran wungkul ogé teu bisa, da naon anu dilakukeun ku bapana mémang geus tianggalna direncanakeun, nancleubkeun bedog téh cenah sangkan hujan jeung angin anu motah jadi lindeuk deui. Jeung mémang kitu buktina, hujan angin ngadadak eureun. Bedog dicabut deui.

" Tah, ieu téh bedog kabuyutan, geus dipaké ku leuwih ti lima generasi!" Ceuk bapana sabari ngasupkeun deui bedog kabuyutan kana sarangkana. 

Lain bedogna anu sakti, tapi diri jalma anu dibéré amanat ngajaga éta bedog. Kitu anu katéwak ku Kang Acip. Bedog salosin ogé ditancleubkeun, can tangtu bisa ngeureunkeun hujan angin lamun anu nancleubkeunna jalma bolostrong anu pagawéanna ngaruksak alam, kitu ceuk bapana.

Lamunan Kang Acip kageureuwahkeun ku uluk salam Jang Aim anu karék balik sakola. Jang Aim nyalaman indung bapana. Bérés disalin, ngadeukeutan bapana anu masih niténan barang pusaka, hiji-hiji. Jang Aim ngan ukur bisa nelek-nelek, da tiap leungeun rék gep kana barang pusaka, sok langsung digebés ku Kang Acip. Tong belegug, kitu ceuk Kang Acip ka budakna. Lélépén angger baé teu kapanggih. 

" Geura mamam heula, ménak! " Ceuk indungna. 

Ménak, kecap éta jarang kadéngé ku Kang Acip saméméh boga budak mah. Dina ngadéngéna ogé ngan saliwat, teu dipikiran kalawan daria. Dina pikiranna ngan nyimpulkeun, ménak téh jalma anu nyekel kalungguhan, kahirupanna sarwa ngarareunah, pasti béda jeung cacah. Waktu pamajikan manéhna nyebut ménak kanu jadi budak, rey baé éta kecap nyaliara kana diri manéhna. " kudu dijaga ieu budak, kahareupna pijadieun ménak! " Ucapan éta kadéngé deui. 

" Naon ménak téh, Ma?" Tanya Jang Aim saméméh ka dapur.

" Enya siga Pa Kuwu, Pa Camat, jeung para pagawé désa, éta téh ménak wungkul, Sujang!" Ceuk indungna. 

Jang Aim teu loba tatanya, langsung ka dapur.

" Kedah ditaroskeun ka jalmi nu tiasa muka alam kahirupan, masalah anu kieu mah, Jang Acip." Ceuk mualim Oléh nalika ditanya ku Kang Acip ngeunaan karuhun-karuhunna. " Jarang jalma anu bisa kitu, da dina ayana ogé tara kumawani uka-aku."

Hasil obrolan jeung mualim Oléh nyaéta Kang Acip rék nepungan jalma-jalma, sing saha baé anu bisa nyungsi kahirupan anu geus karandapan. Geus diniatan, sakur béja lamun di hiji lembur aya jalma pinter jeung pananyaan baris didatangan. Pernah éta ogé nanya ka Bah Badri kalah diomongan, " Lain ku batur kudu nganyahokeun karuhun-karuhun urang mah, tapi ku diri sorangan. Sing daék puasa mutih, getol wiridan, jeung kudu apik dina barang dahar! " 
Hésé ari kitu mah atuh. Da jalma biasa, entong boro ngajaga kadaharan anu asup kana awak, anu puguh mah sagala digabres baé dina dahar ogé. Puasa mutih komo, Kang Acip mah apan dina bulan puasa ogé mindeng loba bocorna, rupaning alesan, capé téa, atawa poho teu dahar janari, kusabab keur gawé. Nya sabenerna mah anu diucapkeun ku Bah Badri ogé teu jauh jeung naon anu biasa diomongkeun ku jinat bapana. Yén diri urang téh kudu beresih. 


Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan XL.

Posting Komentar untuk "Carita Nyambung : Ménak Anyar (Hanca 3)"